You are on page 1of 1

Peucang jeung Buhaya

Sakadang Buhaya keur moyan di sisi walungan. Jol sakadang Peucang.


“Rék naon Sakdang Peucang ka dieu? Rék maling cai, nya? Di leuweung euweuh cai.
Da halodo banget.”
Jawab Peucang, “Kuring mah tara nginum deui cai walungan. Komo ayeuna keur
saat. Nya teu ngeunah nya kiruh. Ayeuna mah nginum téh cai kalapa. Nya beresih
nya ngeunah. Amis.”
“Rék naon atuh kadieu?” cék Buhaya.
Omong Peucang, “Tadina mah rék ngalalajoan kulit sampéan. Resep ting gareret,
hérang. Komo mun katojo ku panonpoé. Euweuh baé nu kulitna alus saperti kulit
sampéan. Ngan geuning bet kotor. Pinuh ku leutak.”
Omong Buhaya, “Walungan saat. Kuring teu bisa teuteuleuman pikeun meresihan
tonggong.”
“Emh, lebar. Kulit saalus-alus jadi kotor. Kumaha mun diberesihan ku kuring” ceuk
Peucang.
“Nya sukur baé ari daek mah,” jawab Buhaya, “kumaha caranya?”, ceuk Buhaya
keneh
“Kulit tonggong sampéan dikumbah ku kuring. Tapi caina kudu anu beresih. Tuh di
tengah!, ceuk Peucang
“Pek atuh. Geura luncat kana tonggong kaula.” Ceuk Buhaya
Jleng Peucang luncat kana tonggong Buhaya.
Buhaya ngojay ka tengah walungan.
Clom Sakadang Peucang nganclomkeun sukuna kana cai. Tonggong Buhaya
dicakaran ku Peucang. Selang-selamg tina cacakar Sakadang Peucang téh regot-regot
nginum.
Sanggeus rada lila nyakaranana, jeung geus seubeuheun nginumna, Peucang
ngomong,”Tah, geus beresih ayeun mah. Yu ka sisi deui. Isukan kuring ka dieu deui.
Kudu unggal poé diberesihanana kulit sampéan téh. Ulah sina kotor. Lebar ku
alusna.”
“Heug ari daék mah. Isuk ka dieu deui. Ditungguan di dieu,”ceuk Buhaya téh.
Sanggeus nepi ka sisi, gajleng Peucang luncat ka darat. Bari ngomong dina haténa.
“Nuhun Sakadang Buhaya. Sampéan bodo. Mun teu bodo mah. Kuring moal seubeuh
nginum. Daék-daék paék paéeh ku halabhab.”

Nama : Ira Rahayu


Kelas : VII

You might also like