You are on page 1of 3

KELOMPOK 3

Budi Purnomo 1804457

Siti Ainun Mahpulah 1802308

Taasya Olivia Firmani S. 1806798

Kelas 3B

Nilai Estetika din

a Raksukan Sunda Jaman Kiwari

Budaya Ssunda mangrupa salah sahiji kabudayaan pangkolotna di Indonesia. Loba


pisan jenis kabudayaan di jawa barat hususna Sunda nu miboga ciri has. Warisan eta
titinggal karuhun éta nu kudu tetep kudu dimumulée. Daerah Sunda miboga raksukan nu has
beda ti daerah lianna, nu pastina miboga kaunikkan sewang-sewangan. Jaman baheula make baju
téh dumasar kana kasta jeung kakawasan. Baju adat Sunda dibédakeun jadi tilu kelompok nyaéta
kalangan handap, kalangan tengah, jeung kalangan luhur (bangsawan).

Raksukan SundaLian mibogati nilai-nilai kasopanan nu luhur. Numutkeun Retty


Isnendes : Aya tilu dunia dina sistem kahirupan Sunda nyaéta buana luhur (suci) surgaloka,
buana panca tengah (bumi), jeung buana handap (alam langgeng).

Tina konsep éta aya pakaitna jeung raksukan Sunda khususna pikeun masarakat Baduy.
Upama disaluyukeun jeung buana handap nu miboga warna hideung, tangtu raksukan Sunda
kahandapna make nu warna hideung. Kitu ogé saupama disaluyukeun ka buana luhur jeung
buana tengah nudicirikeun ku warna bodas tangtu raksukan kaluhurna maké warna bodas.

Nilik kana kahirupan jalma jaman kiwari éstétika dina make raksukan titinggal karuhun geus
mulai ditinggalkeun. Jalma jaman kiwari leuwih ngutamakeun éstétika kaéndahan hungkul teu
niténan kana filosofi di jerona. Maké raksukan sunda salah sahiji estetika saluyu jeung
kabudayaan Sunda. “estetika unda menawarkan nilai dan aktivitas yang memancar pada
karakter pemakainya” (Isnendes, 2014)

Memang saestuna kahirupan baheula jeung ayeuna geus jauh béda dina kayakinan ogé
geus robah. Tapi teu nyingkahan yén dina raksukan Sunda loba pisan kaalusan jeung jero pisan
filosofina. Upamana dina iket opat juru miboga harti kereteg hate, ucapan, sikep, jeung awak.
Iket tilu juru miboga harti asas tritunggal (kesetaraan dalam hidup) nyaéta hidup babarengan
layeut antara pamingpin agama (resi), pamingpin wilayah (perebu), jeung pamingpin rakyat
(rama). Daerah Sunda miboga raksukan nu has beda ti daerah lianna, nu pastina miboga
kaunikkan sewang-sewangan. Jaman baheula make baju téh dumasar kana kasta jeung
kakawasan. Baju adat Sunda dibédakeun jadi tilu kelompok nyaéta kalangan handap, kalangan
tengah, jeung kalangan luhur (bangsawan).

Kalangan handap, Baju pangsi, Kebaya jeung kebat

Jaman baheula pangsi jeung kabaya mangrupa raksukan jang masarakat kalangan
handap kusabab basajan. Nu make pangsi biasana kaum tani.

 Lalaki
Lalaki biasa make calana nu gombrang, atawa pangsi. Kanggo luhureunana
ngaranna salontreng. Tapi biasana sok disebut baju pangsi. Make sarung oge jang
ngalengkepan tuluy make sendal tina kai. Make iket model Barambang Semplak
atawa Hanjuang Nangtung.

 Awewe
Awewe biasana make kabaya tapi di jaman kiwari mah dina maké raksukan téh
geus teu dibéda-bedakeun deui. Jenis raksukan Sunda jaman kiwari nu bisa dipaké
ku kabéh kalangan nyaéta pangsi, kabaya sunda jeung samping kebat tuluy make
sendal teplek atawa selop.

Kalangan Tengah

Bedana raksukan kalangan handap jeung luhur diantarana, leuwih rapih jeung berwibawa.
Raksukan ieu biasana dipake ku kaum tengah jeung luhur, nu biasana miboga hawe dagang,
usaha, saudagar.

 Lalaki
Biasana make baju warna bodas nu disebut Bedahan. Dipadukeun jeung kain kebat nu
disarungkeun, make beubeur jeung iket nu disebut bengker. Biasana sok make erloj.
 Awewe
Awewe make kebaya nu aya warna jeung corakan. Di sanggl tuluy make kebat jang
handapeunana. Make beubeur jeung selendang warna. Make sendal kelom geulis jeung
perhiasan jang asesoris.

Kalangan Luhur

Nu pamungkas nya eta raksukan kanggo menak. Nu pasti beda jeung raksukan kalangan sejenna.

 Lalaki

Baju adat Sunda nu dipake nya eta jas buludru hideung. Jas ieu dijieun tina benanh
emas diujung leungeun. Calana panjang motif nus saluyu jeung jas. Jang nutupan sirah
make bendo tuluy make sendal selop hdeung

 Awéwé

Make kabaya buludru hideung, aya manik-manik na. Kain kebat motif rereng jang
handapeunana. Tuluy make selop tina bahan buludru hideung, ditambahan asesoris nu
mangrupa sanggul buuk jeung konde.

Maké raksukan sunda salah sahiji estetika saluyu jeung kabudayaan Sunda. Nu

Daftar Pustaka

Isnendes, Retty.(2014). “Etika Sunda Sebagai Kearifan Lokal masyarakat Sunda Tradisional
dalam Sawangan Pendidikan Karakter”. Jurnal Ilmu Pendidikan dan Pengajaran 1. (2).

You might also like