You are on page 1of 3

Assalamu’alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh

Alhamdulillah wa syukrulillah wa sholatu wa sallamu ‘ala rasulillah sayyidina wamaulana Muhammadin


wa ‘ala alihi wa shahbihi wa mawwalah, amma ba’dah.

Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka dzat Illahi Robbi Alloh SWT, kumargi ku kersaning mantena
urang ayeuna tiasa kempel di ieu wewengkon kalayan aya dina rohmat salamet sadayana.

Salam miwah sholawat mugia salawasna dipaparinkeun ka jungjunan urang sadaya. Ka Habibana
Nabiyana Muhammad SAW, kasadaya kulawargina, ka para sahabatna, kasadayana Tabi’in ogé Tabi’ut
tabi’ina, kasadayana anu sami tumut manut kana ajarana. Kalayan mugia urang sadaya kénging syafaatna
engké di yaumil ahir, Amin ya robbal ‘alamin.

Haturan wilujeng sumping kasadayana Ibu ibu, Bapa bapa, nonoman istri sinareng pameget ogé ka
sepuhna ti rombongan calon pangantén pameget, anu ku simkuring dihormat pisan. Teu hilap ka
sepuhna calon pangantén Istri, ka sadayana kulawargina ogé sesepuhna anu sami dipihormat.

Simkuring salaku panata calaraga dina ieu kasempetan baris ngadugikeun naon rupi acara anu parantos
dibadantenkeun sateuacana, nyaéta:

Lajengkeun deui conto biantarana

Anu kahiji mangrupi bubuka anu sakantenan ku simkuring ayeuna nuju didugikeun

Anu kadua Maos ayat suci Al Qur’an

Anu baris didugikeun ku pangersa Ibu/Bapa/ Ustadz… (Sebutkan nama orangnya)

Anu ka tilu mangrupi nyérénkeun ti wakil atanapi sesepuh calon pangantén Pameget

Anu baris didugikeun ku pangersa Ibu/Bapa/Ustadz… (Sebutkan nama orangnya)

Acara ka opat panampian ti wakil atanapi sesepuh calon pangantén Istri

Anu baris didugikeun ku pangersa Ibu/Bapa/Ustadz… (Sebutkan nama orangnya)


Ka lima acara Simbolis

Anu badé didugikeun ku wakil atanapi Ibu Ramana calon pangantén pameget, sakantenan langsung
ditampi ku wakil atanapi Ibu Ramana calon pangantén Istri

Ka genep mangrupi acara anu utami Akad Nikah/Ijab Kobul

Anu badé dipingpin ku patugas ti Kantor Urusan Agama (KUA)

Anu salajengna acara pamungkas dina ieu acara sérén tampi, mangrupi Du’a anu baris didugikeun ku
simkuring sakantenan nutup acara.

Hadirin anu sami lenggah dina ieu acara, hayu urang sami ngamangpaatkeun waktos. Acara urang
kawitan ku Maos ayat suci Al Qur’an. Ka pangersa Ibu/Bapa/Ustadz…(Sebutkan nama) mangga
dihaturanan.

Setelah selesai pembacan ayat suci Al qur'an

Hatur nuhun ka pangersa Ibu/Bapa/Ustadz...(Sebut namanya), anu nembé réngsé ngadugikeun maos
ayat suci Al Qur'an. Mugia rohmah sinareng barokahnya dipaparinkeun ka anjeuna anu maosna, hususna
ka dua calon pangantén, umumna kanggo urang sadaya, Amin ya robbal 'alamin.

Sampai pada acara pokok Walimatun Nikah

Sebelum acara akad nikah dimulai MC/Pembawa Acara harus sudah mengetahui dari hasil perundingan
kedua belah pihak. Apakah calon pengantin Istri akan diikut sertakan dalam acara ijab kobul atau tidak.
Tergantung hasil musyawarah antara keluarga kedua calon pengantin

Lajengkeun deui conto biantarana

Alhamdulillah ayeuna nincak kana acara anu utama Ijab Kobul Akad Nikah. Namung sateuacana acara
dilajengkeun, simkuring umajak ka sadayana anu hadir. Urang sami nyakséni kalayan panyuhun
pangrojong du'a, mugia sagala rupina aya dina lungsur langsar.
Mangga ka calon pangantén pameget ogé ramana calon pangantén Istri dihaturanan linggih di tempat
anu parantos disayogikeun, ka para saksi ti kadua beulah pihak supados tatan tatan, ka kaméramén
photo sareng vidéo mangga milari tempat anu merenah kanggo ngadokumentasikeun ieu acara.

Ka parawargi sadaya hayu urang sami nyakséni lumangsungna ieu acara, namung hapunten anu kasuhun
ka wargi anu kagungan murangkalih supados ditertibkeun, ogé saéna hapé dipareuman atanapi
dijemplingkeun (Silence).

Hiji deui anu kalintang pentingna, sabadana Ijab Kobul Akad Nikah panyuhun ulah kaleprok DA SANÉS
JAPATI dikeprokan. (Mangga heureuy mung ulah nyéépkeun waktos :D)

Langkung payus kedal lisan ku du'a sakedikna Alhamdulillah Barokalloh.

Baarakallaahu laka, wa baaraka 'alaika, wa jama'a baynakumaa fii khair.

You might also like