You are on page 1of 3

PEMUDI ANU AKHLAQNA HADE

Tahmid.
Rekan-rekan pemudi anu ku simkuring dipika bangga, oge juri nu dipika hormat, sagala puji
kagungan Alloh nu maha Suci, sagala puja kagungan Alloh anu wijaksana. Dina kasempetan
ayeuna dina acara Silatcab, simkuring diamanatan kanggo ngisi lomba anu tema na
“Meningkatkan Kreatifitas, Sportifitas, dan Solidaritas Menuju Pemudi Persis Cerdas
Berakhlaqul Karimah” ku kituna simkuring bade nyobian ngadugikeun ngeunaan “Pemudi Anu
berakhlaqul karimah/Pemudi anu Akhlaqna hade”.
Naon cenah akhlaqul karimah teh?
Akhlaqul karimah disebut oge akhlaq anu hade atawa terpuji, nyaeta salah sawios sikap anu hade
nu sesuai jeung ajaran agama Islam.
Kanggo jalmi anu ngagaduhan sifat akhlaqul karimah mangka maranehna bakal dipika resep,
dipika nya’ah ku sasama manusa. Kitu deui tos pasti ku Alloh mah.
Manusa anu akhlaqna hade, nu antukna bakal asup ka sawarga sakumaha dina hadits Nabi SAW.
“Sayaktosna jalma anu paling kaula cintai di antara maranehna jeung anu paling deukeut tempatna
dina poe kiamat nyaeta jalma-jalma anu paling alus budi pekertina di antara maraneh”
Jenis-jenis aklaq
1. Akhlaq mahmudah
2. Akhlaq madzmumah
Anu kaasup kana akhlaq mahmudah nyaeta laku lampah anu hade kanu jadi ibu rama, sakumaha
firman Alloh dina surat al-Isra` ayat 23:
َ ‫ض ٰى َرب َُّك أ َ اَّل تَ ْعبُدُوا ِإ اَّل ِإيااهُ َو ِب ْال َوا ِلدَي ِْن ِإ ْح‬
‫سانًا‬ َ َ‫َوق‬
“Jeung pangeran anjeung geus marentahkeun ulah nyembah salian ti Alloh, jeung prak aranjeun
kudu ngalakukeun kahadean ka ibu rama anjeung sahade-hadena”
Ibnu Katsir sasauran: Alloh oge marentahkeun sangkan kudu laku lampah hade kanu jadi ibu
rama.
Anu kaasup akhlaq madzmumah (akhlaq anu goreng) nyaeta kasanggakeun hadits anu aya dina
Bulughul Marom dina Kitabul Jami’ :
َ ‫ ِإ ان َما ا َ ْخ َو‬: ‫سلا َم‬
‫ف َما‬ َ ُ‫صلاى هللا‬
َ ‫علَ ْي ِه َو‬ ُ ‫ قَا َل َر‬: ‫ع ْنهُ قَا َل‬
َ ِ‫س ْو ُل هللا‬ َ ُ‫ي هللا‬
َ ‫ض‬ِ ‫ع ْن َم ْح ُم ْو ِد ب ِْن لَ ِب ْي ٍد َر‬
َ
)‫ (رواه احمد‬-‫الرياء‬-‫صغ َُر‬ ْ
ْ َ‫عل ْي ُك ْم الش ِْركُ اَّل‬ َ َ ‫َاف‬ ُ ‫أَخ‬
“Sayaktosna anu paling dipika sieun ku kaula tumiba ka aranjeung nyaeta syirik leutik nyaeta
riya” (HR. Ahmad)
Saur A. Hasan dina tarjamah Bulughul Marom anjeuna masihan catetan perkawis riya nyaeta :
1. Midambel ibadah atanapi kasaean anu diparentahkeun ku Alloh sareng rasulna kalayan
maksad supados dipuji ku manusa
2. Riya hukumna haram, malih Rasulullah SAW. nyebatkeun ‫صغ َُر‬ ْ َ‫( ِش ْركُ ْاَّل‬syirik leutik)
haram.
Para pemudi anu dimulyakeun ku Alloh SWT. sajabi ti eta aya pelajaran dina hadits ieu :
1. Rehna janten dalil bahayana riya, sarta nu dipika sieun ku Rosululloh SAW. keuna ka
umatna. Tos tangtos tiap perkara anu bahaya wajib ditebihan.
2. Ku hadits ieu oge janten dalil yen Rosululloh mikanya’ah ka umatna hariwang umatna
keuna ku syirik leutik nyaeta riya.
Urang ngabantun contoh dina al-Quran surat al-Ma’un ayat 4 :
﴾٦﴿ َ‫﴾ الاذِينَ ُه ْم ي َُرا ُءون‬٥﴿ َ‫سا ُهون‬
َ ‫ص ََلتِ ِه ْم‬ َ ‫فَ َو ْي ٌل ِل ْل ُم‬
َ ‫﴾ الاذِينَ ُه ْم‬٤﴿ َ‫ص ِلين‬
َ ‫عن‬
“Kacilakaan pikeun jalma-jalma nu sok sarolat, nyaeta jalma-jalma anu mopohokeun tur
ngalalaworakeun sholatna, nyaeta jalma-jalma anu riya (hayang ka puji)”
Panginten sakitu wae anu tiasa didugikeun ku simkuring, mugia urang tiasa istiqomah kanggo
ngalakukeun kahadean-kahadean anu sesuai jeung aturan Alloh oge nebihan sagala nu tos
dicaram ku Anjeuna.

Tutup.
AKHLAQUL KARIMAH

Tahmid.
Rekan-rekan pemudi anu ku simkuring dipika bangga, oge juri nu dipika hormat. Sagala puji
kagungan Alloh nu maha Suci, sagala puja kagungan Alloh anu wijaksana. Dina kasempetan
ieu, simkuring kaamanatan kanggo ngisi salah sawios lomba dina rarangka SILATCAB anu
tema na nyaeta “Meningkatkan Kreatifitas, Sportifitas, dan Solidaritas Menuju Pemudi Persis
Cerdas Berakhlaqul Karimah” ku kituna simkuring bade ngahabas perkawis “Akhlaqul
Karimah” nu janten tujuan utama diayakeunna acara SILATCAB ieu.

Asal kata akhlak nyaeta dina kata khuluk mangrupikeun Bahasa Arab anu hartosna watek,
kalakuan, tabe’at, budi pekerti, karakter, sarta kabiasaan.

Numutkeun Imam al-Ghazali, ahklak teh nyaeta hiji sifat anu cicing kuat dina hate saurang
jalma, nu kulantaran sifat eta, jalma jadi gampang ngalakukeun hiji perbuatan tanpa loba
pertimbangan (Sunda: hideng).

Akhlak teh mangrupikeun hiji nilai anu ngatur tindakan sareng sikep saurang jalma di dunya
anu dadasarna al-Quran sareng Sunnah Rasul.

Salain ti Akhlak urang oge kenal istilah moral sareng etika.

Moral tiasa dihartoskeun perbuatan, tingkah laku, atanapi ucapan hiji jalma ka jalma anu lian
anu ngagaduhan nilai positif numutkeun budaya sareng adat istiadat. Sedengkeun etika tiasa
dihartoskeun hiji aturan atanapi norma kangge nganilai kalakuan jalma kaitanna sareng sae
atanapi goreng kalakuan eta numutkeun akal pikiran.

Jadi kangge ngabentenkeun hiji perbuatan, perilaku, atanapi ucapan teh dikategorikeun kana
akhlak, moral, atanapi etika ieu gumantung motivasi (dorongan) nu aya dina jero hate hiji
jalma. Pami tolok ukurna budaya/adat istiadat mangka ieu kalebet moral, pami tolok ukurna
akal pikiran mangka ieu mah lebetna kana etika. Tah pami doronganna timbul tina kaimanan
sarta pamahaman manehna ngeunaan aturan-aturan agama (syari’at islam) mangka ieu tiasa
disebat akhlak.

Di kalangan umat islam dikenal istilah akhlaqul karimah atanapi akhlak mahmudah nyaeta
akhlak nu terpuji/hade mungguhing Alloh sareng makhlukna. Nu mana ieu teh jadi tujuan
utama diutusna Rasulullah SAW.
)‫ق (رواه البيهقى‬
ِ ‫َل‬ ِ ‫ِإنا َما بُ ِعثْتُ ِِلُت َ ِم َم َم َك‬
َ ‫ار َم ْاَّلَ ْخ‬
Akhlakul karimah ieu oge jadi pangbeuratna timbangan amal jaga waktos urang dihisab di poe
akhir.
ِ ُ‫ان ِم ْن ُحس ِْن ْال ُخل‬
)‫ق (رواه أبو داود‬ ِ َ‫ش ْيءٍ اَثْ َق ُل ِف ْي ْال ِميْز‬
َ ‫َما ِم ْن‬
Sarta masih seueur kautamaan-kautamaan kangge jalmi nu ngagaduhan akhlaqul karimah.
Conto-conto akhlaqul karimah nyaeta :
َ ‫( ) ْال‬maksadna isin ngalakukeun perbuatan nu goreng menurut agama, oge isin
1. Isin (‫حيَا ُء‬
pami teu ngalakonan parentah agama)
2. Amanah
3. Kasih sayang (‫)الرحمة‬
4. Jujur
5. Setia/loyalitas (‫الوفَا ُء‬
َ )
6. Sabar
7. Qona’ah
8. Syukur
9. Ikhlas
ْ)
10. Ngendalikeun diri (ُ ‫ال ِعفاة‬
Nu kedah janten catetan akhlak-akhlak nu nembe disebatkeun, mencakup sagala aspek teu ngan
wungkul aspek hubungan papada jalma sareng jalma nu lian, tapi tiasa hubungan manusa sareng
Alloh, rasul, papada manusa (ka muslim, ka kafir), oge ka makhluk Alloh nu sanesna.

Kabalikan tina akhlaqul karimah nyaeta akhlaqul madzmumah, nyaeta akhlak nu goreng. Conto-
conto akhlaqul madzmumah nyaeta :
1. Sombong
2. Hasud/iri dengki
3. ‘Ujub
4. Zholim/aniaya
5. Amek (marah)
6. Koret/medit
7. Doraka ka ibu rama
8. Goreng basa

Mugia urang sadayana ditebihkeun ku Alloh tina akhlak-akhlak madzmumah.


tutup

You might also like