You are on page 1of 2

Para hadirin didang jum ah anu mulya,Ittaqillah!!!

Saparantosna urang manjatkeun puji sinareng syukur kagusti Alloh SWT,sholawat sareng salam mugia
tetep dilimpah curahkeun ka junjungan kanjeng nabi Muhammad SAW,kapara kulawarga
shohabat,tabiin tatabiin,sareng malah mandar tiasa dugi ka urang sadayana salaku umatna anu turut
mitutur ajaran mantena anu ngantos sareng ngarep kenging syafaatul uzma kin diyaumil kiamah. Aamiin
ya robbal aalamin

Hadirin sidang jum ah rohimakumulloh,Ittaqillah!!!

Salajengna khotib umajak kapara hadirin anu mulya wabil khusus kadiri pribadi khotib,manga urang sami
sami taraqwa kagusti Alloh SWT anu sa estuna

Para hadirin anu sami sami milari ridho Alloh.Ittaqillah!!!

Rupina jum ah ayeuna teh jum ah panungtungan anu aya dina taun 2018 masehi. Pastina seueur pisan
kenangan,boh anu suka atanapi duka anu pada akhirnamah mudah mudahan urang sadayana tiasa
metik hikmah tina sanes kara anu tos tumiba

Urang ulah petot petot ngadu’a kagusti Alloh SWT supaya urang sadayana kalebet jalmi jalmi anu teu
rugi komo cilaka sareng mudah mudahan urang sadayana senantiasa aya tina kabaruntungan

Sakumaha diunggelkeun tina salah sahiji hadits:

“sing saha jalma anu poe ayeuna,leuwih hade tibatan poe kamari maka anjeuna untung, sareng sing
saha jalmi anu poe ayeun sami sareng poe sateuacana maka anjeuna tos rugi, sareng singsaha jalmi anu
poe ayeuna leuwih goreng tibatan poe kamari maka anjeuna kagolong ka jalmi anu cilaka”

Mudah mudahan urang sadayana kalebet jalmi jalmi anu beruntung ,aamiin yarobbal alamin

Di ujung taun ieu sumangga urang eusian ku tafakur,ngetung diri ngijir awak geusan bekel pangalaman
hirup kapayun

Manga urang jadikeun hate urang sapertos kaca sahingga ulah dugi ka retak

Jadikeu akal sareng fikiran urang lir ibarat cai kumargi kitu mangka hade ulah dugika saat

Iman saperti lebu ulah dugika leungit kabawa angin

Duduluran sapertos tali ulah dugika putus

Hadirin rohimakumulloh,Ittaqillah!!!

Dina kasempetan ieu oge manga urang du akeun saderek saderek urang anu nuju katimpa
musibah,mudah mudahan dipasihan katabahan sareng kasabaran
Margi buah tina kasabaran teh nya eta toat,toat kagusti Alloh swt. sareng jalmi jalmi anu sabar eta teh
Insyaa Alloh aya disagigireun Alloh SWT

Innalloha Ma ‘ashoobirin : saestuna Allah Beserta Jalmi jalmi anu salalabar

You might also like