You are on page 1of 1

1. Deskripsi, hartina ngadadarkeun atawa ngagambarkeun.

Tujuanana pikeun mere kesan


(impression) pikeun nu maca kana objek, gagasan, tempat, kajadian, jsb. Dina deskripsi
nu alus mah nu maca teh saolah – olah ningali, ngadangu, ngarasakeun, atawa milu kana
kajadian nu didadarkeun ku nu nulis.
2. Narasi, hartina nyaritakeun. Ampir sarua jeung deskripsi, tapi dina narasi mah leuwih
ngutamakeun susunan jeung biasana aya palaku nu dicaritakeun.
3. Eksposisi, tujuanana ngadadarkeun, ngajelaskeun, nepikeun informasi, ngajarkeun, jeung
nerangkeun hiji hal, tapi teu diwuwuhan pangajak ka nu dicaritakeun.
4. Argumentasi, hartina ngabuktikeun atawa nepikeun alesan. Tujuanana pikeun nepikeun
pamadegan, konsepsi, atawa opini ka nu maca dumasar kana logika. Pikeun
ngayakinekeun numaca yen nu ditepikeunana teh bener, diwuwuhan ku bukti, conto
jeung rupa – rupa alesan nu kuat.
5. Persuasi, hartina ngajakan. Eusina teh hasil ngmekarkeun argumentasi. Dimimitian ku
ngadadarkeun gagasan jeung alesan, bukti atawa conto pikeun ngayakinkeun nu
maca,tuluy diwuwuhan ku pangajak. Persuasi mah leuwih neueulkeun sasaran emosi
(rasa) nu macana, najan teu ngalepaskeun logika.

You might also like