You are on page 1of 2

Maluruh Wangun Sajak

Sajak teh nyaeta karya sastra atawa karangan wangun ugeran (puisi) anu ngebrehkeun
pangalaman batin panyajakna jeung teu pati kauger ku patokan-patokan. Disebut karangan
ugeran teh sabab dina sajak mah aya hal-hal nu kudu diperhatikeun, diantarana diksi atawa na
pilihan kecap jeung wirahma. Selain eta, sok disebut oge sajak bebas. Bebas di dinya, tangtuna
oge relative. Upama dibandingkeun jeung guguritan, anu ditulis dina wangun pupuh, jelas sajak
mah leuwih bebas. Sajak heunteu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana, jumlah engang dina
unggal padana atawa sora tungtung dina unggal padalisan.
Upama dibandingkeun jeung sisindiran, sajak mah heunteu kudu kauger ku cangkang jeung eusi.
Upamana dibandingkeun jeung mantra, sajak mah heunteu kauger ku pilihan kecap anu
ngandung kakuatan gaib, atawa digelarkeun (diucapkeun, dipapatkeun) pikeun tujuan-tujuan
khusus anu patali jeung kapercayaan.
Sajak kauger ku diksi jeung wirahma (nu matak heunteu disebut wangun lancaran). Wirahma,
ciri utama anu ngabedakeun wangun ugeran jeung wangun lancaran, karasa nonjol dina sajak;
bisa jadi lantaran ugeran-ugeran sejenna, saperti nu aya dina pupuh, henteu dipake.
Dina kamekaranana, tetela sajak teh bisa nyilihkeun guguritan. Kiwari sajak bisa disebut wangun
puisi pangpopulerna dina pajemuhan sastra Sunda. Dimuat dina majalah jeung surat kabar
Sunda. Ti dinya kakara dibukukeun. Memang umumna buku kumpulan puisi Sunda mah
mangrupa kumpulan sajak anu samemehna geus dimuat dina surat kabar atawa majalah.
Sajak teh dina sastra sunda mah lain karya sampakan. Bisa jadi mangrupa pangaruh tina sastra
Indonesia. Mimiti gelar sabada merdeka. Sajak sunda munggaran ditulis ku Kis Ws dina taun
1946.
Dina mimiti gelarna, sajak teh henteu jol –jol ditarima ku masarakat sunda. Beda jeung carita
pondok. Ari alesanna, sajak teh lain wangun sastra pituin urang sunda. Alesan anu teu bisa
ditarima ku akal, sabab dina seuhseuhanna mah guguritan oge anu harita dianggap karya sastra
asli urang sunda, mangrupa pangaruh tina sastra Jawa.
Ciri-Ciri Sajak :
a. Kaasup kana karya sastra modern
b. Mangrupa karya sastra sampeuran
c. Ditulis dina wangun ugeran
d. Jumlah jajar, bait, atanapi suku kata na bebas
Unsur-Unsur Sajak :
a. Tema / Jejer / Topik
b. Judul
c. Amanat
Gaya Basa/Majas, nyaeta runtuyan kecap atawa kalimah nu ngandung harti injeman (konotatif).
Dina maca sajak aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, nyaeta :
a. Jejer / tema
b. Lafal
c. Sora, intonasi/lentong
d. Rasa (rasa waas, bungah, sumanget, ambek, atawa ceuceub)
e. Wirahma, paroman, pasang peta
f. Cara ngajiwaan eusi sajak

Conto Sajak Sunda :

PAMAYANG

Karya : Rachmat M. Sas. Karana


Bulan imut
ngangkleung di langit
budak ulin di buruan
Angin darat

muru ka laut
pamayang nyolendang korang
Parahu leutik

laju nyiriwik
nganteur usaha di sagara
Warna perak

‘na beungeut ombak


beuteung lauk tingborelak
Nu jadi harepan

pikeun kahirupan
laut lega paparin Pangeran

Tugas

- Prak teangan unsur sajak, harti denotatif jeung harti konotatifna tina sajak di luhur!

You might also like