You are on page 1of 14

ÉSTÉTIKA MUSIK DINA KAWIH ISOLA

Diajukeun pikeun nyumponan salasahiji pancén Mata Kuliah Éstétika

Dosén Pangampu

Dr. Retty Isnendes, M.Hum.

Ade Sutisna, S.Pd., M.Pd.

ku:

Kelompok 3

Maulaa Nur Anshari 1806503

Meli Fitriana 1806091

Muhamad Saeful A 1806564

Kelas 3A

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA SUNDA


FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
BANDUNG

2019
PANGJAJAP

Puji sinareng syukur hayu urang ronjatkeun ka Allah Swt.,anu parantos maparin
mangpirang-pirang kani’matan nepika ieu makalah tiasa diréngsékeun.

Teu hilap solawat miwah salam mugia sapapaosna dikocor golontorkeun ka jungjunan
alam Nabi Muhammad saw, ka para kulawargana, sohabatna, dugi ka urang salaku umatna nu
patuh sarta tumut kana sagala ajaranna dugi ka ahir jaman.

Makalah anu miboga judul “Éstétika Musik dina Kawih Isola” disusun pikeun
nyumponan salah sahiji pancén mata kuliah Éstétika. Dina ieu makalah dipedar ngeunaan hal-hal
anu aya patalina jeung Éstétika, hususna dina bagéan Éstétika Musik. Salian éta ieu makalah
miboga tujuan pikeun pangaweruh ka urang sadaya salaku mahasiswa jurusan Pendidikan
Bahasa Sunda.

Mugia ieu makalah aya mangpaatna pikeun urang sadaya, sangkan tiasa ngaronjatkeun
kamampuh ngeunaan Éstétika. Panyusun ngahaturkeun nuhun ka sadaya anu parantos ngarojong
dina sagala kagiatan dugika ieu makalah réngsé.

Bandung, 21 Oktober 2019

Panyusun

i
DAPTAR EUSI

PANGJAJAP.................................................................................................... i
DAPTAR EUSI ............................................................................................... ii
BAB I BUBUKA ............................................................................................. 1
A. Kasang Tukang..................................................................................... 1
B. Watesan Masalah ................................................................................. 1
C. Tujuan................................................................................................... 1
D. Métode Panalungtikan.......................................................................... 2
BAB II EUSI..................................................................................................... 3
A. Éstétika Musik...................................................................................... 3
B. Wangenan Kawih ................................................................................ 4
C. Ciri-ciri sarta Tujuan dina Kawih Isola................................................ 4
D. Aspék-aspék kawih Isola ..................................................................... 5
BAB III PENUTUP ......................................................................................... 10
A. Kancindekan ........................................................................................ 10
B. Saran .................................................................................................... 10
DAFTAR PUSTAKA....................................................................................... 11

ii
BAB I

BUBUKA

A. Kasang Tukang
Dina kahirupan sapopoé kaéndahan penting pisan sarta dibutuhkeun ku jalma réa. Kaéndahan
digunakeun manusa sangkan meunangkeun kapuasan rasa pikeun dirina sorangan. Kaéndahan
ogé henteu bisa ditilik sarua ku unggal jalma, kusabab lamun hiji jalma ningali atawa nganilai
hiji barang miboga kaéndahan anu alus can tangtu jalma séjén ogé bisa ngarasakeun hal anu
sarua. Kukituna kaéndahan bisa disebut rélatif.
Cara pikeun nyieun barang anu éndah ogé henteu bisa saupamana ngan saukur téori jeung
ragana anu kosong. Kusabab lamun henteu miboga raga jeung téori anu leuwih jero, tangtuna
waé bakal hésé pikeun hiji jalma nyieun barang sangkan jadi anu éndah. Biasana sastrawan,
pamusik, sarta palukis miboga jiwa anu pinuh ku kaayaan hate nu alus sangkan ngahasilkeun
karya anu hade. Salian ti éta, kaayaan lingkungan dina nyiptakeun hiji karya ogé bakal
mangaruhan hasil karyana.
Salasahiji karya anu bisa diciptakeun téh nya éta musik. Salian bisa diciptakeun, musik ogé
bisa ditalungtik ngeunaan kaéndahan éstétikana. Salaku nu nalungtik atawa ngaaprésiasi
ngeunaan kaéndahan hiji musik, tangtuna urang kudu apal heula naon jenisna, kumaha ciri-
cirina, sarta naon tujuan éta musik diciptakeun..
B. Watesan Masalah
Dina ieu makalah miboga watesan masalah, di antarana nya éta.
1. Naon nu dimaksud Éstétika Musik?
2. Naon waé ciri-ciri sarta tujuan dina kawih Isola nu patalina jeung Éstétika?
3. Naon waé aspék-aspék Éstétika dina kawih Isola?
C. Tujuan
Dina ieu makalah miboga tujuan, di antarana nya éta.
1. Pikeun mikanyaho naon nu dimaksud Éstétika Musik.
2. Pikeun mikanyaho naon waé ciri-ciri sarta tujuan dina kawih Isola nu patalina jeung
Éstétika.
3. Pikeun mikanyaho naon waé aspék-aspék Éstétika dina kawih Isola.

1
D. Métode Panalungtikan
Objék panalungtikan mangrupa masalah anu bakal ditalungtik. Objék tina panalungtikan ieu
makalah téh mangrupa hiji kawih anu bakal ditalungtik ngeunaan ciri-ciri jeung tujuan éta kawih
sarta aspék-aspék anu nyangkaruk. Numutkeun Umar (2005:303) objék panalungtikan
nétélakeun ngeunaan naon atawa saha anu bakal jadi objék panalungtikan. Sarta di mana jeung
iraha panalungtikan dilakukeun, bisa ogé ditambahan ku nu lianna saupama henteu diperlukeun.
Sedengkeun numutkeun Sugiyono (2007:38) objék panalungtikan mangrupa salasahiji atribut
atawa sipat atawa nilai ti jalma lian, objék atawa kagiatan anu miboga salasahiji ragam nu geus
ditetepkeun ku panalungtik pikeun dipaluruh sarta pikeun disimpulkeun kahareupna. Jadi, objék
panalungtikan mangrupa salasahiji tetepan ilmiah nu miboga tujuan pikeun meunangkeun data
anu aya nilai atawa ukuran nu béda.
Métode anu digunakeun dina ieu makalah nya éta métode déskriptif nu mangrupa salasahiji
panulisan nu ngagambarkeun kaayaan anu sabenerna ngeunaan objék anu ditalungtik,
numutkeun kaayaan anu sabenerna nalika panalungtikan lumangsung. Jadi, méode panalungtikan
ieu ngagambarkeun naon waé ciri-ciri jeung tujuan diciptakeunna kawih, sarta aspék-aspék
éstétika.

2
BAB II
EUSI
A. Éstétika Musik
Kaéndahan miboga kalungguhan anu penting dina kahirupan manusa. Salasahiji wangun
ayana kaéndahan téh nya éta dina karya seni (Surajiyo, 2015). Misalna éstétika musik, wangenan
éstétika musik nyaéta salasahiji cabang élmu anu maluruh ngeunaan aturan-aturan sarta prinsip-
prinsip kaéndahan musik, boh ditilik tina nilai-nilai intrinsik musik éta sorangan, boh tina rélasi
anu sipatna psikologis ngeunaan kahirupan manusa. Éstétika musik ngawengku segi-segi filsafat
musik sarta kritik-kritik anu sipatna filosofis ngeunaan karya-karya musik. Di sisi lain, éstétika
musik mangrupa ngabahas ngeunaan harti sarta hakékat kaéndahan musik. Di sisi lianna,
ngabahas kumaha kaéndahan éta bisa nepi, dipahaman sarta bisa ngahasilkeun kaéndahan pikeun
nu ngadéngéna. Kecap éstétis atawa éndah bisa ditafsirkeun kusababaraha wangenan, jadi kurang
saupamana disimpulkeun ngan ku hiji wangenan wungkul. Kukituna éstétika musik maluruh
ngeunaan diri manusa dina rélasi jeung musik, kaasup ragam konsép pamikiran ngeunaan musik,
utamana ngeunaan pangaruh musik dina kahirupan sapopoé manusa (Sunarto, 2017).
Numutkeun Sunarto (2017) dumasar kana wangenan yén éstétika musik téh loba maluruh
ngeunaan nilai-nilai filosofis, ku kituna henteu anéh saupama dina tumuwuhna ngadatangkeun
kelompok-kelompok anu sewing-séwangna patukang tonggong dina sawanganna. Kelompok éta
mangrupa, 1) Autonomis; 2) Heternomis.
Kelompok Autonomis méré sawangan yén musik mangrupa hiji dunya sora nu ngaorganisasi
sarta madeg mandiri tanpa miboga harti nanaon. Numutkeun maranéhna musik lain mangrupa
basa nanaon sarta lain basa tina ambek atawa rarasaan. Numutkeun tokoh kelompok Autonomis
Edward Hanslick, musik henteu bisa digambarkeun sacara nyata sanajan sacara simbolik,
kusabab henteu miboga alat/sarana pikeun nyieun kawas kitu. Kusabab henteu make bantuan
katerangan ti salasahiji sarana kawas kecap-kecap, atawa euweuh anu bisa ditepikeum ku musik.
Sabalikna, kelompok Heternomis yén musik bisa mangrupa hiji sarana pikeun ngébréhkeun
rasa, ngaumpamakeun ide-ide, barang-barang, sarta hiji suasana. Kukituna, numutkeun
Heternomis musik bisa mangrupa hiji basa saperti basa lisan/baca. Numutkeun inohong
kelompok Heternomis, Richard Wagner, musik mangrupa basa tina émosi-émosi nu tangtu anu
bisa digunakeun pikeun ngaumpamakeun sarta ngagambarkeun naon waé.

3
B. Wangenan Kawih
Numutkeun Mujahid, 2011 nétélakeun yén kawih nya éta lagu anu boga unsur-unsur seni
mangrupa musik jeung sastra sarta miboga notasi jeung wiletan.
Sedengkekun numutkeun Setiaji, 2017 nétélakeun yén kawih nya éta karawitan sekar nu
dina midangkeunna kaasup kana sekar nu karyana leuwih jero pakaitna kana témpo nu tangtu
atawa leuwih disebut sekar tandak. Tapi henteu salilana kawih kudu tangtu ketukanna, aya ogé
anu bébas dina wirahmana. Kawih biasana dipidangkeun sacara anggana sekar (solo) ogé bisa
dipidangkeun dina wangun layeutan sora. Kawih kabagi jadi dua rupa, nya éta:
1. Sekar irama merika, nya éta panjang atawa pondokna sorang jeung wirahma gumantung
anu ngawihkeunna, saperti tembang buhun rancag, tembang buhun raehan, beluk,
kakawen, suluk, tembang Cianjuran, kakawihan tembang.
2. Sekar tandak, nya éta sekar anu ajeg wiletana tegesna lolongkrang-lolongkrang antara
wirahma hiji jeung wirahma nu lianna.

C. Ciri-ciri jeung Tujuan dina kawih


Ciri-ciri ngeunaan kawih mangrupa kabeneran naon waé anu aya dina hiji kawih sangkan
bisa dijadikeun tatapakan atawa kayakinan yén hiji hal anu diomongkeun téh sarua, saupama
miboga ciri-ciri nu sarua. Kawih miboga sababaraha ciri-ciri di antarana nya éta :
a) Kawih miboga unsur musik jeung sastra
Maksudna kawih utamana Isola pasti miboga unsur musik jeung sastra, sabab sangkan
ngeunah didéngékeunna, lamun saupamana kawih teu make unsur musik pastina waé bakal
hambar jiga macakeun sajak biasa. Tuluy kawih miboga unsur sastra lantaran dina
rumpakana miboga harti anu henteu sajalantrahna, pasti waé maké kecap-kecap hiasan.
b) Ngandung nilai-nilai kahirupan, unsur sosial, sarta saluyu jeung lingkungan hirup
Dina rumpaka kawih Isola miboga harti yén Isola mangrupa hiji-hijina gedong nu agréng
dina jamanna. Isola ngagambarkeun di mana ayana, nya éta di sabudeuran gunung
Tangkuban Parahu. Salian urang dinyana hungkul, tapi Isola geus katelah kamamana, sabab
gedong sajarah téa.
c) Hésé dikawihkeun ku jalma anu asalna ti daérah séjén, sabab kurangna penguasaan
dialék/bahasana nepi ka pengahayatanna kurang maksimal

4
Kusabab hésé gé nya éta ku ayana ciri atawa idéntitas sorangan ti urang Sundana.
Dialékna anu lemah, leuleus, sarta soméah nu ngajadikeun kawih téh hésé pikeun jalma luar
nu hayangh diajar.
d) Ngandung nilai-nilai kahirupan anu unik jeung has
Nilai-nilai kahirupan anu aya dina kawih Isola nya éta nétélakeun yén Isola mangrupa
tempat pikeun diri sorangan meuseuh diri dina prihatin, pikeun babakti ka nagara sorangan.
Sarta has dina kawih ieu téh nya éta kaayaan atawa tempat ngadegna gedong Isola téh nya
ayana di sabudeureun gunung Tangkuban Parahu.
e) Unsur-unsur nu aya dina rumpaka kawih nya éta unsur jejer, unsur nada jeung suasana,
unsur rasa, jeung unsur amanat
Jejer anu kasampak dina kawih Tangkuban Parahu nya éta ngeunaan rasa kareueus kana
bangunan Isola anu ayeuna mah jadi Paguron Luhur nu kacida kawéntarna. Ngeunaan nada,
rasa, jeung suasana nya éta ngeunaheun nalika didéngékeunna, sarta nada jeung rasana anu
teu tarik atawa laun teuing sarta henteu gancang boh laun. Sedengkeun amanat anu
kakandung dina kawih ieu mah mangrupa peupeujeuh sangkan urang bener-bener nalika
néangan élmu demi kamajuan nagara.
Sedengkeun tujuan diciptakeunna kawih Isola nya éta wangun penghargaan pikeun para
pejuang kamerdekaan. Sarta ku kareueus kana kaéndahan bangunanna anu ngadeg agréng
sigrong di sabudeureun Bandung Lémbang. Ditambah kusabab ieu wangunan téh cikal bakalna
Paguron Luhur, tempat diajarna para Mahasiswa pikeun babakti ka Nagara.

D. Aspék-aspék dina Kawih Isola


Numutkeun A.A.M Djelantik nétélakeun yén sakabéh benda atawa kasenian miboga tilu
aspék diantarana wujud/rupa, isi/bobot, pintonan/performa.
1. Wujud/ Rupa
Istilah wujud miboga harti anu jembar, wujud di dieu lain ngan ukur nu katempo
hungkul, tapi anu teu katempo ogé kaasup. Wujud téh aya anu katempo (visual) jeung nu
kadéngé (akuistis). Dina kawih Isola pastina miboga wujud/rupa nya éta:

5
a) Rumpaka
Rumpaka mangrupa jenis wujud atawa rupa tina kawih anu bisa ditingali tapi henteu
bisa dirasakeun. Rumpaka dina kawih Isola nya éta.
ISOLA
Isola Bumi Siliwangi
Liliwatan Bandung Lembang
Suku Tangkuban parahu
Ngabedega éndah, agréng sigrong
Isola Bumi Siliwangi
Patapaan seuwe siwi
Meuseuh dirina prihatin
Keur babakti demi lemah cai
Isola pada muru ti jauhna
Kajojo sanusantara
Kader-kader keur harepan
Ti Isola mimitina.

b) Alat musik
Alat musik mangrupa salasahiji wujud tina kawih anu bisa katempo. Dina alat
musikna kawih Isola bisa dipirig ku kabéh waditra. Tapi anu leuwih merenah sarta
ngenaheun nalika didéngékeun mah nya éta ku kacapi jeung suling.

Suling mangrupa salasahiji jenis karawitan anu cara ngamaénkeunna ditiup. Suling
anu digunakeun dina kasenian
biasana suling anu dijieunna tina awi
tamiang. Suling pikeun kawih mah
biasana miboga wangun ukuran
panjangna 50-57 cm sarta anu
bolongna aya genep.

Salian ti suling, aya ogé kacapi.


Kacapi mangrupa salah sahiji jenis alat musik anu cara ngamaénkeunna ditoél-sintreuk.
Kacapi anu digunakeun pikeun mirig kawih biasana kacapi setir, anu bentukna masagi
panjang, senarna aya 20. Dina kacapi sunda miboga 5 tangga nada (pentatonis) nyaéta
Da, Mi, Na, Ti, jeung La. Notasi anu digunakeun nalika ngaulinkeun kacapi nyaéta

6
notasi degung. Notasi degung mangrupa notasi bagian tina hiji system heptacordalpelog.
Kacapi miboga 2 fungsi diantarana:
1) Fungsi induk/indung
Fungsi kacapi indung
nyaéta pikeun mingpin iringan
musik nu diulinkeun ku cara méré
intro, bridges, interlude, jeung
tempo. Dina kacapi indung
miboga 18 atawa 20 dawai nu
leuwih gedé tibatan kacapi rincik.

2) Fungsi rincik/ anak


Fungsi kacapi rincik/anak
nyaéta pikeun kabeungharan
iringan musik ku cara ngisi
ruang-ruangan tangga nada jeung
frekuensi nu leuwih luhur,
khususna dina ngaulinkeun lagu
nu aya dina kacapi suling atawa
sekar penambih. Kacapi rinci ku
ukuranna leuwih leutik sarta
dawaina leuwih saeutik tibatan kacapi indung, nya éta aya 15 dawai.

2. Eusi
Anu dimaksud eusi dina karya seni nya éta ma’na tina hasil naon anu geus dipidangkeun.
Eusi karya seni bisa katempo langsung ku panca indra. Sacara umum eusi dina kesenian bisa
ditalaah kalayan merhatikeun tilu hal nya éta suasana, gagasan, jeung ajakan. Dina kawih
Isola miboga ma’na, diantarana :
a) Eusi tina rumpaka kawih Isola

7
 Rasa, nyaéta unsur nu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko-poko pasualan
anu aya dina rumpaka kawih.
Hasil Analisis: Kawih Isola miboga rasa kareueus kana bangunan agréng tur
sigrong nu aya di antara liliwatan Bandung Lembang.
 Nada, nyaéta sikep nu nulis rumpaka kawih pikeun jadi karasa ku anu boh
ngaregepkeun boh ngadéngékeun.
Hasil analisis: kawih isola miboga nada bagja tur reueus nu matak nyieun ngirut
pikeun jalma anu ngadéngékeun.
 Amanat, nyaéta perkara atawa pasualan nu baris ditepikeun ku nu nyiptakeun
pikeun aya mangpaatna keur nu ngaregepkeun.
Hasil analisis: Kawih Isola miboga amanat nya éta kaéndahan bangunan Isola anu
kudu tetep dijaga sabab Isola mangrupa icon nu aya di Bandung, sarta ayeuna
mah Isola téh mangrupa tempat patapaan seuweu siwi pikeun meuseuh diri
sangkan bisa babakti ka nagara dina harti tempat panimbaan élmu.
 Jejer, nyaéta hal poko nu ngajiwaan eusi rumpaka kawih.
Hasil analisis: kawih Isola miboga jejer kaayaan anu éndah dina éta bangunan
sarta sajarahna baheula tur fungsina bangunan pikeun kahirupan ayeuna.
b) Eusi tina alat musik kawih Isola
 Kacapi
Unsur éstétika kacapi aya dina téknik ngulinkeunna. Pamaén kacapi kudu miboga
téknik dina ngulinkeun kacapi sangkan bisa ngahasilkeun melodi anu éndah
diantarana:
o Teknik di jambret
Ieu téknik dilakukeun ku cara ngagerakeun ramo leungeun katuhu nya éta
jempol, tengah, jeung curuk diluhur senar nada nu dipaénkeun babarengan, sarta
dua ramo leungeun kénca nyaéta jempol jeung curuk ku cara metik senar salaku
pangisi nada bebas. Ieu téknik disebut téknik jambret sabab posisi awak jeung
leungeun pamaén kacapi kaciri siga nu rék ngajambret.
o Téknik sintreuk toél
Téknik sintreuk toél nyaéta téknik metik senar kacapi ku cara ngalentikkeun
ramo dina senar kacapi ngagunakeun tungtung curuk leungeun katuhu jeung

8
kénca. Disebut téknik sintreuk toél sabab gerakanna siga nu rék noel jalma. Dina
ieu téknik kudu ngaposisikeun curuk melengkung di handap senar kacapi jeung
pamaén kudu bisa noel senar kucuruk sangkan ngahasilkeun alunan nada anu
melodis.
o Téknik dijeungkalan
Dina téknik ieu posisi awak pamaén leuwih condong kahareup sarta posisi
Ramona hampir sarua jeung téknik ngajambret. Bedana aya di posisi pamaén nu
ngagunakeun ramo leungeun katuhu ngaulinkeun 3 senar nada sacara babarengan
sedengkeun ramo kénca metik senar jeung ngaulinkeun nada sacara bebas.

3. Pintonan/Performa
Salasahiji bagian dasar anu dipiboga ku sakabéh barang seni atawa kajadian kasenian nya
éta pintonan. Pintonan téh diwangun ku unsur seni musik, seni tari, jeung seni drama nu silih
ngadeudeulan pikeun ngawangun pintonan anu hade tur nyugemakeun.
Dina kawih Isola, pintonanna diwangun ku unsur seni musik sarta seni sora. Biasana
kawih Isola sok dipidangkeun nalika aya pasanggiri atawa acara-acara kasundaan lianna.
Salian ti éta gé biasana di UPI nalika keur wisuda, layeutan sora sok ngahariringkeun kawih
Isola kusabab dina rumpaka geus dijelaskeun miboga ajén diajar anu luhur.

9
BAB III
PANUTUP
A. Kacindekan
Éstétika musik nyaéta salasahiji cabang élmu anu maluruh ngeunaan aturan-aturan sarta
prinsip-prinsip kaéndahan musik, boh ditilik tina nilai-nilai intrinsik musik éta sorangan, boh tina
rélasi anu sipatna psikologis ngeunaan kahirupan manusa. Kawih miboga sababaraha ciri-ciri di
antarana nya éta : 1) Kawih miboga unsur musik jeung sastra; 2) Ngandung nilai-nilai kahirupan,
unsur sosial, sarta saluyu jeung lingkungan hirup; 3) Hésé dikawihkeun ku jalma anu asalna ti
daérah séjén, sabab kurangna penguasaan dialék/bahasana nepi ka pengahayatanna kurang
maksimal; 4) Ngandung nilai-nilai kahirupan anu unik jeung has; 5) Unsur-unsur nu aya dina
rumpaka kawih nya éta unsur jejer, unsur nada jeung suasana, unsur rasa, jeung unsur amanat.
Tujuan diciptakeunna kawih Isola nya éta wangun penghargaan pikeun para pejuang
kamerdekaan, kareueus kana kaéndahan wangunanna, sarta wangunan Isola anu bakal téh
Paguron Luhur, tempat diajarna para Mahasiswa pikeun babakti ka Nagara. Wujud tina kawih
Isola nya éta aya rumpaka jeung alat musik. Alat musik anu dipaké pikeun mirig kawih Isola nya
éta kacapi jeung suling. Eusi dina kawih Isola nya éta ma’na tina rumpaka sarta ma’na alat
musikna. Pintonan tina kawih Isola ngagunakeun unsur seni musik jeung seni sora.

B. Saran
Sangkan urang bisa leuwih jero neuleuman éstétika dina musik hususna kawih, urang kudu
miboga seni anu luhur. Sabab dina nganilai hiji karya, tangtuna henteu sagawayah. Bisa waé
lamun ceuk urang alus tapi ceuk batur mah éta malah jadi ngaruksak hiji karya. Ku kituna dina
ieu makalah, dipedar ogé ngeunaan cirri-ciri tina kawihna sorangan, sangkan anu rék dinilai
atawa diaprésiasi téh apal naon waé anu arék ditalungtikna. Tapi saméméh nalungtik ngeunaan
nganilai atawa ngaaprésiasi hiji karya, urang kudu apal naon hartina éstétika. Kumaha carana
urang nganilai hiji karya dumasar kana éstétikana, sarta luyu henteuna cara urang nganilai hiji
karya éta. Pikeun panyusun anu bakal nalungtik ngeunaan éstétika dina musik, dipiharep miboga
jiwa seni anu luhur sarta apal pisan ngeunaan nilai-nilai éstétika sangkan henteu baluweng
pikeun nalungtik kasusna.

10
DAPTAR PUSTAKA
Djelantik, A.A.M. 1999. Estetika Sebuah Pengantar. Bandung: Masyarakat Seni Pertunjukan
Indonesia.
Husein, Umar. 2005. Metode Penelitian. Jakarta: Salemba Empat
Mujahid, Muhammad. 2011. Artikel Baru Basa Sunda Kawih. Pengetahuanku. [Online] di:
http://pengantarilmu-mujahid.blogspot.com/2011/11/artikel-baru-basa-sunda-
kawih.html. [2019, Oktober 21]
Setiaji, Denden. 2017. Pembelajaran Lagu Oray Bungka Dalam Pembentukan Karakter Anak
Usia Dini. Jurnal Pendidikan, 1(1). [Online] di:
https://journal.umtas.ac.id/index.php/EARLYCHILDHOOD/article/view/43. [2019,
Oktober 21]
Sugiyono. 2007. Metode Penelitian. Bandung: Alfabetis
Sunarto. 2017. Estetika Musik. Estetika Musik. Sunarto Filsuf. [Online] di:
http://sunartounnes.blogspot.com/2017/02/estetika-musik.html. [2019, Oktober 21]
Surajiyo. (2015). Keindahan Seni Dalam Perspektif Filsafat. JURNAL DESAIN, 2(3). [Online]
di: https://journal.lppmunindra.ac.id/index.php/Jurnal_Desain/article/view/581. [2019,
Oktober 21]

11

You might also like