You are on page 1of 2

PEMERINTAH KABUPATEN SUKABUMI

DINAS PENDIDIKAN
Jl. Pelabuhan II Km. 22 Cikembang Cikembar Kabupaten Sukabumi (0266) 321575 Fax 321578
http://www.disdik.sukabumikab.go.id - e-mail : info@disdik.sukabumikab.go.id - Kode Pos : 43157

No : 421.2 /1204/Bid-SD Sukabumi, 17 Februari 2020


Lampiran : 1 (hiji) Lembar
Hal : Raraga Miéling Poé Basa Indung

Kahatur,
Bapak/Ibu Kepala Sekolah
di
Tempat

Assalamu'alaikum wr. wb.

Dina raraga miéling poé basa Indung (Sunda) diuningakeun wirehing aya kintunan serat ti
Lembaga Basa & Sastra Sunda (LBSS) anu tujulna ka Bupati Sukabumi patali sareng uar
pangajak kanggo Mieling Poé Basa Indung Internasional dina ping 21 Fébruari 2020.

Uar pangajak dina éta serat téh kalintang saéna sareng peryogi ku urang diéstokeun tur dilarapkeun
di lingkungan pendidikan. Pangpangna mah urang kedah ngiring némbongkeun tarékah dina milu
ngamumulé sareng ngahirup-huripkeun basa Sunda minangka basa indung urang.

Ku hal éta, pamugi Bapa/Ibu nataharkeun rupaning kagiatan kanggo miéling poé basa Indung luyu
sareng anu disarankeun ku LBSS, utamina patali sareng anu tiasa dijalankeun di lingkungan
sakola/lembaga pendidikan. Kusakituna supados langkung anteb dina miraragana ku simkuring
dilampirkeun, susunan kagiatanana.

Sarengna deui saparantos ngalaksanakeun kagiatan mugia tiasa ngintun video dokumentasi kana
grup WA Pengawas atanapi K3S.

Sakitu serat anu tiasa didugikeun, tina sagala perhatosan Bapa miwah Ibu sim kuring ngahaturkeun
réwu nuhun.

Wasalamu’alikum, Wr. Wb.

Baktos,
Kadisdik Kabupaten Sukabumi,

Mohammad Solihin, M.M.Pd.


NIP. 19630305 198512 1 002
RARANCANG RARAGA MIÉLING POÉ BASA INDUNG
DINAS PENDIDIKAN KABUPATÉN SUKABUMI
JUMAAH, 21 FÉBRUARI 2020

No. Tabuh Kagiatan Tempat Panangkes

06.30 – Mapag siswa di gerbang Lawang KS, Sadaya


1 (Penguatan Pendidikan Karakter = Gerbang Guru/ TU
07.00
PPK) Sakola

Sholat Dluha/ PPK nu séjén pikeun Masjid/lapang KS, Sadaya


2 07.00-07.15 sakola nonmuslim Guru/ TU

- Mars Kabupaten Sukabumi Lapang, Tim Literasi


Sakola (TLS)
- Nongton Bareng Video Géopark Aula
3 07.15-08.00 Sukabumi
- Literasi (readathon buku/média
massa basa Sunda

4 Senam Sunda Parahyangan Lapang Guru


08.00-08.15 OR/Senam

Féstival Kaulinan Sunda Lapang, Sadaya Guru


hareupeun
Pilihan: Galasin, Bébénténgan, ucing-
kelas, aula
5 08.15-10.15 ucingan, hahayaman, oray-orayan/
kakawihan séjénna, sasalimpetan,
pocés, congklak, paciwit-ciwit lutung,
béklen, jsb)

Wastafel jeung Sadaya warga


tempat nu aya sakola
6 10.15 -10.25 Beberesih (ngumbah leungeun, suku)
kokocoran cai
beresih

Lapang, Sadaya warga


10.25-10.45 Botram kadaharan urang Sunda/ hareupeun sakola
7
Bazaar kadaharan Sunda kelas, aula

Beberesih Lingkungan sabudeureun Sadaya Guru


8 10.45-11.00 sakola Sakola

Pamungkas (Ngalagu "Hymne Sadaya warga


9 11.00- 11.15 Lapang
Sukabumi") sakola

You might also like