You are on page 1of 2

Nitiwanci anu mustari ninggang mangsa nu utama jauh hamo urang cunduk , anggang

hamo urang dating , anggang hamo urung dating , sok sanaos keuna ku paribahasa, hayam jalak
hayam kandang , mais endog atah keneh , henteu ngajak heunteu ngondang, kadieu ge dating ku
maneh.
Simkuring ngahaja sumping ngabring sapiri umpi, dating ngembat sabalad saparakanca,
sepuhna anomna, istrina pamegetna, randana dudana, bujangna parawanna, pemuda pemudi
sareng murangkalih ka ieu tempat , ti tepis wiring lembur matuh, banjar karang pangidangan
kampung……………. Desa…………………..kecamatan…………………kabupaten………………… ka ieu
tempat.
Tapi ieu teh saur paribasa sanes ka irid ku cai pipis ka candak ku cai leuncang, istuning
nyandak maksad sinareng tujuan anu tangt. Anu parantos nyangkaruk dina qolbu . smarambah
dina bayah, sapedah asal muasalna ki besan di dieu aya selenting bawaning angin kolepat
bawaning kilat, ki bean ngagaduhan wanoja anu istuning geulis ka wanti-wanti endah kabina-
bina, ka celuk ka awon-awon, ka koncara ka jarapaya.
Anu istuning mun di teuteup ti hareup sieup di pandang ti tukang lenjang mun di tilik ti
gigir lengik, matak tibelat anu ninggal, matak pagot anu nenjo.
Paingan atuh paingan ceuk bahasa para pujagga anu ahli kana nyareka basa, saurna
teu aya raja teu aya pendeta, teu aya cacah teu aya manah, teu aya kiyai teu aya santri, mun
seng manahna, ka pentang ku panah asamara lampahna sok serba salah
Nu mawi ieu oge ki besan pun anak anu wastana jang ………………………….. katingalina the
nganyung the loba ngalamun ngahurun balung, ngadaweung ngabangbang tineung ,
nganyambang ngumbar sawangan , nginum cai meni asa tuak bari , kejo asa catang bobo , uyah
asa kesik senik, samak asa panglulub, angel asa nganjel , tungtungna tunggul di larung , catang di
rempak kararas jiga nu gupay , ngagupayan badan awaking .
Eta laku lampah pun anak anu sarupi kitu the sanes ku simkuring henteu di landongan,
kantenan bae di landongan mah. Mung teu aya pisan hasilna, paripaos ngajugjug ka dukun anu
leupas karahka meakeun kukus, ngungsi ka paraji anu sakti karahka seuri norojol ka dokter anu
kasohor karahka molotot bari olohok.
Pokona sakabeh tamba teu aya pisan anu mempan , sarebu daun henteu aya anu mapuh ,
sajuta pandita teu aya nu kawasa, pikeun ngaleungitkeun, nyerina panyakit asmara nu ngagolak
jeroning dadana.
Akhirna simkuring musyawarah sareng ulama ahli hikmah, saurna aya anu bakal niiskeun
kana pikirna, mepende kana hatena nyaeta ka hiji wanoja anu wastan………………………………………
nu aya di kampung……………………………………
Kumargi simkuring nyaah sareng deudeuh ka pun anak, dinten ieu ngahaja simkuring
ngadeuheus kadieu, mugi ki besa geusik nya nampina gancang kana narimana, margi bade
ngawujudkeun catur anu kapungkur, subaya anu tiheula, pasini anu geus pasti , kiwari hoyong
ngajadi, ayeuna hyong laksana, ayang ayang ka bale nyungcung.
Tah ayeuna tos cunduk kana waktuna, geus ninngang kana mangsana anu di tunggu-
tunggu ti poe mingu did ago dago ti poe rebo di anti anti ti kamari , di antos antos tiap waktos.
Akhirna dinten ieu simkuring dumping sapiri umpi ngaleut ngangeung ngabandaleut ,
ngembat- ngembat ngatang pinang.
Naung peryogi ku ki besan ka uninga simkuring ngaleut teu pisan bari nyandak leueuteun,
ngeungkeung teu sadayan barang tanggeuy, angkat sapara kanca ti imah henteu sadayana
barang candak, anu matak sugema kana manah, indit sapiri umpi ti bumi , teu barang kirim anu
matak sugih kana ati, mios heunteu ngagemol kana artos, ngan saukur nyandak iwung reujeung
bener bener tapianeun , paribahasa kadieu the ngan saukur nyandak irung, ranjeung beuteung
eusianeun , ankat ba’da shubuh qobla seubeuh, mudah mudahan tiasa uih ba’da dzuhur ba’da
dahar.
Ki besan simkuring teu barang candak the sanes heunteu nyaah sareng heunteu deudeuh
ka si nyai da puguh ari kanyaah ibu rama mah moal aya babandingan nana, gunung luhur maol
aya nu mampuh sagara masih keneh kurang leuga, upami di bandingkeun sareng kanyaah ibu
rama, saur paripaos maksud hati ingin memeluk gunung namun apalah daya tangan tak sampai ,
ari kahoyong mah ageing, mung kanyataan sakieu buktosna kumargi sakitu ulah kirang
ngahapunten.
Pangersa besan, simkuring kadieu teh nu kahiji seja silaturahmi, nu kadua seja jajap serta
masrahkeun pun anak anu wastana jang……………………………. Ti luhur sausap rambut ti handap
sahibas dampal , ti gigir saguling cingir ti hareup sateuteul peureup , ti tengah sa aya aya khusus
kanggo si nyai , simkuring tos teu bade ngagaduh gaduh paripaos ilang along margahina geutihna
satetes ambekanana sadami , indit peuting ilang beurang , ngaluluhna ngaleahna , nincak sirah
nyabak taktak ireng katut talingeuhna, mangga nyanggakeun.
Ieu pun anak harurung jangkung mung sakadar tangtungan , badag ngan saukur waruga,
istuning masih keneh sepi ku pangarti, suda ku pangabisaboh elmu nagara atawa elmu agama,
kumargi sakitu mugia ki besan tiasa ngalereskeun dina aya kalepatanana.
Pangersa besan maksad anu salajengna, seja masrahkeun cacandakan nu saalakadarna,
paripaos sasieureun sabeunyeureun, beas sajodo, uyah sa semplek, apu sakeprul, gabir sapasi,
lawon sajuwir, artos sapeser, mangga nyanggakeun kanggo ngadedeul anu di maksud
nyarungsung anu di seja kumargi kitu mugia di tampi di sarengan ku ka ikhlasan manah.
Barang anu di tiruk sareng di pincuk mudah mudah sing jadi pangirut kana rizki anu teu
acan datang , anu di kelek mudah mudahan sing jadi pamelet , anu di jingjing sing jadi
pamancing, anu di tanggeuy sing jadi pangdeudeul pokona sadayana pangorbanan anu parantos
di korbankeun boh harta, tanaga atanapi emutan , mudah-mudahan sing kalebet amal anu sae
aya dina panampian Allah swt.
Panutup catur, pamungkas carita, sateu acan mungkur tina ieu riungan, bubar tina ieu
acara simkuring nyuhunkeun pidoana ti sadayana khusus kanggo dua panganten muga-muga
amprok jodona tepang ieu duriatna murangkalih. Sing aya dina panyeluk Rosul pinunjul. Qudrat
ti Allah Subhanahu wataala, kengeng bagja nu utama, barokah dunia sinareng akherat.
Muga-muga sing beunghar ku harta , migi-mugi sing sugih ku harti , rengkeduh ku
elmusareng pangaweruh, mibanda iman nu kuat, boga elmu anu manfaat binarung amal anu
hebat.
Sarta kalebet kana rumah tangga sakinnah mawaddah sareng warohmah, harmonist enter
ayeum repeh rapih, gemahripah loh jinawi.

You might also like