You are on page 1of 2

Ulangan Basa Sunda

Hemat Energi

Nama : Kelas : Tanggal :

A. Baca dina jero hate sing gemet ! Pilih salah sahiji jawaban anu bener pikeun ngajawab soal no 1-5!
Energi anu loba dimanfaatkeun jang kahirupan manusa nyaeta energi listrik. Energi listrik penting
gunana sabab loba pakakas ngagunakeun energi listrik. Sakabéh pakakas anu ngagunakeun énergi listrik jiga
lampu, kompa cai, kipas angin, istrikaan,kulkas, televisi, jeung sajabana, kudu dihemat ngarah teu
ngahamburkeun duit sabab listrik teh kudu dibeuli/dibayar. Ngahemat listrik sarua jeung ngahemat duit sabab
lamun ngahambur-hambur listrik sarua jeung ngahambur hambur duit. Cara-cara ngahemat listrik nyaeta lamun
lampu geus teu dipake kudu dipareuman, lamun televisi geus teu dilalajoan kudu dipareuman, lamun kipas
angin atawa kompa cai geus teu dipake kudu dipareuman.
Anu kudu dihémat téh lain ngan ukur listrik. Cai gé sarua waé ulah dihambur-hambur. Cara-cara
ngahemat cai nyaeta urang ulah miceunan cai pikeun hal-hal anu teu perlu. Lamun urang ngocorkeun cai tina
keran ulah poho tutup deui. Kitu deui dina ngagunakeun kompa cai, lamun bakna geus pinuh kudu gancang
dipareuman. Lamun urang ngahambur-hambur cai, dina geus datang usum halodo tangtu bakal saat. Kitu deui
lamun urang ngahambur-hambur cai ledeng, rekening anu kudu dibayar bakal ngagedean. Jadi ngahambur-
hambur cai teh sarua jeung ngahambur-hambur duit.

1. Pakakas nu ngagunakeun énergi listrik diantarana…


a. istrikaan, erak sapatu, jeung kompor gas c. blénder, komputer, jeung erak piring
b. kulkas, televisi, jeung kompa cai d. kompor gas, istrikaan, jeung kulkas

2. Conto urang ngahemat listrik nyaeta…


a. lamun geus teu dilalajoan, televisi c. ulah neundeun istrikaan dina tumpukan baju
gancang pareuman
b. ngahurungkeun televisi kudu bareng d. ngahurungkeun lampu beurang peuting
jeung kipas angin

3. Sababna urang kudu ngahémat énergi listrik nyaeta…


a. sabab lamun dihambur-hambur bisi c. sabab énergi listrik téh ukur aya di PLN
terus nyetrum
b. sabab énergi listrik téh kudu dibeuli d. sabab energi listrik gancang beak
atawa dibayar

4. Sababna ngahémat listrik téh sarua jeung ngahémat duit nyaeta…


a. sabab lamun ngahambur-hambur listrik c. sabab listrik mah teu apaleun kana duit
urang moal boga duit

b. sabab lamun ngagambur-hambur listrik d. sabab ngahemat listrik urang meunang duit
tangtu bakal hambur duit

5. Conto ngahémat cai nyaeta…


a. lamun mandi cukup asal baseuh awak c. cai ukur dipaké saperluna ulah dipiceunan
b. lamun urang mandi kudu bari d. mandi di walungan
huhujanan

6. Lamun di jero imah poek, urang kudu…


a. Ngahurungkeun kompor c. Ngahurungkeun kipas
b. Ngahurungkeun TV d. Nyaangkeun lampu

7. Ari geus mandi, keran cai kudu ….deui.


a. dihurungkeun c. ditutupan
b. diantepkeun d. ditandean
8. Istrikaan anu hurung wae saenggeus teu dipake bakal nyababkeun…
a. boros listrik c. panas
b. kahuruan d. ruksak

9. Akibatna mun urang ngahambur-hambur pulsa telepon nyaeta…


a. ngahamburkeun duit c. ngalobaan duit
b. ngalobaan hutang d. didenda

10. Cara nu bisa dipigawe mun urang rek ngahemat pulsa nyaeta…
a. Ngagunakeun telepon saperluna wae c. Ngagunakeun sms nu loba
b. Nyarita panjang jeung lila d. Ngobrol nu teu penting

B. Baca paguneman di handap tur jawab pananyana dihandap ieu!


Ibu : Pareuman atuh lampu téh, Yani, pan tos siang ieu téh.
Mulyani : Badé ieu gé, Bu.
Apa : Enya, ulah jiga tadi wengi. Televisi sina hurung bari taya nu nongtonna.
Mulyani : Da sanés abdi anu ngahurungkeunana gé, tapi Dé Irman.
Apa : Wios nu ngahurungkeunana mah saha waé gé. Ngan mun geus teu aya nongton, énggal
pareuman televisi téh.
Ibu : Ku saha atuh dipareumanana tadi wengi téh?
Apa : Nya ku Apa.
Ibu : Ah, Yani gé da sok hilapan. Geuning ti basa éta, istrikaan teu dipareuman.
Mulyani : Abdina rusuh tuda, Bu.
Apa : Masing rusuh gé ulah tepi ka hilap atuh, Yani. Apan hambur listrik mun istrikaan sina hurung bari
geus teu dianggo mah.
Ibu : Jaba deuih bisi kahuruan.
Mulyani : Muhun atuh engké mah moal hilap, Bu.

1. Sebutkeun tokoh anu dicaritakeun paguneman di luhur!.............................................................


2. Saha anu ngahurungkeun televisi bari taya nu nongtona?...........................................................
3. Kunaon Mulyani bet hilap mareuman istrikaan?.........................................................................
4. Naon akibatna mun istrikaan sina hurung bari teu dianggo?.......................................................
5. Eusi tina paguneman di luhur nyaritakeun tentang……………………………………………..

C. Eusian kalimah di handap ieu ku kecap sabalikna!

1. Tong hayang nu mahal meuli sapatu téh. Geus waé nu___________ asal pantes dipakéna.
2. Ditempo keur di luhur mah kapal terbang téh jiga leutik. Tapi ari geus di _______ mah geuning gedé, nya.
3. Ari sugan geus garing sapatu téh, boro rék dipaké olahraga. Geuning ieu mah ________ kénéh, Jang.
4. Urang kudu inget kana jasa batur sanajan sakumaha leutikna ogé, peupeujeuh ulah tepi ka _________.
5. Teu kabeneran meuli kadu téh atah kénéh, ari sugan geus________, da warna kulitna geus konéng.
6. Ari ngapalkeun mah kudu di tempat anu caang atuh. Ulah di tempat nu__________.
7. Ulah kandel teuing ngeureutan témpé nu rék digoréng téh, mending sing _______ waé ngarah téréh asak.

You might also like