You are on page 1of 5

KHUTBAH IEDUL FITRI 1440 H.

BIRRUL WALIDAIN (BHS. SUNDA)

Oleh KH. A. Muhammad Tohir SH

9 ‫ا اكبر‬x
‫ب حوحقاَبللل‬ ‫ْ حغاَفللر اللذمن ل‬.‫ب‬‫ْ حوأحتحلم ندموحرهد حوحجحعحل حكميحد املحكاَفللرميحن فلمي تححباَ م‬.‫ب‬‫ق حوأحمخحزىَ املحمححزا م‬ ‫ق لباَملحح ق‬ ‫ظهححر املحح ل‬ ‫ْ أح م‬.‫ب‬ ‫ي أحمنحزحل حعحلىَ حعمبلدله امللكحتاَ م‬‫املححممدد لللل الللذ م‬
‫ْ الللهدلم‬.‫ُ حوأحمشهحدد أحلن دمححلمددا حعمبددهد حوحردسمولدده‬،‫ك لحده‬ ‫ْ أحمشهحدد أحمن لح إللحهح إللل اد حومححدهد لح حشلرمي ح‬.‫ب‬ ‫ت حواملحححياَةح لليحمبلححوحناَ حوإللحميله املحمآ ح م‬ ‫ق املحممو ح‬ ‫ب حشلدميلد امللعحقاَ م‬
‫ْ حخلح ح‬.‫ب‬ ‫التلمو ل‬
‫ب اد حعلحميدكمم لممن ححقلهق‬ ‫ح‬ ‫د‬
‫ق تحقاَتلله حوقمودمموا بلحماَ أموحج ح‬ ‫د‬ ‫د‬ ‫ل‬
‫ُ التقموا اح حح ل‬،‫س‬ ‫ل‬ ‫ح‬ ‫ح‬ ‫ق‬
‫ُ أيَيحهاَ الناَ د‬:‫ُ ألماَ بحمعدد‬،‫صححاَبلله حوحسلمم تحمسللميدماَ حكثلميدرا‬ ‫ح‬ ‫ح‬
‫صقل حعلىَ حسيقلدحناَ دمححلمدد حوحعلىَ آللله حوأ م‬‫ح‬ ‫ح‬
‫ق لعحباَلدله‬ ‫ل‬ ‫و‬‫م‬ ‫د‬ ‫ق‬ ‫ح‬
‫د‬ ‫و‬
‫ح‬ .
‫أحدعمودذ لباَلل لمحن اللشمي ح‬
‫ُ بلمسلم ال اللرمحملن اللرلحيمم‬،‫طاَلن اللرلجيمم‬

َ‫ف حوحل تحمنهحمرهدحماَ حودقل للهدحماَ قحمودل حكلريدما‬ ‫ك أحلل تحمعبدددوا إللل إللياَهد حولباَملحواللحدميلن إلمححساَندااَ إللماَ يحمبلدحغلن لعنحد ح‬
‫ك امللكبححر أحححددهدحماَ أحمو لكحلهدحماَ فححل تحدقل للهدحماَ أد ف‬ ‫حوقح ح‬.
‫ضىىَ حريَب ح‬

Ma’asyirol muslimin rohimakumulloh,

Sadaya puji kagungan Alloh Subhanahu wa Ta’ala. Anu parantos nyiptakeun urang sadaya tina tulang
rusuk Bapa sareng tina rahim ibu. Abdi sadaya nyuhunkeun pangraksa tina sagala panggoda syetan,
sareng nyuhunkeun pitulung kanggo ngalaksanakeun kasaean sareng tiasa babakti kanu janten ibu rama.

Sholawat salam salamina dihaturkeun ka jungjunan urang sadaya anu mulya, nu nyandak hidayah sareng
pituduh kana jalan nu dipirido ku Alloh SWT, oge sareng sadaya keluarga sareng sohabatna, Amin.

Hadirin rohimakumulloh,

Mugi urang sadaya tiasa ningkatkeun katakwaan ka Alloh Azza Wajalla ku ngalakukeun sareng
ngamalkeun sagala piwarangna, oge tiasa komunikasi sareng sadaya ummat kalayan sae.

Jama’ah rohimakumulloh,

Peryogi ka uninga rehna ngamulyakeun ibu rama, gawe hade ka indung bapa, eta disandingkeun sareng
kawajiban ibadah ka Alloh, sakumaha dawuhna:
َ‫حوامعبدددوا اح حولحتدمشلردكوا بلله حشميدئاَ حولباَملحواللحدميلن إلمححساَدنا‬

“Aranjeun kudu ibadah ka Alloh tur ulah musyrik, oge wajib gawe hade ka indung bapa.” (An-Nisa: 36)

Carana babakti kanu janten sepuh diantawisna:

1. Cariosan nu sae kalayan nganggo tatakrama sakumaha kedahna, ulah disamikeun sareng ka
rerencangan atawa sami sareng ka nu sahandapeun, komo di anggap pagawe nu sok babantu di imah.
Kedahna tawadu’, handap asor, rengkuh, ulah sombong, adigung gede hulu, kena-kena hirup sukses
leuwih ti darajat kolot, da sepuh ge moal ngungkit-ngungkit nu geus dibikeun ka anjeun ti leuleutik, naha
ari aranjeun bet jadi teu sopan ka kolot sorangan.
2. Kedah patu, ngagugu kana naon nu dipisaur ku sepuh, da curak carek ge bakat ku nyaah kanu jadi
anak, tutah titah ge jang kamanfaatan anakna sorangan. Ulah ngalawan kana panyuhunkeun atawa
piwarangna, ngahulag, atawa komo dugika ka ngambek pedah di titah. Saur Alloh:
َ‫ف حوحل تحمنهحمرهدحماَ حودقل للهدحماَ قحمودل حكلريدما‬ ‫ك أحلل تحمعبدددوا إللل إللياَهد حولباَملحواللحدميلن إلمححساَندااَ إللماَ يحمبلدحغلن لعنحد ح‬
‫ك امللكبححر أحححددهدحماَ أحمو لكحلهدحماَ فححل تحدقل للهدحماَ أد ف‬ ‫حوقح ح‬
‫ضىىَ حريَب ح‬
“Alloh parantos mastikeun sareng ngawajibkeun kudu aribadah ka Anjeuna, jeung kudu gawe hade ka
indung bapa, utamina dimana aranjeuna dugi kana yuswa sepuh tur rarempo, duanana atanapi
salahsawiosna, poma aranjeun ulah nyarita nu goreng najan kecap “Heup” komo bari nyentak nu matak
ngaraheutkeun, tapi ucapkeun basa nu jeung kecap nu leuleuy nu raoseun kana manahna”

3. Wajib masihan nafkah, biaya sehari-hari dimana aranjeuna peryogi tur urangna boga, mahi pikeun
kabutuhan anak pamajikan. Aranjeuna mah mungkin teu langsung nyuhunkeun, tapi urang sing surti,
sing ngarti kana kaperyogian nu janten sepuh. Sakumaha kasauran Imam Taqiyyudin Al Husny dina kitab
Kifayatul Akhyar hal.557:
‫ضمل فححل‬‫صقرفدهد إللحميلهحماَ فحإ لمن للمم يحمف د‬
‫ت لعحياَللله فلمي يحمولمله حولحميلحتلله حماَ يد ح‬ ‫ب نحفحقحةد املحواللحدميلن بلدشدرمودط لممنحهاَ يححساَدر املحولحلد حواملدممولسدر لممن فح م‬
‫ضدل حعمن قدموتلله حوقدمو ل‬ ‫حوإلنلحماَ تحلج د‬
‫حشميحء حعلحميله ل للمعحساَلرله‬

Hartosna, “Wajib nafakah ka ibu rama kalayan syarat aranjeun boga, aya kacukupan, leuwih tina biaya
kahirupan sapoe sapeutingeun, tapi lamun kaayaan arajeun sempit teu aya leuwih tina kabutuh, teu jadi
dosa”.

4. Wajib babantu, mantuan kasibukan rumah tangga ibu rama, hingga aranjeuna gaduh waktu pikeun
istirahat, hawatos tos sepuh ulah disibukeun teuing dina padamelan, komo upami tos rarempo bari teu
damangan, eta nu janten putra wajib ngajagi siang wengi, utamina segi ibadahna, ngalaksanakeun sholat,
susuci, wirid-wirid nu sanesna, peryogi di bantos, peryogi di lereskeun sangkan sah tur sampurna:

‫ض لحهدحماَ حجحناَحح اليَذقل لمحن اللرمححملة حوقدمل حر ق‬


‫ب امرححممهدحماَ حكحماَ حربلحياَلني ح‬
‫صلغيدرا‬ ‫حوامخفل م‬

Alloh nandeskeun yen aranjeun kudu handap asor, hampang birit, mikanyaah kanu janten sepuh, bari
seueur ngadu’a : Ya Alloh mugi mikawelas mikanyaah ka pun biyang ka pn bapa, sakumaha aranjeuna
mikanyaah ka abdi waktu abdi leutik”.

Peupeujeuh ulah ngabujangkeun ka sepuh, mihape anak pang ngasuhkeun, mihape pang masak-keun,
mihape pang nyaitankeun popoean. Najan aranjeuna ikhlas rido, da kanyaah ka anak mah moal laas moal
leupas. Tapi tatakrama jeung kasopanan urang wajib dijaga.

Kangjeng Rosul nyaurkeun, yen kautamaan babakti kanu janten sepuh eta pahalana saluhureun jihad fi
sabillah, dawuh Rosul:

‫ُ امللجحهاَدد لفي حسلبيلل ال‬:‫ي؟ِهلل حقاَحل‬


َ‫ُ ثدلم أح ي‬:‫ْ حقاَحل‬.‫ُ ثدلم بليَر املحواللحدميلن‬:‫ي؟ِهلل حقاَحل‬
َ‫ُ ثدلم أح ي‬:‫ْ حقاَحل‬.َ‫صلحةد حعحلىَ حومقتلحها‬ َ‫ي املحعحملل أححح ي‬
‫ُ ال ل‬:‫ب إلحلىَ ال؟ِهلل حقاَحل‬ َ‫ُ أح ي‬: ‫ي‬ ‫حسأ حمل د‬
‫ت النلبل ل‬
Ibnu Mas’ud naros ka Kangjeng Rosul: Ya Rosulalloh naon amal nu pang saena?, anjeuna ngawaler:
Sholat dina waktuna”. “Ya Rosul, teras naon deui?” Anjeuna ngawaler deui: “Babakti ka indung bapa”
“lajeng naon deui” walerna: “Jihad fi sabilillah”

Janten memeh ngawaler jihad, ngawaler heula birrul walidain, sing tiasa babakti gawe hade ka ibu rama.
Sanos ageung bentena antawis sepuh ngurus putrana nu di cita-cita sing bageur, sing cageur, sing pinter,
sing sukse. Tapi anak ngurus kolotna, ngan ukur ngantosan dugika maot.
Tapi Alloh moal ngamomorekeun, moal api lain ka jalma-jalma anu bener-bener daek ngurus ka sepuhna.

5. Wajib oge masihan taushiyah, masihan pi-eling ka sepuh dimana diperyogikeun:

Dina hiji waktos Kholifah Umar bin abdil aziz turun tina mimbar lajeng mulih ka bumina langsung lebet ka
kamar, anjeuna bad istirahat sakedap sabada didamel teu liren sibuk ngalereskeun penguburan Kholifah
Sulaiman, nu digentos ku anjeuna. Nembe oge bade ngalonjorkeun sampean, ngagoler dina kasurna,
torojol putrana nu wastana Abdul Malik, yuswana 17 taun, pamuda keneh.

Saur putrana: “He Amirul Mu’minin, bade naon ngagoledag dina kasur?”

Kholifah Umar bin Abdil Aziz ngawaler: “Hey anaking, bade istirahat heula sakerejep, meni lungse kieu,
geus euweuh tanaga”.

Saur Abdul Malik: “Naha bapa bade kulem bari ra’yat nu didolim teu acan di lereskeun kazolimanana?”

Saur Kholifah:” Anaking, Bapa cape, sapeupeuting teu sare tos ngurebkeun paman anjeun dugika subuh,
ke bada sholat lohor berjamaah Bapa rek nepungan deui kabeh rahayat, in sya Alloh”

Saur putrana: “Saha nu ngajamin Bapa masih jumeneng bada duhur engke, Ya Amirol Mu’minin”.

Korejat Kholifah Umar cengkat, leungit kacape jeung katunduh, putrana di rawu dipangku digalentoran
bari pok nyarios: “Ujang kasep anak bapa, anjeun dijieun tina tulang iga Bapa, nuhun kasep geus bisa
ngingetan ka kolot mantuan ngalaksanakeun parentah Alloh, parentah Agama” diciuman bari ngalimba.

Hanjakal Abdul Malik yuswana dipundut ku Alloh dina waktos nincak 20 taun. Tapi amar ma’ruf nahyi
mungkar, anjeuna tiasa ngadugikeun sanajan ka ramana nu jadi kholifah. Sabab anjeuna yakin yen
da’wah nu utama ngadugikeun Hak bebeneran teu pilih bulu, ka ramana ge sebagai bentuk birrul
walidain, kumawula kanu janten rama, sangkan salamet dunya akherat.

6. Seueurkeun sodakoh, mere maweh ka nu butuh, ka fakir miskin jeung kadulur nu sabudeureun,
ganjaranna atanapi misla tsawabna mugi didugikeun ku Alloh kanggo ibu rama. Margi karuhun urang nu
aya di alam barzakh ngantosan pisan kiriman ti putra-putrina nu saroleh, ngantosan pisan du’a sareng
kasaean nu harirup keneh.

Ibnu Mas’ud nyaurkeun:


‫ُ نححعمم‬:‫ت حعمنهحاَ؟ِهلل حقاَحل‬ ‫ُ أحفحلححهاَ أحمجرْر إلمن تح ح‬،‫ت‬
‫صلدمق د‬ ‫صلدقح م‬ ‫ص حوأحظدنيَحهاَ لحمو تححكللحم م‬
‫ت لحتح ح‬ ‫ُ إللن أدقمي حماَتح م‬،‫ا‬
‫ت حولحمم تدمو ل‬ ‫حياَ حردسموحل ل‬
“Ya Rosul, pun biyang tos ngantunkeun kalayan teu sempet wasiat ka abdi, tapi abdi yakin anjeuna bakal
sasauran palayeun sodakoh, naha upami badi sodakoh aya ganjaran kanggo anjeuna? Waler Kangjeng
Rosul: “Enya atuh puguh we”.

Kitu deui munggah haji atanapi haji badal, ibadah umroh, oge pang mayarkeun hutang-hutangna, eta ge
sami bakal manfaat kanu tos maraot, kalayan aya dalil syar’ina.

7. Seueurkeun du’a, boh ka sepuh nu araya keneh atanapi nu tos teu aya, du’a mah manfaatna ageung
bari teu cape, teu ngaluarkeun biaya, tanaga ge teu sabaraha, asal ngucap, ngalapadkeun, maka sok sing
sering, sing seueur.

Ya Alloh pangeran abdi, mugi ngalungsurkeun rohmat sareng pangampura ka abdi sadaya, rumaos
seueur lepat, seueur dosa, ka pun biyang ka pun bapa, rumaos abdi seueur codeka, ngomong sompral,
‫‪kalakuan adigung, tangtos ngaraheutkeun manah aranjeuna. Ya Alloh mugi enggal lungsurkeun rohmat‬‬
‫‪sareng pangapunten.‬‬

‫حربلحناَ امغفلمر لححناَ حوللحواللحدميحناَ حوامرححممهدحماَ حكحماَ حربلحياَحناَ ل‬


‫صحغاَدرا‬
‫‪Ya Allah, mugi ngahapunten ka abdi sadaya sareng Ibu Rama abdi sadaya, paparin aranjeuna rohmat‬‬
‫‪sakumaha aranjeuna ngatik ngadidik abdi sadaya dina waktos alit.‬‬

‫‪Ya Alloh sehatkeun jasadna, gampilkeun rizkina, bingahkeun manahna, lebetkeun aranjeuna ka surga‬‬
‫‪gusti, tempatkeun dina patamanan surga, pinuhan ku rohmat sareng maghfiroh Gusti.‬‬
‫صمرحناَ حعحلىَ املقحمولم املحكاَفللرميحن‬
‫ت أحمقحداحمحناَ حوامن د‬
‫حربلحناَ امغفلمر لححناَ دذندموبححناَ حوإلمسحرافححناَ فلمي أحمملرحناَ حوثحبق م‬

‫‪Nun Ya Robbhapunten dosa-dosa abdi sadaya sareng sagala tindak tanduk abdi sadaya anu‬‬
‫‪kaleuleuwihan dina urusan abdi sadaya, pancegkeun pendirian abdi sadaya, sareng lungsurkeun pitulung‬‬
‫‪ka abdi sadaya tina kajahatan kaum kafirin‬‬

‫حربلحناَ آتلحناَ لفي اليَدمنحياَ حححسنحةد حولفي امللخحرلة حححسنحةد حوقلحناَ حعحذا ح‬
‫ب اللناَلر‬
‫‪Nun gusti abdi sadaya, paparin abdi sadaya kamaslahatan di dunya sareng kamaslahatan di akherat,‬‬
‫‪tangtayungan abdi sadaya tina siksa naraka. Lebetkeun kana surga gusti, tempatkeun abdi dina tempat‬‬
‫‪para Anbiya sareng para Mursalin, caketkeun ka abdi sadaya pitulung taufik kanggo ngalaksankeun sagala‬‬
‫‪piwarang gusti.‬‬

‫‪Ya Alloh ijabah du’a abdi sadayana, Amin, amin..‬‬

‫ت‪ُ،‬احملحمححيآلء لممنهدمم حومالحممحوا ل‬


‫ت‬ ‫ت حواملدممؤلمنلميحن حواملدممؤلمحناَ ل‬
‫صلغميدرا‪ ْ.‬حوللحجلمميلع املدممسلللمميحن حواملدممسللحماَ ل‬
‫ىَ حوامرححممهدحماَ حكحماَ حربلحياَنلمىَ ح‬ ‫حال ىللهدلم امغفلمرللمىَ دذندموبلمىَ حوللحواللحد ل‬
‫ت حخميدراللرالحلمميحن‪ ُ،‬حولحححموحل حولحقدلوةح اللللباَلل املحعللقي املحعلظميلم‬ ‫ب امغفلمر حوامرححمم حواحمن ح‬ ‫ت‪ ُ،‬حر ق‬‫حوحتاَبلمع بحمينححناَ حوبحمينحهدمم لباَملحخميحرا ل‬
‫ت حوالقذمكلر املححلكميلم‪ ُ،‬حوتحقحبلحل لمنقمي حولممندكمم تلحلحوتحهد إلنلهد حجحوارْد حكلرميرْم‬
‫ك اد للىَ حولحدكمم لفي املححياَ ل‬
‫‪.‬حباَحر ح‬

‫‪KHUTBAH KADUA‬‬

‫‪ x7‬ا اكبر‬
‫ق املدمبلميدن‪ ُ،‬حوأحمشهحدد أحلن‬‫ك املحح يَ‬‫ك لحهد املحملل د‬‫ظاَلللمميحن‪ ُ،‬أحمشهحدد أحمن لح إللحهح إللل اد حومححدهد لح حشلرمي ح‬
‫ب املحعاَلحلمميحن حواملحعاَقلبحةد للملدمتلقلميحن حولح دعمدحواحن إللل حعحلىَ ال ل‬
‫املححممدد للل حر ل‬
‫صححاَبلله واللتاَبللعميحن لحهدمم بلإ لمححساَدن إلحلىَ يحمولم القدميلن‪ ُ،‬أحلماَ بحمعدد‬
‫صللىَ اد حعلحميله حوحعحلىَ آللله حوأح م‬
‫ق املحلمميدن‪ ُ،‬ح‬ ‫‪ُ،‬دمححلمداد حعمبددهد حوحردسمولدهد ال ل‬
‫صاَلد د‬
‫ك ححلميرْد حملجيرْد‪ ُ،‬حوحباَلرمك حعحلىَ دمححلمدد حوحعحلىَ آلل دمححلمدد حكحماَ‬ ‫صللمي ح‬
‫ت حعحلىَ إلمبحرالهيحم حوحعحلىَ آلل إلمبحرالهيحم إلنل ح‬ ‫الللهدلم ح‬
‫صقل حعحلىَ دمححلمدد حوحعحلىَ آلل دمححلمدد حكحماَ ح‬
‫ك ححلميرْد حملجيرْد‬ ‫م‬
‫ت حعحلىَ إلمبحرالهيحم حوحعحلىَ آلل إلمبحرالهيحم لفي الحعاَلحلميحن إلنل ح‬ ‫‪.‬حباَحرمك ح‬

‫طحمئلدلناَ حوحساَئلحر‬
‫صللمح أحمححواحل املدممسللميحن لفي دكقل حمحكاَدن‪ ْ.‬الللهدلم امجحعمل هححذا املبحلححد آلمدناَ دم م‬ ‫ك حواملدممشلرلكميحن‪ ْ.‬الللهدلم أح م‬‫الللهدلم أحلعلز ا م للمسلححم حواملدممسلللمميحن حوأحلذلل القشمر ح‬
‫ك حياَ‬
‫ضاَ ح‬ ‫ل‬
‫ك حواتبححع لر ح‬ ‫ل‬
‫ك حواتحقاَ ح‬ ‫د‬ ‫ح‬ ‫ب املحعاَلحلمميحن‪ ْ.‬الللهدلم آلمناَ فلمي أموطاَنلحناَ‪ ُ،‬حوأ م‬
‫صللمح أئللمتححناَ حودولحةح أدممولرحناَ‪ ُ،‬حوامجحعمل لولحيحتححناَ فلمي حممن حخاَفح ح‬ ‫ح‬ ‫ح‬ ‫ح‬ ‫ل‬ ‫بللحلد املدممسلللمميحن حعاَلمدة‪ ُ،‬حياَ حر ل‬
‫ب املحعاَلحلمميحن‬‫‪.‬حر ل‬
‫ض حعلناَ‪ ُ،‬حالللهدلم‬
‫ت حرا د‬ ‫ب حوأحمن ح‬
‫ت أحمعحماَلححناَ حولباَللسحعاَحدلة آححجاَلححناَ حوتححوفلحناَ حياَ حر ق‬ ‫ك آححماَلححناَ حوامختلمم لباَل ل‬
‫صاَللحاَ ح ل‬ ‫صللمح أحمححوالححناَ لفي املددممولر دكلقحهاَ حوبحلقمغحناَ بلحماَ يدمر ل‬
‫ضمي ح‬ ‫حالللهدلم أح م‬
‫ضاَ إللل حشفحميتحهد‬ ‫صمودماَ‪ ُ،‬حربلحناَ حل تححدمع لححناَ حذمندباَ إللل حغفحمرتحهد حوحل هحدلماَ إللل فحلرمجتحهد حوحل حملرمي د‬ ‫امجحعمل حجممحعحناَ هححذا حجممدعاَ دمحباَحردكاَ حممردحمودماَ حوتحفحيَرقححناَ لممن دكقل حشفر حممع د‬
‫طاَللدباَ أحممدرا لممن أددممولر املحخميلر إللل حسهلملتحهد لحهد حويحلسمرتحده‪ ُ،‬حالللهدلم حوقحمد حكللحمةح املدممسلللمميحن حوامجحممع حشمملحهدمم حوامجحعملهدمم يحددا حوالححدةد حعحلىَ حممن‬
‫حوحل حميقدتاَ إللل حرلحممتحهد حوحل ح‬
‫لسحواهدمم‬
‫ك حأعحداحء القديمن‪ ُ،‬حالللهدلم امردزمقحناَ بللر حوالللدميحناَ أحمححياَدء حومأممحوادتاَ حوحجقممعحناَ بللهمم لفي حجنللة النللعميلم حياَ أحمرحححم‬
‫صلر املدممسلللمميحن حوامخدذلل املحكفححرةح حواملدممشلرلكميحن أحمعحدائح ح‬
‫حالللهدلم امن د‬
‫‪.‬اللرالحلميمن‬
‫ب املحعاَلحلميحن‬
‫صدفوحن حوحسحلرْم حعحلىَ املدممرحسلليحن حواملححممدد للل حر ق‬
‫ب امللعلزلة حعلماَ يح ل‬ ‫دسمبححاَحن حربق ح‬
‫ك حر ق‬

You might also like