You are on page 1of 4

HANJUANG DI KUTAMAYA

Wasta : Emir Faizal Rabbani


Kelas : 7F

BASA SUNDA
SMPN 11 BANDUNG
Anu disebut Sumedang ayeuna, baheulana mah Karajaan Sumedang Larang. Puseur
dayeuhna disebut Kutamaya. Ari anu jadi rajana nyaéta Pangéran Geusan Ulun, turunan Raja
Pajajaran anu katelah Prabu Siliwangi. Malah bisa disebutkeun yén Sumedang Larang téh
minangka gaganti atawa anu neruskeun Pajajaran, sabab makuta Prabu Siliwangi ragragna ka
Pangéran Geusan Ulun.

Hiji mangsa, Pangéran Geusan Ulun patelak jeung Sultan Cirebon, tepi ka derna perang
rongkah. Wewengkon Sumedang Larang dijorag ku prajurit Karajaan Cirebon. Harita,
pasukan Sumedang dipingpin ku opat sénapati, nyaéta Embah Jaya Prakosa atawa Embah
Sayang Hawu, Embah Nanganan atawa Embah Batara Wiyati Wiradijaya, Embah Sangiang
Kondang Hapa, jeung Embah Batara Pencar Buana atawa Embah Térong Péot.

Kakocapkeun, dina hiji poé, Embah Jaya Prakosa meunang laporan yén pasukan Cirebon
geus katempo ngaleut rék ngarurug Dayeuh Sumedang. Harita kénéh opat sénapati
ngayakeun rundingan, dipingpin ku Embah Jaya Prakosa, pikeun nyegat musuh sangkan teu
kebat asup ka dayeuh. Pangna kitu téh sabab lamun perangna di jero dayeuh geus pasti bakal
loba lembur anu ruksak sarta rahayat anu jaradi korban.

Saméméh miang rék mapag musuh, Embah Jaya Prakosa anu minangka kokolot sénapati
amitan heula ka Geusan Ulun; bari nerangkeun kieu: “Gusti Prabu mah linggih waé di
karaton, teu kedah ngaraos salempang. Sawios Mamang waé anu badé mayunan musuh mah.
Namung sateuacan mios, Mamang badé nancebkeun tangkal hanjuang di juru alun-alun,
minangka kanggo tanda. Saupami éta tangkal hanjuang hirupna subur, hartosna Mamang
unggul di pangperangan. Tapi upami katingali ngarangrangan, éta hartosna Mamang kasoran.
Tah, uparni kitu, karaton énggal-énggal geura alihkeun, bilih pasukan Cirebon ngarurug ka
dieu.”

Sanggeus kitu, Embah Jaya Prakosa nancebkeun tangkal hanjuang di juru alun-alun
Kutamaya. Geus kitu mah bring waé pasukan Sumedang téh indit ka médan laga. Der perang
campuh aya poéna. Korban ti dua pihakanana geus kaitung loba. Layon pagolétak, kitu deui
anu taratu.

Dina ahirna, pasukan Cirebon kariripuhan, sabab loba pisan anu palastra. Anu harirup kénéh
gancang ngarejat ti pakalangan. Ku Embah Jaya Prakosa terus dibeberik.
Anu ngabeberik musuh bet kamalinaan, tepi ka sénapati anu tilu leungiteun. Didagoan aya
poéna, angger teu datang-datang. Teg waé maranéhna boga sangkaan yén Embah Jaya
Prakosa geus kasambut waktu keur ngungudag musuh.

Pasukan Sumedang mulang ka dayeuh tanpa Embah Jaya Prakosa. Prabu Geusan Ulun
ngarasa salempang jeung bingung, sabab sénapati andelanana henteu mulang ti médan
perang. Kumaha lamun Cirebon ngarurug deui, ceuk dina pikiranana.

Ku sabab kitu, Prabu Geusan Ulun buru-buru mindahkeun karatonna ka Dayeuhluhur.

Kacaritakeun, sanggeus ngabeberik musuh sakitu lilana. Embah Jaya Prakosa mulang deui ka
Sumedang. Kacida kagéteunana waktu asup ka dayeuh anu geus kosong. Geus teg waé
nyangka yén karaton dipindahkeun ka tempat séjén. Naha Sang Prabu maké mindahkeun
karaton, ceuk dina pikirna. Kapan aing mah teu kua-kieu. Tuh buktina, tangkal hanjuang di
juru alun-alun angger hirupna subur.

Embah Jaya Prakosa laju ngajugjug ka Dayeuhluhur. Sadatang-datang, ieu sénapati téh terus
nganaha-naha ka Pangéran Geusan Ufun, duméh geus mindahkeun karaton bari teu
merhatikeun tangkal hanjuang anu dipaké ciri téa. Sang Prabu ngaku kana kasalahanana,
sabab cenah harita téh awahing ku geumpeur, lantaran Embah Jaya Prakosa henteu mulang
bareng jeung prajurit Sumedang

You might also like