You are on page 1of 1

Shalom

Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Gusti , dina dinten ieu


teh urang sadaya tiasa ngariung sasarengan dina acara ieu.
Hadirin anu dipikahormat,
Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna, di antarana
tiasa nguatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Gusti. Selain ti
eta bisa oge nyadarkeun urang yen sagala perkara atawa
kajadian nu aya di bumi ieu teh, tos diatur ku Gusti. Matak
ayana qada jeung qadar ieu teh bisa numbuhkeun kateguhan hate
sareng kasabaran urang, salila urang hirup di dunia.
Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup urang teh,
ngarupakeun katetepan ti Gusti. Jadi urang teh kudu tawakal, da
sagala rupina ge tos aya izin ti Gusti. Urang sadaya moal tiasa
ngahindar ti katetapan Gusti, deuk nu hade deuk nu goreng.
Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.
Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa numbuhkeun
kanikmatan ti Gusti, sareng ngadorong urang bersyukur ka Gusti
salawasna.
Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu merenah di
hate abdi nyuhunkeun dihapunten.
Haturnuhun.

You might also like