You are on page 1of 2

“KURANGNA BAK SAMPAH, WARGA MICEUN

SAMPAH KA HAWANGAN”
Salah sahiji hawangan anu aya di Dusun Sukamulya Desa Cikupa Kecamatan Darma
dipinuhan ku tumpukan sampah anu dipiceun ku warga. Hal ieu disababkeun kurangna jumlah
bak sampah anu aya di desa Cikupa. Salain ti kurangna jumlah bak sampah, numpukna sampah
ieu oge diakibatkeun ku kurangna kasadaran masyarakat anu aya disakitar hawangan sareng
masyarakat luar desa. Katingali, unggal enjing sok aya bae warga anu miceun sampah ka
hawangan, boh warga desa Cikupa atanapi desa anu sanes.

Pamarentah desa Cikupa ngupayakeun ngabangun bak sampah pikeun nanggulangan


jumlah sampah anu numpuk, tapi ieu jumlah bak sampah teh masih kurang keneh pikeun
nanggulangan jumlah sampah anu aya di desa Cikupa. Akibatna warga masih keneh gaduh
kabiasaan miceun sampah ka hawangan. Salah sahiji wargi desa Cikupa nyarios “Ieu jumlah bak
sampah anu aya di desa teh masih kurang keneh, kami masih masihan usul ka bapa kuwu
supados tiasa nuhunkeun dana ka bupati pikeung ngawangun bak sampah anu ageing tur
seueur.” Carios bapa Emup.

Gambar : Salah sahiji hawangan anu pinuh ku tumpukan sampah


Salian ti kurangna jumlah bak sampah anu aya, hal sanes anu nyebabkeun numpukna
sampah the kusabab kabiasaan masyarakat anu hoyong padu gampang bae miceun sampah, tos
jadi kabiasaan ti kapungkur masyarakat teh sok miceun sampah ka hawangan. Bapa kuwu
atanapi pamong desa oge sok nyarios unggal samemeh sholat jum’at, negeskeun yen warga
desa ulah sok miceun sampah ka hawangan. Tapi, sangkilang tos dicariosan, masih aya keneh
wae warga anu sok miceun sampah ka hawangan teh.

Para warga miharep sangkan pamarentah desa tiasa langsung ngawangun bak sampah
pikeun naggulangan ieu masalah sampah anu aya di desa. Sabab, ieu tumpukan sampah, salian
ti bauna anu teu sedep, ieu tumpukan sampah oge tiasa nyebabkeun hawangan banjir. “Tina
ieu masalah sampah teh tiasa nyebabkeun mangrupi-rupi masalah sapertos bau sampah,
banjir,jsb.”carios bapa Emup salaku warga desa Cikupa.

You might also like