You are on page 1of 13

Undak Usuk Basa

(speech level)

Drs. Dede Kosasih, M.Si.


Sajarah Undak usuk basa Sunda

Para ahli basa Sunda sapamadegan yén


ayana undak usuk basa Sunda téh
dipangaruhan ku kabudayaan Jawa
(Mataram) dina abad ka 17 anu tembres
asup kana kabudayaan Sunda. Undak
usuk/panta-pantana atawa tumpa-tumpana
basa (speech levels).
Wangenan Undak-usuk Basa
Undak-usuk basa Sunda téh nyaéta sistem
ngagunakeun variasi basa Sunda anu aya
patalina jeung kakawasaan, kalungguhan,
kaakraban, sarta patalina antara kaayaan nu
nyarita, nu diajak nyarita, jeung nu dicaritakeun,
nu tujuana pikeun silih hormat jeung silih ajenan
antar manusa.
Tahapan Undak-usuk Basa Sunda

1. D.K.Ardiwinata tina buku Elmoening Basa Sunda I


(1916:10-13) ngabagi UUBS jadi 6 tingkatan :
• Basa lemes pisan (basa luhur)
• Basa lemes biasa
• Basa lemes keur sorangan
• Basa Sedeng
• Basa Songong biasa
• Basa songong paranti nyarekan atawa cohag pisan
2. Numutkeun R.I.Adiwidjaja dina bukuna
Adegan Basa Sunda (1951:54-58), UUBS téh
aya 6 tahapan:
• Basa Cohag
• Basa Kasar
• Basa Panengah
• Basa Sedeng
• Basa Lemes
• Basa luhur
3. M.I.Prawira Winata jeung Soema Wisastra ngabagi UUBS
jadi lima tahapan:
• Basa Luhur
• Basa Menak
• Basa Sedeng
• Basa Somah
• Basa Kasar atawa Basa Goreng

4. R.I.Buldan Djajawiguna ngabagu UUBS jadi lima panta:


• Basa cohag atawa Basa Kasar Pisan
• Basa Wajar atawa Basa Loma
• Basa Panengah
• Basa Sedeng
• Basa Lemes
5. Nurutkeun Taufik Faturohman, UUBS dibagi jadi tilu tahapan:
• Basa Lemes
• Basa lemes pisan
• Basa lemes biasa
• Basa Sedeng
• Basa Sedeng Ngabasakeun sorangan
• Basa panengah
• Basa Kasar
• Basa kasar ka sahandapeun
• Basa kasar pisan

6. R.Momon Wirakusumah,spk, ngabagi UUBS jadi lima bagian:


• Basa Cohag
• Basa Kasar (Basa Wajar atawa Basa Loma)
• Basa Panengah
• Basa Sedeng (Basa lemes pikeun nu ngahormat)
7. Numutkeun Coolsma, UUBS dibagi jadi lima bagian:
• Basa Kasar Pisan atawa Cohag Pisan
• Basa Kasar
• Basa Sedeng atawa Basa Panengah
• Basa Lemes atawa Basa Kawi
• Basa Lemes Pisan

8. Adang S, dina bukuna Tatakrama (Undak-usuk) Basa


Sunda (1990:3-5) ngabagi undak-usuk basa Sunda jadi
opat tahapan:
• Basa Kasar Pisan (Cohag)
• Basa Kasar (Wajar atawa Loma)
• Basa sedeng
• Basa Lemes
9. Numutkeun Badi Rahayu Tamsyah, UUBS dibagi 6
tahapan:
• Basa Kasar
• Basa Sedeng
• Basa Lemes
• Basa Lemes Pisan
• Basa Kasar Pisan
• Basa Panengah

10. Numutkeun Yayat Sudaryat dina bukuna Pedaran Basa


Sunda (1991:135-136), wangun tatakrama basa Sunda
atawa UUBS ngawengku tilu rupa:
• Basa Lemes (Hormat)
• Basa lemes keur sorangan
• Basa lemes keur ka batur
• Basa Wajar (Loma)
• Basa Kasar
Basa Lemes
´ Basa lemes sok biasa disebut ogé basa lemes ka batur.
Dilarapkeun pikeun nyarita ka nu saluhureun; jeung
pikeun nyaritakeun nu saluhureun boh pangkatna, boh
kalungguhanana, boh umurna. Basa lemes ogé dipaké ka
jalma nu can wanoh atawa loma.
Conto : Pun bapa kasawat abot angkéng.

Basa Lemes Pisan


´ Dipake pikeun ngahurmat jeung ngajenan ka jalma anu
pangkat jeung kalungguhanana dipandang luhur pisan
atawa tingkat pangagung.
Conto: “Tah éta Pa Wakil Peresiden téh anu linggih kiwaeun
Pa Gupernur.”
Basa Sedeng
• Basa sedeng sok disebut ogé basa lemes keur ka sorangan,
nyaéta basa anu dilarapkeun keur ka diri sorangan upama
nyarita ku basa lemes; atawa pikeun nyaritakeun sasama ka
saluhureun.
• Salian ti éta, basa sedeng ogé sok dipaké nyarita jeung jalma
nu can wanoh atawa loma lamun nu ngajak nyaritana
ngagunakeun basa lemes.
Conto : “Abdi téh ical geulang kamari,” ceuk Enong ka Bu Euis

Basa Panengah
• Basa panengah dipaké pikeun nyarita ka jalma nu
sahandapeun pangkatna jeung kalungguhanana, tapi umurna
mah saluhureun. Di paké ogé pikeun nyaritakeun nu lian
upama nu diajak nyaritana téh ngagunakeun basa lemes, tur
nu dicaritakeunana sahandapeun pangkat jeung
kalungguhanana, tapi saluhureun umurna upama
dibandingkeun jeung nu nyarita katut nu diajak nyaritana.
Basa Kasar
´ Basa kasar disebut ogé basa loma. Digunakeun ka
sasama, ka babaturan nu geus loma. Salian ti éta (bareto
mah) sok dipaké ogé pikeun nyarita ka jalma sahandapeun
kalungguhanana, pangkatna, umurna; atawa pikeun
nyaritakeun jalma nu sahandapeun upama nudicaritakeun
téh sahandapeun nu diajak nyarita.
Conto : “Cing, cuang angkat ku kuring,” ceuk Dadan kaDudi

Basa Kasar Pisan


´ Basa kasar pisan sok disebut ogé basa cohag. Sok dipaké
ku nu keur ambek atawa nu paséa, pikeun maksud
ngahina atawa ngécé. Tapi umumna mah basa kasar pisan
téh sok dilarapkeun ka sato. Sabab upama dilarapkeun ka
jalma bakal karasa pisan kasarna jeung garihalna.
Conto : “Saha atuh nya anu ngagubug buku téh?” Dadan
ambek
Wanda Undak usuk basa Sunda

Undak usuk basa Sunda Wanda kahiji


´ Undak usuk basa Sunda (UUBS) wanda kahiji nyaéta UUBS anu basa kasar, basa
sedeng, jeung basa lemesna teu sarua.
Conto: balik (BK)-wangsul(BS)-mulih (BL)-mantog(BKP)-mulang(BP)

Undak usuk basa Sunda wanda kadua


´ Undak usuk basa Sunda kadua nyaéta UUBS nu basa kasarna béda, tapi basa sedeng
jeung basa lemesna sarua.
Conto: halangan (BK)-pambengan(BS)-pambengan (BL)

Undak usuk basa Sunda wanda katilu


´ UUBS wanda katilu nyaéta UUBS nu basa kasar jeung basa sedengna sarua, tapi
basa lemesna béda.
Conto: adi (BK)- adi (BS)- rai (BL)

You might also like