You are on page 1of 7

NASKAH DRAMA BAHASA SUNDA

Tokoh :

- Fernanda Oktavia salaku Kelly Jenner

- Febrina Rizkia salaku indungna Kelly

- Achmad Fauzi salaku bapana Kelly

- Adnanta Putra salaku Matthew

- Hasna Nur Mila salaku Eli Swift

- Arishal Prambudi salaku Cole Swift (Engkol)

- Bella Safitri salaku Caitlyn Swift

- Winda Agustina Betty Hadid

- Trianto Syahbannu salaku Tegar


Dina hiji imah hirup tilu anggota kaluarga anu pagawean na guntreung we jeung
guntreung,unggal poe indung na ngawekwek nyarekan anak na boh bapa na.
Hiji mangsa bapa na kanyahoan keur nga judi jeung babaturan na, kumaha
kalanjutan nasib bapa na?kieu caritana

Kelly: Assalamualaikum, ma neng lapar hoyong emam aya naon dibumi?masak


teu?

Indung: Walaikumsalam, teuing ah ema mah lieur menta tuh ka si bapa

Kelly: oh nya tos atuh kelly bade ka kamar we lah

Tuluy indung na kukurilingan neangan bapa na

Indung: akang! Ari akang teu boga pipikiran pisan!budak jeung pamajikan
kalaparan di imah akang mah seseurian wee ulin jeung batur!

Bapa: Neng!ai maneh ngerakeun urang wae jojorowokan di dieu!aing teh keur
neangan duit di dieu tehh lain ulin!

Indung: Neangan duit di belah manana akang!batur mah neangan duit teh narik
beca,nga delman lain judi!

Bapa: Ahhh gandeng lahh hayu balik wee ngerakeun urang wae maneh mah!

Nepina di imah si bapa jeung si ema teh tuluy guntreng teu angges-anggeus
nepikeun si kelly nu ngadengena ge lieur

Bapa: Neng ai eneng tong sok nggerakeun salaki di harepeun batur atuh!era
nyaho era!

Indung: Akang nu tong sok ngerakeun wae eneng kang!eneng teh era boga
salaki nu gawe henteu ai ten nga judi we tuluy

Indung: era neng teh tuluy wee ngutangan ka warung jang dahar,meuli
beas!akang teh cik mikir atuhhh maenya arurang kudu kieu wae hirup teh!usaha
kang usaha!

Bapa: heeh aing ngajudi tehh keur usaha jang neang duit keur dahar!keur
maneh,keur budak!

Indung: lain kitu carana usaha teh kang!ngges lahh neng mah lieur!
Bapa; ngges maneh mah cicing wee kumaha urang lah rek usaha kumaha oge nu
penting mah aya duit!

Kelli; atos atuh ema,bapa isin ka tatangga lamun ema sareng bapa silih patarik-
tarik kitu mah bilih kadangu

Ti dinya indungna indit teuing kamana saking ku keselna ninggalkeun kelli


duaan jeung bapana. Saprak ti dinya bapana beuki teu baleg unggal poe mabok
atawa judi we pagaweana teh.si kelly jadi teu kaurus akhirna maneh na jadi
budak nu teu boga tujuan,si kelly luntang lantung teu jelas arah.

Kelly: ai urang hirup teh kieu-kieu teuing boga indung indit teuing kamana boga
bapa pagaweana judi jeung mabok

(keur kitu kelly papasan jeung si elli)

Elli; ehhh neng kelly bade kamana atuhh?

Kelly; hehe bade kapayun sakedap bu

Elli; ohhh, neng ai si ema teh kamana?naha tara katinggal

Kelly; ehh kelly oge kirang terang bu

Elli; ohhh si ema teh kabur kitu?kamari ibu ngadangu paguntreng pan jeung si
bapa,eleuhhh neng cing sabarnya

Kelly; (memelas)abdi ti payun nya bu

Elli; ohh mangga-mangga neng tiati nya

Pas si kelly keur leumpang di tengah jalan pasangrok jeung indung na nu keur
duduaan jeung salingkuhana.

Kelly ; Ema jeung saha? Hayu uih

Ema ; heu nteu Kelly ieu baturan ema tadi papendak

Kelly ; maenya babaturan pakaleng kaleng kemesraan kitu, inget si bapa di


imah

Ema ; bapa maneh oge tara mikiran aing yeuh kenal keun bapa maneh nu
anyar loba duit na nya A nya?

Matthew ; tos hayu ah ceunah rek belanja maneh teh


Ema : hayu atuh, geus ah maneh mah balik we ka imah baturan tuh bapa
maneh

Si Kelly tuluy lelempangan deui teuing dek kamana apek teh papa nggih jeung
si Caitlyn jeung Betty babaturana

Kelly ; timarana?

Caitlyn ; ti emol atuh belanja yeuh

Betty ; ai maneh ti mana?

Kelly ; teu ti mamana abi mah

Caitlyn ; ih maneh mah kulehe kitu ih teu ka urusnya? Ceuk indung urang oge
indung maneh kabur terus bapa maneh pagaweana judi hahaha

Betty ; terus ayeuna maneh rek kumaha? Sorangan? Jadi gembel? Tuh
mendingan ngamen weh juga di jalan lumayan menang duit

Kelly ; atuh embung ih urang hayang ngilu ulin

Caitlyn ; ih embung teuing urang ulin jeung maneh kulehe kitu, ceuk indung
urang oge tong ulin jeung maneh bisi ngilu kulehe

Kelly ; bet atu Betty

Betty ; naon ai maneh urang oge da embung ulin jeung maneh mah arateul

Kelly ; ih maneh meni kitu ka urang

Si Caitlyn jeung Betty tuluy indit ninggal keun si Kelly sorangan. Si Kelly cicing
sabari nyeuri hate. Teu lula ti dinya aya nu nyamperkeun si Kelly

Tegar ; kunaon neng?

Kelly ; teu nanaon Aku ngan asa na langsa we hirup urang teh indung salingkuh
bapa tukang judi
Tegar ; geus neng lah hirup mah tong di bawa lieur, mening oge yeuh cobaan (
mere lem)

Kelly ; nanaonan ai aa mere urang lem

Tegar ; yeuh urang bere nyaho mua lamun keur lieur mening oge nge lem neng
jamin langsung cageur tah lieur

Kelly ; heeh kitu, ur

ang cobaan atuh

Geus kitu si Kelly tuluy balik ka imah. Pas keur geus deket ka imah si Kelly
ngadenge Sora indungna jeung bapa na bari tatangga nu narogong ka imah na

Kelly ; pa,bu, Caitlyn bade naon tuang tolong ka bumi abdi

Cole ; henteu neng ieu bapa teh ngadangu bapa jeung ema eneng jojorowokan
pa tarik tarik kitu nepika kadang ka bumi bapa

Elli ; muhun neng ih kunaon si bapa jeung si ema teh? Ti kamari ada garelut
wae

Caitlyn ; ih kan ceuk indung urang ge naon bapa jeung indung maneh mah
garelut wae ih kunaon sih?

Kelly ; duka atuh abi oge

Cole ; heug siah karunya teuing budak teh, untung budak urang teu kitu nya
mah

Elli ; enya, da urang mah keluarga bahagia tara loba itu ini teu ciga si Kelly

Cole ; enya pan bapa mah tanggung jawab teu ciga bapa si Kelly

Caitlyn ; tos ahh mah pa mening urang mahh uih wee yu daripada ngilu
balangsak jiga si kelli kieu

Cole ; neng ai maneh tong kitu ka batur tehh watir eta budak ningalina bapa
mahh
Elli ; kang ihh neng oge alim di dieu wae kumaha mun urang ngilu balangsak
jiga keluarga ieu ihh!embung teuing!

Cole ; bapa oge embung atuhh ihh teu sudi teuing ngan hayang apal wee ieu
kunaon sihh ni pa tarik-tarik kitu ngomong tehh sugan wee sakalian pa todong-
todong peso

Caitlyn ; ihh maenya wee paa ihh ieu mahh kudu mere nyaho si betty ieu mahh
kudu!

Elli ; ihh teu sudi pisann urang boga tatangga jiga kieu!

Engges kitu si Kelly abus kaimahna terus manggihan indungna bapana jeung
selingkuhan bapana nu keur patoronh tolong

Kelly ; ema! Bapa! Aya naon ieu teh? ( sabari ceurik)

Bapa ; tah tingali kalakuan indung maneh! Halakah selingkuh jeung lalaki lain.
Eweh kaera!

Ema ; Apanan urang jadi kieu teh gegara maneh sorangan jadi bapa teu
tanggung jawab pa gawean ngan judi kumaha urang teu kesel

Kelly ; terus ayeuna ema bade milih saha?

Ema ; ema mah sebenernya nyaah ka maneh ngan hanjakal tah bapa maneh
jadi ema dek milih kang Matthew nu tanggung jawab ka ema

Kelly ; berarti lamun kitu ema teu nyaah ka kelly. Nya geus ayeuna mah ema
indit ti imah! ( sabari ambek jeung ceurik )

Matthew ; geus neng kanyaah akang hayu wee teu kudu ka dieu dieu deui
nanaonan

Bapa ; siahh!kanyaah-kanyaah ka pamajikan aing!

Matthew ; nya emang kunaon da ayeuna mah geus milik aing atuhh titah saha
maneh teu baleg jadi salaki teh

Bapa ; lain aing nu teu baleg siia wee teu boga pipikiran ngadekeutan
pamajikan batur
Matthew ; sia nu leuwih teu boga pipikiran!pamajikan maneh teu di bere duit
teu di bere naon ngutang kaditu ka dieu budak kalaparan sia teu boga otak
pisan jadi salaki tehh!

Ema ; ngess kang! Pokokna mahh neng geus teu kuat hirup jeung akang
deui!neng hayang menta cere ti akang!

Ti dinya si Kelly nitah indungna indit ti imahna, jeung dapek kajadian eta
bapana jadi beuki jarang balik ka imah, si Kelly beuki depresi. Akhirnya maneh
na milih dek ngenggesan hidupnya sorangan ku cara ngiler urat nadi na. Bapa
na nu karek balik soak ningali mayat si Kelly ngajomprak

Bapa ; astaghfirullahalazim! Kelly! Ai maneh kunaon naha nepikeun ka kieu?


Hampura bapa teu pernah mere nu alus, teu pernah nga bahagia keun maneh,
ngan bisa nganyeyeri. Hampura bapa!

Ti dinya bapana nyesel ku sagala perbuatana nu ngan ye bab keun sagala


kagorengan nu kajadian di hirup si Kelly.

You might also like