You are on page 1of 5

PEMERINTAH KABUPATEN PURWAKARTA

DINAS PENDIDIKAN
GUGUS V

PENILAIAN TENGAH SEMESTER


Tahun Pelajaran 2018/2019

Mata Pelajaran : Basa Sunda Waktu :


Kelas/Semester : 5 /1 Nama :
Hari/Tanggal : No Absen :

Pek baca wacana dihandap ieu !


Kaulinan cingciripit atawa sok aya oge anu nyebut dingding kiripit. Ieu kaulinan teh
basajan pisan. Cukup ku tiluan atawa opatan tur carana gampang. Salah saurang namprakeun
leungeun, ari nu sejenna neundeun curuk kana dampal leungeun nu ditamprakeun tea.
Sanggeus kitu, nu namprakeun leungeun teh bari ngawih kieu.
Cingciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare seuseukeutna
Jol pa dalang
Mawa wayang jek- jek nong….
Waktu ngucapkeun ”jek-jek nong“, dampal leungeun nu namprak tuluy
dikeupeulkeun. Ari tujuanana pikeun nyapit curuk tea. Saha-saha nu kacapit curukna, jadi
ucing. Anu jadi ucingna kudu namprakeun dampal leungeun bari kakawihan “cingciripit”.

I. Jawab pananya di handap ieu kujawaban nu bener!


1. Ngayakeun kaulinan naon barudak teh?
2. Kaulinan cingciripit disebut oge kaulinan naon?
3. Sakurang- kurangna sabaraha urang kaulinan cingciripit teh?
4. Nyaritakeun naon eusi kakawihan cingciripit teh?
5. Keur naon gunana namprakkeun leungeun dina kaulinan cingciripit?
II. Cakra (x) huruf a, b, c, atawa d dina jawaban nu bener!
6. Kaulinan anu dibarengan ku kakawihan di antarana nyaeta, … .
a. Anjang- anjangan c.. Oray- orayan
b. Ucing sumput d. Sorodot gaplok

7.

Naon ngaran kaulinan barudak anu aya dina gambar di luhur!


a. Encrak b. Congklak c. Sonlah d. Gatrik

8. Di handap ieu conto kecap anu make rarangken di + keun , nyaeta … .


a. diawurkeun b. dieusian c. dirawu d. dicokotan

9. Kaulinan barudak nu dijieun tina awi, anu dipake supaya bisa nangtung dina
taneuh jeung merlukeun kasaimbangan awak urang, nyaeta ... .
a. c.

b. d

10. Sakumna murid leuwih ... . di ajar


Kecap anu merenah pikeun ngeusian titik- titik di luhur, nyaeta … .
a. soson -soson c. anteng- anteng
b. jongjon- jongjon d. lila-lila

11. Murid kelas lima kudu diajar ngabagi waktu kalayan merenah sangkan henteu
jadi ... . di kelas genep
a. kabiasaan b. kasalahan c. kasusah d. bangbaluh
12. Salian ti ngadu’a ka Gusti nu Maha Suci, manusa wajib ... .
a. ihtiar b. diajar c. babanda d. sosobatan

13. Lamun di sakoala teu diajar, kudu ngarasa rugi, sabab sarua jeung micenan . ....
a. waktu b. duit c. batur d. buku

14. Di kelas lima kudu dibiasakeun getol diajar. Kecap sifat anu aya dina eta kalimah
nyaeta ... .
a. kelas b. kudu c. getol d. Ajar

15. Bapana Danu jadi pupuhu RT Rukun Tetangga.


Tanda baca nu merenah pikeun ngalengkapan kalimah di luhur nyaeta ... . nu
ngapit kecap Rukun Tetangga.
a. tanda kurung c. tanda titik dua
b. tanda Tanya d. tanda penyeluk

III. Jawab pananya di handap ieu!

16. Tuliskeun tilu conto kaulinan barudak nu aya ditatar sunda!

17. Jieun kalimah make kecap “dipake”!

18. Tulis kakawihan aray-orayan anu jadi kaulinan barudak!

19. Naon sababna kaulinan oray-orayan kudu luar-leor?

20. Tulis make aksara sunda!


Kalimah “Purwakarta Istimewa”
Konci Jawaban
I. 1. Cingciripit
2. dingding kiripit
3. 3 urang
4. nyaritakeun saha nu kudu jadi ucing
5. Keur tempat nunjukkeun jeung nyimpen curuk
II. 6. c 11. a
7. b 12. a
8. a 13. a
9. d 14. c
10. a 15. a

III. 16. Congklak, engrang, oray-orayan, songglah, galah, cingciripit


17. Kebijakan guru
18. Kakawihan oray-orayan:
Oray-orayan
Luar leor ka sawah
Entong kasawah
Parena keur sedeng beukah
Oray-orayan
Luar leor ka kebon
Entong ka kebon
Di kebon loba nu ngangon
Mending ka leuwi
Di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi?
Anu mandina pandeuri
19. Lantaran niru-niru oray
20.
PENSKORAN
I. Jumlah jawaban benar x1= 5
II. Jumlah jawaban benar x 1 = 10
III. Jumlah jawab benar x 3 = 30

I + II + III
3

You might also like