You are on page 1of 3

TUGAS B.

SUNDA
CARITA WAYANG

Disusun oleh :
 D
 D
 D
 D
 D
 D
 D

Kelas :
XII TIPTL 4

SMKN 6 BANDUNG
CARITA WAYANG

- Carita wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang anu dipaénkeun ku dalang.

- Carita wayang kaasup kana karya sastra wangun prosa.

- Wayang nyaéta sarupa jejelemaan anu dijieun tina kulit atawa kai, nu diibaratkeun tokoh nu
dilalakonkeun dina carita wayang.

- Carita wayang téh asalna ti India. Anu nyoko kana babon (sumber) kitab Mahabarata jeung Ramayana.

- Carita Mahabarata dianggit/ditulis ku Wiyasa. Dina carita Mahabarata nu nyekel kaadilan téh Pandawa,
sedengkeun anu murka nyaéta Kurawa.

- Carita Ramayana dianggit ku Walmiki. Dina carita Ramayana nu nyekel kaadilanna Batara Rama,
sedengkeun anu murkana Prabu Rahwana atawa Dasamuka.

- Ngawayang hartina magelarkeun atawa ngalalakonkeun carita wayang sarta dipirig/ diiringi ku
gamelan.

- Dina carita wayang aya istilah kakawén, murwa, nyandra, suluk, garap, jeung antawacana:

- Kakawén asalna tina kecap kakawian nyaéta lagu dina basa Kawi nu sok dihaleuangkeun ku dalang.

- Murwa nyaéta dalang ngamimitian ngawayang.

- Nyandra nyaéta nataan wayang nu keur dipaénkeun.

- Garap nyaéta cara ngigel atawa merangkeun wayang.

- Antawacana nyaéta caritaan dalang.

- Suluk nyaéta ngagambarkeun hiji hal ku cara dihaleuangkeun/ dinyanyikeun ku dalang.


Pandawa Mangkat
Yudistira naék gunung Himalaya minangka lalampahan pamungkasna. Sanggeus mangsa wiwitan Kali
Yuga sarta maotna Kresna, Yudistira sadulur léngsér nurunkeun tahta karajaan ka hiji-hijina turunan
maranéhanana anu salamet dina perang rongkah di Kurusetra, Parikesit, incuna Arjuna. Kalawan
ninggalkeun sagala hal kadunyaan, para Pandawa ngalakonan lalampahan pamungkas maranéhanana ku
cara ziarah ka Himalaya.

Waktu naék ka punclut, Drupadi jeung Pandawa sadulur hiji-hiji – pupus, kasered ku kasalahan sarta
dosa maranéhanana anu saéstuna. Tapi Yudistira sanggup ngahontal punclut gunung, alatan manéhna
henteu cacad ku dosa sarta kabohongan.

Watek Yudistira anu saéstuna mecenghul waktu ahir Mahabarata. Di luhur punclut gunung, batara Indra
datang pikeun mawa Yudistira ka Sawarga jeung karéta kancananna. Waktu Yudistira ngaléngkah
ngadeukeutan karéta, sang Indra ngajurungna ambéh ninggalkeun anjing anu jadi batur lalampahanana,
alatan mahluk nu teu suci henteu meunang asup ka sawarga. Yudistira mundur ka tukang, nampik
pikeun ninggalkeun mahluk anu salila ieu ditangtayunganana. Indra jadi héran – "Manéh sanggup
ninggalkeun dulu sarta henteu ngabeuleum layon maranéhanana...tapi manéh nampik pikeun
ninggalkeun anjing anu teu nyaho jalan!". Yudistira némbalan, "Druadi jeung dulur-dulur kuring geus
ninggalkeun kuring, lain kuring nu ninggalkeun maranéhanana." Dina waktu éta kénéh si anjing robah
wujud jadi Batara Darma, bapana, anu keur nguji dirina.

Yudistira dibawa indit ku karéta Indra. Dina waktu ngahontal sawarga manéhna henteu manggihan
dulur-dulurna anu soléh atawa pamajikanana, Drupadi. Tapi manéhna nempo Duryodana katut baladna
anu jahat. Sang Batara ngabéjaan yén barayana keur aya di naraka pikeun nebus dosa leutik
maranéhanana, samentara Duryodana aya di surga saprak manéhna gugur di pakalangan anu
diberkahan, Kurukshetra.

Yudistira kalawan ihlas indit ka naraka pikeun nepungan barayana, tapi tetempoan sarta sora anu
ngarautan haté jeung getih kentel ngajadikeun manéhna sieun. Waktu tergoda pikeun kabur, manéhna
ngawasa diri sarta hawar-hawar ngadéngé sora Drupadi jeung barayana nu dipikacinta...nyambat dirina,
ngajurungna pikeun cicing di sagédéngeun maranéhanana dina kasangsaraan. Yudistira mutuskeun
pikeun cicing di naraka, sarta ngajurung sangkan kusir karétana balik ka sawarga...sabab manéhna milih
pikeun cicing di naraka bareng jeung jalma-jalma hadé batan hirup di sawarga jeung jelema jahat. Dina
waktu éta tetempoan robah. Saterusna Indra ngomong yén Yudistira keur diuji deui, sarta sabenerna
dulur-dulurna geus aya di sawarga. Sanggeus nampa kanyataan kasebut, Yudistira ngalaan warugana
sarta nampa sawarga.

You might also like