Di sisi balong loba sato anu ngadon imah-imah, nyarieun liang
didinya. Anu matak mun reup peuting teh di dinya sok rame. Bangkong kang- keng-kong, gaang ngear, ditemaku sora-sora sato sejenna saperti jangkrik jeung cihcir ti jauhna. Malah sora bueuk oge aya. Komo peuting harita mah keur hade poena.sakadan bangkong anu matuh di sisi balong, teu eureun-eureun kang-keng-kong, patembalan jeung sato sejenna, kawas anu patarik-tarik. Mangkaning bangkong jalu jeung geus kolot deuih. Atuh sorana oge tarik jeung agem . Keur ngeunah-ngeunah tetembalan bari diuk dina daun tarate, torojol sakadang kadal, nyampeurkeun ka sakadang bangkong. Pok sakadang kadal ngomong “pangapunteun sakadang bangkong tetembanganana ulah tarik-tarik teuing!”. “Naha! Sora-sora kuring, anu tembang – anu tembang kuring, naha make ulah tetembangan?” tembal sakadang bangkong. “lain ulah tetembangan, ngan ulah tarik teuing we, malah mun bisa mah tetembanganana ulah di dieu!” ceuk sakadang kadal deui. “Naha? Imah-imah kuring, rek kitu rek kieu, nya kumaha kuring weh atuh!” ceuk sakadang bangkong teugeug. “Lain kitu, anak kuring keur gering, perlu istirahat. Tapi ayeuna teu bisa sare, lantaran kagandengan ku sora anjeun!” ceuk sakadang kadal. “Eta mah salah sorangan atuh. Naha make hayang boga imah deukeut imah kuring? Apan nyaho kuring mah unggal peuting oge sok tetembalan!” “Maksud kuring teh lain nyaram tetembangan. ngan peuting ieu mah, sapeuting we tetembangan ulah di dieu!” “Nya teu bisa atuh! Mun arek oge anjeun jeung anak anjeun anu indit ti dieu!” Ngadenge omongan sakadang bangkong kitu, sakadang kadal henteu nembal deui. Manehna balik, sup kana liangna teu bijil-bijil deui.
Ari sakadang bangkong terus bae tetembangan. Malah siga anu
ngahajakeun. Ayeuna mah tetembanganana bari jeung ngengklak sagala. Beki lila beuki tarik, jeung beuki maceuh bae. Nepi ka teu kanyahoan yen ti tadi manehna keur di intip-intip ku oray cai sagede leungeun budak. Gep bae sakadang bangkong teh disambar ku oray. Teu bisa hojah deui. Sakadang bangkong anu sombong teh ayeuna mah teu bisa tetembangan deui, da tuluy diteureuy buleud ku oray tea.