You are on page 1of 3

 Judul Film : 5cm

 Sutradara : Rizal Mantovani


 Produser : Sunil Soraya
 Genre : Drama
 Pemeran : Herjunot Ali
Fedi Nuril
Denny Sumargo
Raline Shah,
Igor Saykoji
Pevita Pearce
 Tanggal Rilis : 12 Desember 2012
 Bahasa : Indonesia

Genta (diperankeun ku Fedi Nuril), Arial (ku Danu Sumargo), Zafran (Ku Herjunot
Ali), Riani (Ku Raline Syah), Jeung Ian (Ku Igor “Saykoji”). Nyaeta lima barudak anu geus
ngajalin sosobatan salila sapuluh taun. Anu limaan eta ngabogaan karakter anu beda-béda.
Zafran puitis, rada "gélo",idealis, rada narsis, sarta boga bakat jadi jelema anu bakal terkenal.
Riani nyaeta awewe pinter, cerewed, sarta ngabogaan ambisi pikeun cita-citana. Genta, lalaki
anu tara mentingkeun diri sorangan, boga jiwa pamingpin jeung bisa nyieun batur nyaman
mun keur jeung manehna. Arial, lalaki anu ngabogaan awak atletis diantara pamaén séjén,
hobi olah raga, jeung paling taat kana aturan, tapi mun kenalan jeung awéwé, sok gempeur teu
puguh. Ian, ngabogaan awak paling subur ti nulainna, resep kana indomie jeung bola, jeung
paling akhir lulus kuliahna. Aya ogé Dinda (Pevita Pearce) nyaeta adina Arial, budakna teh
geulis jeung jadi awewe anu dipikacinta ku Zafran.

Dina hiji poé anu limaan eta ngarasa "jenuh" ku lantaran maranéhanana sok
babarengan wae.Kusabab kitu, tungtungna barudak eta mutuskeun pikeun papisah, teu
komunikasian salila tilu bulan.

Salila tilu bulan pisah pinuh ku kasono, loba anu geus robah dina kahirupan barudak limaan
eta, hiji hal anu robah di maranehna masing-masing nyaeta jadi leuwih hadé tibatan
baheulana. Sanggeus tilu bulan teu papanggih, maranéhanana ngarencanakeun jang patepung
riung deui tapi dina patepung eta kudu aya tantangannana. Perjalanan hate jang ngibarkeun
bendera merah putih di puncak maha meru pas tanggal 17 Agustus. Perjalanan nu pinuh ku
pejuangan anu ngajadikeun maranehannana beuki cinta ka Indonesia . Petualangan dina ieu
carita, lain ngan jadi petualangan anu nantang adrenalin hungkul demi nempo ciptaan Illahi ti
luhur gunung. Tapi petualangan ieu ogé perjalan hate. Haté jang mikacinta kana tali
silaturahmi anu erat, sarta haté anu mikanyaah ieu nagara.
Kabéh rintangan bisa disanghareupan, sabab maranehna boga impian. Impian anu disimpen
5cm di harepeun tarang.

Kaleuwihan:
1. Film ieu ngajunjung tinggi rasa saling tulung pitulung antar sasama. Jeung bisa
ngesankeun nu nempona kusabab loba nilai moralna.
2. Ngenalkeun ka masyarakat yen gunung semeru nu aya di indonsia teh indah
katempona.
3. Film anu bisa nambahan motivasi jeung percaya diri meh bisa ngaraih impian nu
dibekelan ku semangat jeung teu kenal ka cape.
4. Bahasa anu digunakeun dina film 5cm ieu nyaeta bahasa anu bisa nuturkeun
perkembangan jaman ayeuna (moderen) , sesuai jeung kaayaan masyarakat ayeuna.
jadi film ieu babari jang dipahamina.
Kakurangan
1. Adegan pas keur muncakna di leuleuwihi.
2. Loba adengan anu dipotong pas keur ngadaki di jalur anu hesena. Ngan
pemandanganna hungkul nu ditempokeunnana.
3. Konflik nu aya dina fim ieu kurang ditingalikeun.

Kasimpulan
5 cm nyaeta film karya anak bangsa Indonesia anu ngisahkeun tentang arti babaturan jeung
perjuangan anu teu ngenal rasa kacape jang ngacapai hiji tujuan. Mangpaat anu bisa dibawa
dina kisah ieu nyaeta sajangkug atawa sagede naon wae impan nu kuuurang boga,urang pasti
mampu ngawujudkeun impian eta masing kudu ngalewatan halangan jeung rintangan anu
hese.Kusabab impian eta sok ditunda 5cm di harepeung tarang arurang. Jeung babaturan
nyaeta salah sahiji faktor anu penting pikeun ngabantu kana terjadina impian arurang.
Babaturan moal ninggalkeun urang lamun urang keur dina masa anu sulit.Pokonamah susah
senang kudu babarengan. Salain eta, film ieu oge nunjukeun kaendahan alam ciptaan Allah
SWT anu dibogaan ku nagara urang. Jadi bisa ngajieun penduduk Indonesia khususna pamuda
pamudina bangga kana nagarana jeung sok nyaah sakaligus ngajaga kana alam titipan Gusti
nu maha suci.

You might also like