You are on page 1of 6

BAB 1

BUBUKA

A.Kasang Tukang

Pakasaban atawa patukangan nyaéta pagawéan anu dilakonan


ku manusa pikeun nyumponan pangabutuh kahirupan sapopoé. Mayoritas
pakasaban masarakat Sunda nyaéta minangka patani, nambang keusik, sarta
ngahuma. Nepi ka abad ka-19, loba masarakat Sunda anu ngahuma ku cara
pundah-pindah. Di kota mah, loba urang Sunda anu gawéna jadi buruh pabrik,
pagawé nagari. Anu sok dagang kuriling loba ogé dilakonan ku
masarakat Sunda, utamana asal Tasikmalaya sarta Garut.

B.Tujuan

Tujuan dijieunnna ieu makalah teh pikeun :


1. Sangkan terang naon eta pakasaban
2. Sangkan terang naon wae pakasaban urang sunda asli
3. Sangkan terang pakasaban anu aya di Tasikmalaya
4. Sangkan terang asal muasal eta pakasaban urang sunda
5. Sangkan terang asal muasal pakasaban tukang kiridit di Tasikmalaya

1
BAB II

EUSI

A. Pakasaban Urang Sunda

Anu kacutat dina literatur Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian dina bagéan X nya éta:

Deung maka ilik-ilik dina turutaneun: mantri gusti kaasa-asa, bayangkara nu marek,
pangalasan, juru lukis, pande dang, pande mas, pande gelang, pande wesi, guru wida(ng).
medu, wayang, kumbang gending, tapukan, banyolan, pahuma, panyadap, panyawah,
panyapu, bela mati, juru moha, barat katiga, pajurit, pamanah, pam(a)rahg, pangurang dasa
calagara, rare angon, pacelengan, pakotokan, palika, preteuleum, sing sawatek guna, Aya
ma satya di guna di kahulunan. Éta kehna turutaneun kena éta ngawakan tapa di nagara.
Saupama dihartikeun mah sapertos kieu: Sarta perhatoskeun aranjeuna nu bisa diturutan:
mantri, gusti anu kasohor, bayangkara, tukang leuleuweungan, juru lukis, tukang mas,
tukang geulang, panday, ahli kulit, dalang wayang, tukang gamelan, tukang sandiwara,
tukang ngalawak, pahuma, panyadap, panyawah, panyapu, bela mati, juru moha, barat
katiga, prajurit, prajurit panah, aparat dasa, palika jeung sagala macem pakasaban.
Sadayana sati ka pancen pikeun raja, éta sadayana kedah diturutan sabab aranjeuna
ngalakukeun tapa dina nagara.
Jadi, dina Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian dina bagéan X, tos kauninga aya
sababaraha pakasaban dina struktur kamasarakatan dina jaman Karajaan Pajajaran masih
ngadeg. Perenahna, numutkeun buku Sajarah Jawa Barat ku Bapa Drs. Yoseph Iskandar, yen
di zaman Batu Muda, masarakat tos wanoh kana ngahuma, dina zaman Karajaan
Salakanagara, pakasabana nambah nya éta, moro di alas, niaga, jadi pamayang di laut jeung
walungan, ngangon sato, melak bubuahan, ngahuma jeung sajabana.

B. Teknik Pakasaban Asli Urang Sunda

Ngahuma, mangrupa hiji pakasaban nu tos aya di urang Sunda ti abad – abad mimiti.
Ngahuma urang Sunda, ayeuna masih bisa ditingali teknikna dina kahirupan jeung sistim
pakasaban masarakat Kanekes Dalam atawa wewengkon Tangtu. Sistim nu dipaké nya éta
huma. Iwal ti ngahuma, numutkeun buku Kabudayaan Sunda ku Edi S. Ekadjati masarakat
Kanekes puseur kahirupan aranjeuna nya éta ti usaha nyadap kawung atawa lahang, néangan
madu, moro di alas, ngala lauk di walungan, melak tatangkalan heuras pikeun diala buahna
saperti cau, kadu, peuteuy, kalapa, rambutan, jeung sajabana. Iwal ti éta, aranjeuna ogé aya
nu jadi panday. Upama wanojana biasana ninun.
Dina kahirupan masarakat Sunda baheula jeung masarakat Kanekes ayeuna, taneuh
miboga status lain hak milik pribadi namung titipan ti Gusti Nu Maha Agung. Aranjeuna
ngan saukur miara jeung ngajaga sarta ngamangpaatkeun sawates pikeun minuhan kabutuhan
hirup aranjeuna.

Dina prak – prakan ngahuma, hiji lahan dibéré waktu sataun atawa sakali panén. Teras
ditaun salajeungna, kudu pindah lahan huma. Tangtu waé maksad umumna mah pikeun
ngajaga kasuburan taneuh. Biasana taneuh nu nembé pisan dipaké, disebutna jami pikeun

2
lahan nu tos lami teu dipaké jeung seueur jukut nu minuhan éta lahan, lahan éta disebutna
reuma. Parantos kauninga panginten saupama harti reuma mah. Upama jami mah nya éta
sawah atawa huma anu enggeus dibuat kalawan imeut ngan tinggal rajegna jarami.
Dina adat Kanekes, numutkeun fungsi, lokasi, jeung tingkatan adatna, aya lima jenis
huma. Nya éta: (1) huma serang, (2) huma puun, (3) huma Tangtu, (4) huma tuladan, jeung
(5) huma Panamping. Huma serang nya éta huma anu lokasina di wewengkon Tangtu jeung
hasil paréna husus pikeun upacara – upacara kapuunan. Huma puun nya éta lahan huma anu
lokasina di wewengkon Tangtu, pikeun garapan puun, jeung mangrupa jaminan hirup puun
sarta kulawargana salami miboga kalungguhan éta. Huma Tangtu nya éta huma di
wewengkon Tangtu pikeun garapan masarakat wewengkon Tangtu (Kanekes Dalam). Huma
tuladan nya éta lahan huma pikeun upacara di wewengkon Panamping anu ayana di
wewengkon Panamping. Huma Panamping nya éta lahan huma lokasina di wewengkon
Panamping jeung pikeun garapan masarakat Panamping.
Ditingali tina gawéna, proses ngagarap huma éta ngaliwatan 12 tahap, nya éta:
1) Narawas (ngarintis)
Narawas hartina nya éta neangan atawa milih lahan pikeun dijadikeun huma.
2) Nyacar (ngabersihan leuweung)
Nyacar hartina ngabukbak jukut atawa leuweung.
3) Nukuh (ngagaringkeun)
Nukuh hartina ngagaringkeun jukut sarta hasil bukbakanana.
4) Ngaduruk
Ngaduruk nya éta kagiatan ngaduruk runtah anu geus dikumpulkeun dina kagiatan nukuh.
5) Nyoo Binih
Nyoo binih nya éta kagiatan nyiapkeun binih nu dilakukeun sapoe sateuacan melak atawa
ngaseuk. Kagiatan eta dimimitian ku nurunkeun binih paré ti leuit, dilakukeun ku awewe.
Palaku kudu maké selendang bodas, beubeur bodas, jeung buuk disanggul, jeung
ngalakukeun kagiatan eta dina suasana jempling jeung khidmat, tampa ngawangkong, jeung
ku mapatkeun mantra nu tangtu.
6) Ngaseuk
Ngaseuk, hartina nyieun liang leutik ngagunakeun aseukan pikeun melak binih paré. Ngaseuk
sok dipigawé ku lalaki, sedengkeun ngasupkeun binih paré kana liang aseukan dipigawé ku
awéwé.
7) Ngirab sawan (miceun sampah)
Ngirab sawan, nya éta mérésihan urut runtah pangpung jeung daun atawa pepelakan séjén
anu ngaganggu pepelakan paré anu keur jadi.
8) Mipit
Mipit mangrupa kagiatan munggaran metik atawa ngala paré. Tilu bulan nalika panén éta sok
disebut ogé bulan kawalu. Panalungtikan ieu dipigawé dina bulan kawalu tengah.
9) Ngored
Ngored nya éta digawé kalayan ngagunakeun koréd, anu tujuanana pikeun mérésihan huma
tina jujukutan sarta pikeun ngagemburkeun taneuh di sabudeureun paré supaya akarna
tambah loba jeung babari nyerep kadaharan nepi ka paré jadi subur.
10) Dibuat
Dibuat, nya éta ngala paré atawa motong paré (panén).
11) Ngunjal
Ngunjal hartina ngangkut hasil panén ti huma ka leuit.
12) Nganyaran
Kagiatan upacara ngadahar atawa nyobaan sangu anyar, atawa sangu hasil dibuat di huma
serang.

3
C. Masarakat Huma jeung Masarakat Basisir

Geomorfologi Tatar Sunda nu ngalantarankeun pakasaban nu biasa di talungtik ku


para ahli téh ngan saukur ngahuma jeung ngahuma. Sedengkeun masarakat Sunda téh teu
ngan saukur pahuma hungkul. Tatapi aya pamayang, palika jeung pakasaban séjén nu
konséntrasina di wewengkon basisir. Wewengkon basisir miboga harti strategis kusabab
mangrupa wewengkon antara ekosistem darat jeung laut, jeung miboga potensi sumber daya
alam sarta jasa – jasa wewengkon nu kacida beungharna. Ragemna potensi sumber daya alam
éta, ngamunculkeun daya irut sababaraha pihak pikeun ngamangpaatkeun sumber daya alam
sarta sababaraha instansi pikeun ngaregulasi pamangpaatanana. Mung, teu bisa disingkahan
nepi ka ayeuna kahirupan masarakat basisir masih jauh katinggaleun ti kahirupan kota, ogé
jauh pisan katinggaleunna ti wewengkon alas. Loba masarakat basisir, hususna pamayang
anu hirup dihandap gurat kamiskinan. Hal ieu lantaran lobana ti ngala lauk hungkul salaku
upah atawa pakasaban utamana.
Jadi upama ditingali, bebédana pakasaban antara masarakat huma jeung masarakat
basisir kusabab geomorfologisna. Nalika masarakat Sunda nu aya di luhur pasir atawa
gunung, otomatis pakasabanana moal jauh ti ngahuma. Jaman baheula pakasaban urang
Sunda nu di dataran luhur, ngan ngahuma hungkul. Kusabab pangaruh ti Mataram, masarakat
Sunda mimiti wanoh ka nyawah. Tah upama nu di basisir mah, kusabab unsur taneuhna
keusik jadi kasuburan taneuhna teu pati méré kauntungan nu leuwih loba ka masarakat.
Otomatis, masarakat basisir mah rata – rata pakasabanana nya éta jadi pamayang atawa
palika. Bisa ogé pakasabana nyadap kalapa terus ngamangpaatkeun alas mangrove atawa alas
bako.

D.Pakasaban Masarakat Sunda Kiwari

Pakasaban masarakat Sunda kiwari geus leuwih euyeub sabab geus kapangaruhan ku
budaya luar sarta kamajuan téhnologi. Pakasabanana bisa dikelompokkeun dumasar
wewengkon cicingna masarakat Sunda, nya éta masarakat padésaan jeung masarakat dayeuh.
Masarakat nu cicing di désa masih loba anu ngandelkeun tatanen pikeun nyumponan
kabutuhan hirupna. Salian ti nyawah, nu ngahuma ogé masih kénéh aya sok sanajan
komunitas pahuma téh beuki saeutik. Nu ngabédakeun antara masarakat panyawah baheula
jeung ayeuna téh nya éta dina cara ngolah taneuhna anu kiwari mah saeutik lobana geus
ngamangpaatkeun kamajuan téhnologi. Mun baheula patani ngagunakeun garu jeung wuluku
pikeun ngolah sawahna, ayeuna mah patani geus ngagunakeun traktor. Lian ti éta pikeun
ngarumat jeung ngagemuk paréna,mun baheula mah patani ngagunakeun gemuk kompos
kiwari mah gemuk nu digunakeun ku patani téh gemuk kimia jeung pestisida pikeun ngusir
hamana. Padahal mun dijujut dumasar mangpaatna sarta pangaruh kana taneuhna, tangtuna
gemuk alam téh leuwih alus dari pada gemuk kimia nu kiwari loba dipaké ku patani. Salian ti
traktor, aya ogé rontogan pikeun ngalaan paré anu geus diarit tina tangkalna.
Kiwari mah anu jadi prioritas masarakat Sunda di désa téh lain ngan saukur nyawah
jeung ngahuma tapi geus loba pakasaban séjén anu jadi inceranana, utamana mah loba kolot
nu miharep para putrana jadi pagawé negeri atawa pangusaha suksés. Hal éta téh ogé
mangrupa pangaruh tina geus majuna dunya atikan anu katarima ku urang Sunda sorangan.
Malah loba para putrana anu jadi masarakat urban di dayeuh.
Anapon pakasaban masarakat Sunda nu di dayeuh geus leuwih loba macemna
(heterogén) sarta geus leuwih ngajurus (terspesialisasi). Kusabab pangwangunan di dayeuh

4
leuwih maju saupama dibandingkeun jeung pangwangunan di désa, jadi lahan pikeun tatanen
di dayeuh mah geus heureut pisan. Di kota-kota gedé saperti Bandung misalna, geus langka
pisan kapanggih lahan-lahan pikeun nyawah atawa ngebon, komo deui pikeun ngahuma mah.

E.Pakasaban Urang Tasikmalaya

Tukang kredit saleresna kasohor kalawan jalmi tasik. Tukang kredit,asalna ti dua
kecap,tukang sarta kredit. Kecap tukang ngagambarkeun hiji profesi,sedengkeun kredit
nyaeta hiji aktifitas. Tukang kredit nyaeta jalmi anu digawe kalawan aktifitas kredit.
Kredit asalna ti nalika Latin “credere” hartina percanten. Margi eta kredit dina hartos
lega nyaeta kapercayaan. Maksad ti percanten di dieu,nyaeta kitu kaayaanana kapercayaan ti
si nu mere kredit nyaeta ka si panarima kredit yen kredit anu disalurkeun na tangtos bade
dipulangkeun luyu kalawan jangji-pasini. Sedengkeun kanggo si panarima kredit mangrupa
penerimaan kapercayaan ku kituna ngagaduhan kawajiban kanggo mayar luyu kalawan
jangka wanci. Kagiatan tukang kiridit tasik atos lumangsung saprak warsih 70-an dugi
ayeuna. Para Tukang kredit menyebar di sababaraha dayeuh ageung di Indonesia . Kagiatan
maranehanana has pisan,mikeun kredit barang hususna dina anu miskin,sasaran
maranehanana nyaeta para indung-indung laki-rabi. Barang anu dikreditkeun oge biasana
ketel , panci,termos,payung,sumawonten kompor sarta sajabana. Teu aneh lamun
maranehanana (tukang kredit)nguriling ,sapedah na bade caos kalawan rupi-rupi rupi barang.
Tukang kredit kabagi barobah kaayaan dua,yaktos tukang kredit lalaki sarta tukang
kredit awewe. Tukang kredit lalaki biasana mios ka dayeuh merantau barobah kaayaan
tukang kredit,sedengkeun tukang kredit awewe aya di desa-desa. aktifitas maranehanana
sami,nawarkeun kredit barang kalawan sistem kapercayaan,sarta sistem pembayarananya
henteu rumit,tiasa poean,mingguan,atawa sasihan.
Para tukang kiridit tasik biasana maranehanana hiji kulawargi ageung. Tukang kiridit
anu junun manehna bade ngabantun wargi na ka dayeuh saterusna dilatih barobah kaayaan
tukang kredit,sistem latihan na oge henteu rumit,biasana gondeng tiheula,ngiring mikawanoh
medan,kumaha cara berkomunikasi kalawan sasaran(konsumen),nitetan kreditur kanggo
meyakinkeun yen antos manehna moal sesah ditagih,mikawanoh medan,mikawanoh toko-
toko anu ngical barang mirah nanging kualitasna sae anu bade dijadikeun mitra. Tukang
kredit anyar biasana dikenalkeun kanggo ngabogaan daweung ulet,sabar dina nyanghareupan
konsumen,kersaan sarta kapinteran ngetang.
Ayana tukang kredit kanggo maranehanana anu miskin diperlukeun pisan,margi cekap
terbantu maranehanana dina pemenuhan barang-barang laki-rabi. Deudeuh,sairing kalawan
pergeseran jaman para tukang kredit mimiti terpinggirkan,padahal potensi sarta ayana sae
pisan. Ayana tukang kredit sakapeung ditingali minangka rentenir anu malipatgandakeun
artos,padahal sistem kredit tukang kiridit dumasar kapercayaan sarta persetujuan.
Kelipatannya oge henteu ageung teuing,sarta objeknya sanes artos,nanging objek anu
ditawarkeun na nyaeta barang.

5
BAB III

PANUTUP

A.Kacindekan
Pakasaban urang sunda asli teh nyaeta Ngahuma,ngan lain ngahuma hungkul
pakasaban urang sunda teh,aya oge nu usaha nyadap kawung atawa lahang, néangan madu,
moro di alas, ngala lauk di walungan, melak tatangkalan heuras pikeun diala buahna saperti
cau, kadu, peuteuy. Ngan jaman kiwari mah tos jarang pisan urang sunda nu ngahuma ku
sabab kurangna lahan. Urang sunda jaman kiwari mah loba nu jadi pagawe nagari jeung
pangusaha. Ari pakasaban urang Tasikmalaya nu kasohor mah janten tukang kridit,pakasaban
eta tos aya ti taun 70an. Ayeuna mah loba nu nyaruakeun tukang kridit teh jeung lentenir
padahal dina kagiatanna mah beda.

B.Saran
Urang salaku urang sunda kudu ngalestarikeun eta pakasaban urang sunda asli nyaeta
ngahuma jeung kudu nyadiakeun lahan pikeun ngahuma eta. Salian ti ngahuma, kusabab
urang tasik kasohor ku pakasaban tukang kiridit urang teh kudu ngahargaan kana eta
pakasaban sabab kagiatan tukang kiridit beda jeung lentenir.

You might also like