You are on page 1of 3

Hayang Payu? Nginum!

Ku Mauliddhiya Nooria Ridha Kamila

Zaman kiwari, hayang payu téh mahal. Lalaki hayang ka nu


geulis. Awéwé hayang ka nu kasép. Ngan, saeutik jelema apal. Kumaha
carana. Teu mahal. Teu maké obat. Saha waé jelema, bisa!

Jelema pasti beuki barang dahar. Nggeus dahar pasti nginum.


Ieu nu jadi masalah. Jelema nginum sanggeus dahar hungkul! Henteu
dijadikeun kabiasaan. Padahal mah, éta salah sahiji anu jadi matak.
Cai téh loba. Indonesia jadi nagara nu loba lautna. Kitu ogé salira
urang saréréa. Laeuwih ti satengahna awak urang saréréa mangrupa
cairan. Naon hubunganana cai bodas jeung payu? Cai bodas boga efek
kanu beungeut? Atawa, cai bodas jadi pélét?
Raray barudak SMA kiwari, geus béda. Budak zaman kiwari mah
maké wardah ka sakola geus biasa. Geus loba nu maké pensil halis.
Jeung sagala rupana. Ngan, teu loba nu apal. Kumaha carana méh
geulis. Méh kasép. Méh raray bersih. Nu sabenerna mah murah.
Cai miboga rumus kimia H2O. Cai mibogaan sifat teu berasa.
Teu boga warna. Bening. Jeung deui, cai bisa ngaliwat kana lobang
leutik / pori. Atau bisa ngalir ti luhur ka handap. Bisa ngabentuk sarua
siga wadahna. Boga massa na sorangan. Jeung bisa ngadorong ka
mamana.
Loba pisan mangpaat nginum cai bodas. Kahiji, ngaleungitkeun
dehidrasi. Dehidrasi téh nyaéta kakurangan cairan. Dampak tina
dehidrasi nyaéta leuleus. Leuwih parah deui, pingsan. Kadua, ngajaga
konsentrasi cairan dina jero awak. Bisa konséntrasi asam, basa, atawa
nu lain. Koléstérol, lemak, jeung gula ogé. Katilu, ngaluarkeun racun.
Racun dikaluarkeun tina papang. Ogé bisa tina kesang. Urang butuh
asupan cai. Méh aya nu kaluar, aya ogé nu asup. Kaopat, ngajaga
ginjal. Panyakit jaman kiwari geus rupa rupa. Masalahna sebenerna hiji.
Aya dina ginjal. Ginjal bisa guna, mun loba cai. Fungsi ginjal nyaéta
nyaring getih. Bisa ti racun, ti panyakit, ti lemak, jeung réa deui.
Masalahna mun kurang nginum cai bodas. Ginjal bisa waé salah
nyaring. Nu kuduna teu kapiceun, kadon kapiceun. Nu kuduna
kapiceun, kadon disimpen deui. Kan bahaya. Kalima, ningkatkeun
guguna otak. Ku lobana cai, otomatis oksigén ogé loba. Oksigén anu
loba bakal dialirkeun kana otak. Lamun loba oksigén, otak leuwih
gancang gawéna. Boh diajar, nyimpen memori / informasi, jeung rea
deui.
Bieu diluhur geus disebutkeun mangpaat nginum cai bodas
pikeun awak urang saréréa. Ayeuna, mangpaat nginum cai bodas
hususna pikeun raray urang saréréa. Dokter Radityo Anugrah kungsi
nétélakeun, aya tilu mangpaat. Kahiji, raray katingali kaelastisanana.
Raray jelema anu nginum cai bodasna luyu kana aturan biasana alus.
Boga tekstur sorangan. Anu kenyel rada padet. Kadua, raray katingali
bodas atawa ngabodasan. Biasana, hideung téh lain gara gara osok
moé. Hideung ogé bisa lantaran kurangna nginum cai bodas. Racun teu
kalaluar, jadi mendem dina raray hususna. Katilu, tos kabukti. Ku
nginum cai maké aturan nu bener ngondang piatoheun. Raray hésé
kerod. Kapelong awét anom.
Jadi mun hayang geulis, nginum waé gé bisa? Henteu kitu ogé.
Dr. Caroline tina bukuna nu judulna “The MD Factor Diet” nétélakeun.
Mun hayang alus teu cukup ngan nginum cai bodas hungkul. Kudu
dahar sayur ogé. Kudu dahar sangu ogé, angger. Kudu dahar buah ogé,
komo. Susu jeung témpé, tahu, ulah hilap! Cenah, mun hayang boga
raray alus, kudu dahar kitu. Sagala aya. Ulah karbohidrat hungkul.
Atawa protéin hungkul. Komo mun cai hungkul mah. Lian ti éta, kudu
saré ogé sing bener. Ulah loba saré subuh nungguan nonton bola, mun
hayang raray alus mah. Nginum anu alus kudu minimal dalapan gelas.
Sapoé na téh.
Emang loba rupa - rupa kulit téh, khususna raray. Aya kulit
normal, minyakan, sensitif jeung garing. Ari kulit normal téh nyaéta kulit
anu saimbang. Anu bisa nyaimbangkeun kadar minyak. Sabacea teh
nyaéta kelenjar minyak. Ciri kulit normal, nyaéta kenyel, halus, teu
garing, jeung teu minyakan. Kadua, kulit minyakan. Hinyay gening
barudak ayeuna mah nyebatna. Hinyay teh lantaran kelenjar sabacea
loba teuing ngaproduksi minyak. Bisa lantaran gen, hormon, atau
dahareun anu eksternal. Ngan biasana budak sakola anu miboga kulit
hinyay téh. Lantaran hormon androgen keur aktif aktifna. Hormon
androgen ieu, anu ngké na bakal ngarangsang kelenjar sabacea jang
ngalurkeun minyak. Ciri kulit anu hinyay, nya pasti kapelong minyak
dina rarayna. Khususna di tarang jeung pipi. Biasana ogé, anu miboga
kulit minyakan biasana boga jerawat. Katilu, kulit anu garing. Kulit anu
garing lantaran kelenjar sabacea ngaluarkeun saeutik minyak. Jadi,
raray teu bisa mertahankeun teksturna. Akhirna, kaluar kerutan tina
raray. Ciri kulit garing nyaéta kulitna tegang jeung kaku. Masing geus
tamas, atawa nyuci muka maké sabun. Kaopat, kulit anu sensitif. Kulit
sensitif biasana gampang robah. Jeung parobahanana kapelong.
Biasana sok ngabeureuman. Parobahan ieu bisa lantaran ku suhu,
kaasaman, jeung bisa waé tina salah milih pupur.
Saenana mah, jenis kulit teu pati aya bilukarna kanu kasehatan
kulit. Khususna raray. Ngan biasana, saacan mulai terapi, kudu apal
heula naon keluhanana. Méh gampil cara ngabedakeunana, saacan
jeung sanggeus terapi.
Panulis didieu ogé boga fakta lapangan khusus barudak kelas
sapuluh. SMAN 1 Garut 2017 – 2018. Tina sababaraha patarosan, aya
kacindekan nu bisa dijelaskeun didieu. Loba jelema nu apal sabaraha
kuduna urang nginum cai bodas sapoé jeput. Ngan, teu nepi
satengahna anu ngalakukeun. Puguh wé atuh. Pantesan, luyu jeung
data tina patalékan nu lain. Teu nepi satengahna boga raray anu sehat.
Lolobana kulitna minyakan. Teu karasa tekstur kenyel rada teuas na.
Warna kulit na gé satengahna jelema béda - béda. Aya nu hideung tapi
miboga titik titik bodas. Aya oge anu bodas tapi miboga titik titik
hideung.
Nginum cai bodas ge aya aturana. Ulah sakahayang sorangan.
Nginum anu matak pialuseun kana raray nyaéta dalapan gelas. Dina
sapoé, cai bodas hungkul. Ayeuna, geus dicumponan. Nginum cai
bodas dalapan gelas sapoé. Tapi angger wéh kieu keneh? Sabar!
Ripuh, ngahampangan waé? Sabar. Cobaan sabulan. Ulah aya nu
kaliwat. InsyaAllah aya hasilna. Kungsi aya nu hasil. Ibu - ibu anu
kapelong siga nini - nini. Nyobaan. Saminggu geus katinggali
parobahanana.
Jadi, kumaha méh payu? Nginum heula cai bodas sing loba.
Saeutikna dalapan gelas sapoé. InsyaAllah aya hasilna. Raray jadi
beresih. Mararanteng deuih. Kadituna, InsyaAllah. Moal hésé meunang
kabogoh.

You might also like