You are on page 1of 1

LIBUR SAKOLA DI BUMI

Carita pangalaman pribadi abdi dimimitian dina liburan sakola, dina peré
sakola kamari abdi henteu angkat kamana-mana. abdi ngan ukur di bumi,
sapertos ngaso, ameng, sareng nongton tv.

Sarta abdi teu hilap ogé nyempetkeun waktos kanggo midamel hiji
karangan kanggo pancen basa sunda disakola.

Sanaos abdi liburan sakola ngan saukur dibumi, abdi henteu ngarasa
bosen, sabab abdi janten seueur waktos kanggo ngabantosan padamelan pun
indung sadidintena. Sapertos bebersih di bumi, nyapu diburuan, supados
tambih bersih, éndah, sarta merenah, pikeun saha wae anu ningalina sakumaha
keluargi abdi di bumi.

Dinten minggu abdi hudang ti énjing kéneh, ku sabab sabenerna tos lami
abdi téh hoyong pisan bebenah dibumi terutamina di kamar abdi sorangan,
soalna mun lebet sakola mah asa téh teu aya waktosna, janten abdi nyempetkeun
énjing peré sakola éta téh pikeun bébénah di kamar kusabab hoyong susana
anyar.

Enjing - énjing abdi tos mimitian beberes, ti mulai ngagentos sepré,


masang pajangan di tembok kamar, ngabersihkeun meja belajar, sareng
ngarapihan buku-bukuna, sarta seueur deui anu sanesna.

You might also like