You are on page 1of 1

Assalamualaikum Warrahmatulohi Wabarakattuh,

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, Tuhan Nu Esa anu mana masihan
hidayah sareng inayah-Na ka urang sadaya. Janten urang sadaya tiasa kempel di acara ieu, dina kaayaan
sehat wal afiat alhamdulilah.

Para wargi sakalian anu dipikahormat kusimkuring,

Dina waktos ieu abdi bade nerangkeun tentang tema kebersihan, nyaeta kumaha pentingna ngajaga diri
dina hidup sehat jeung manfaat ngajaga kasehatan. Nu mana urang sadaya teh kedah atau wajib
ngajaga lingkungan sekitar urang, sareng awak nyalira yen urang sadaya tiasa ngajaga kasehatan tina
sagala rupi panyakit nu aya.

Ku margi kitu urang sadaya ge kedah ningkatkeun carana pola hidup nu sehat kanggo kapayuna hirup
urang sakalian di kawitan ti ayeuna. Siga anu pernah diterangkeun dina salah sahiji hadist, ‘ Inna dhofatu
minal iman.’ Anu hartosna teh, kabersihan sabagen tina iman.’ Nu matak kudu dijaga ku urang-urang.

Sebagai urang muslim anu taat, anu gaduh kaimanan di jero hate urang tangtu urang teh kudu bersih
sareng suci tina sagala kotor atau najis anu nyebabkeun urang jadi teu suci. Allah SWT mah resep kanu
hamba anu merhatikeun jeung ngajaga kabersihan. Bersih eta teh kaasup kana raga urang, diri urang,
sareng lingkungan di sakitar urang.

Tapi kabersihan eta teh rupina macem-macem, aya nu disebut bersih hate, bersih jiwa, bersih raga,
sareng bersih rohani. Urang kedah jadi jalma anu kaasup bersih sadayana, sabab ngan bersih raga tapi
hatena teu bersih mah nya percuma. Matak ti mulai ayeuna, hayu urang ngabersihan sagala rupina,
sareng ningkatkeun pola hidup sehat kanggo urang sadayana.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, hatur nuhun.

Wassalamualaikum Warrahmatulohi Wabarakattuh,

You might also like