You are on page 1of 1

Najla Nazhira Chairani

XI MIPA 4

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Sampurasun

Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT anu parantos masihan mangpirang-
pirang kanikmatan tug dugi ka ayeuna, ku kersa timantenna urang sadaya tiasa ngariung
mungppulung di ieu tempat dina kaayaan jag-jag tur sehat. Solawat miwah salam mugia
salamina ngocor ngagolontor ka jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad Saw, teu
kalangkung ka para kulawargana, sohabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu
salamina tumut kana syareat anu dicandakna.
Bapa kepala sakola anu ku simkuring dipihormat, bapa sareng ibu guru anu ku simkuring
dipihormat, rerencangan sasapit samamanis anu ku simkuring dipikadeudeuh sareng
dipikacinta. Simkuring ngadeg didieu bade ngadugikeun eusi biantara anu ngeunaan
mikacinta seni budaya sunda ka barudak sakola.
Hadirin hormateun simkuring
Basa sunda teh basa pituin urang sunda, taya sanes urang sunda teh kedah mibanda rasa
katineung kana budayana sorangan, ulah nepi ka jati ka silih ku junti. Mupusti budaya
deungeun bari teu malire budaya urang sorangan.
Sanes hartosna urang sunda teh ulah malire kana budaya deungeun nanging asa langkung
payus saupami weruh kana budaya deungeun teh, dibarengan ku ngaraksa jeung ngariksa
kana budaya sorangan arek ku saha deui budaya sunda teh dimumule lamun lain ku urang
sunda sorangan?
Basa sunda basa indung hartosna urang sunda ti mimiti brol ka alam dunya kudu dibiasakeun
make basa sunda, kumaha atuh ayeuna mah geus langka be anu nyebut ambu jeung abah
kalah oge mamih papih malah mah aya anu nyebut dedi.
Sigana bajkal leuwih nyerep lamun ka barudak ayeuna dibiasakeun ngawanohkeun basa
jeung budayanan sorangan. Contona dina basa simkuring hese make basa sunda teh padahal
boro-boro nyarita maca oge teu bisa, tah ti ayeuna urang kudu saetik-saeutik ngamimitian
nyarita ku basa sunda anu bener. Contona anu kadua nyaeta barudak mah apal keneh kana
lagu-lagu barat ti batan lalaguan budaya sunda sorangan.
Salajengna ti eta urang teh kudu mikacinta budaya sunda katut seni budaya sundana. Salah
sahiji cara anu dasar pikeun urang sadaya bisa mikacinta bubisaya ngagunakeun basa sunda
dina hirup kumbuh sapopoe, sabab aya paribasa yen basa teh nunjukeun bangsa lamun geus
bisa ngagunakeun basa sunda dina hirup sapopoe. Eta jalma geus pasti mikacinta kana
budaya sundana.
Rupina sakitu nu kapisanggem, neda hapunten ka sadayana bilih dina cariosan simabdi anu
nembe didugikeun se’eur kakiranganana.
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

You might also like