You are on page 1of 2

RAIHAANZ ALGI

‘-‘’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’’----------
------/Assalamualaikum wr wb..

Puji sinareng syukur mangga urang panjatkeun ka hadirat allah swt kanggo sadaya limpahan rahmat sarta hidayahna
urang tiasa kumpul sasarengan dina tempat ieu.

Salawat sareng salam mugi teteup kacurahkeun ka jungjungan urang sadaya nyaeta nabi muhamad saw. Mugia
urang sadaya kalebet kana umatna anu diberkahkeun ku allah, amin yaa robbal alamin.

Hadirin sakalian..

Tina kasempatan ieu, alhamdulilah urang tiasa pateupung dina acara pangajian kagamaan, judul ceramah nu baris
bade di pindangkeun ayena nyaeta rupa rupa ciri jalma soleh.

Nah, ari soleh teh nyaeta hiji sifat anu kedah wajib aya di tiap jalma anu ngaku agama islam. Sabab ku jalan soleh
urang bisa taqwa ka Allah SWT, tapi kiwari ayena mah loba jalma anu hayang soleh tapi teu apal kana jalan kumaha
supaya jadi jalma soleh.

Anu malah kadituna lain jadi jalma soleh kalah jadi jelema siga soleh. Antara soleh jeung siga soleh nyaeta beda jauh,
sabab ari jalma soleh mah aya cirina anu tos dijelaskeun dina Al-Qur’an surat Al Imran ayat 114, dina ayat eta
dijelaskeun bahwa ciri jalma soleh teh aya 4 nyaeta:

Ka hiji, Iman Ka Allah SWT Sareng Kana Poe Akhir

Ciri kahiji jalma soleh nu kahiji teh nyaeta jalma anu iman Ka Allah jeung kana Poe Akhir, naon kaitanana ari jalma
soleh teh kudu percaya ka Allah jeung kana Poe Akhir?

Sabab hiji jalma lamun boga kaimanan anu bener manehna moal gagabah dina ngalaksanakeun ibadah ka gusti allah,
hartina bakal bener-bener ngajalakeun parentah Allah sasuai Syarat, Ruku, sareng Elmuna.

Jalma anu Iman Ka Allah bakal salawasna ngajalankeun ibadah kalayan make Elmu. Kadua kaitanana jalma soleh
kudu percaya kana poe akhir, sabab jalma anu percaya kana poe akhir manehna bakal salalawasna ati-ati dina
samemeh ngajalankeun hiji perkara jeung bakal Tadabbur (mikirkeun kana akibat anu bakal timbul tina eta perkara).

Ka dua, Marentah kana Ma’ruf


RAIHAANZ ALGI
Nurutkeun kana ulama, ari definisi ma’ruf teh nyaeta Perkara anu di nilai bener ku aturan syara jeung adab. Hartina
jalma soleh mah sok peduli kana perkara anu bener bari ngajak kana eta perkara, contona sapertos solat, puasa.
jeung perkara perkara anu sejena.

Terus ari ma’ruf nurutkeun kana adab sapertos lamun dina aturan sakola mah barudak teh kudu datang tepat waktu,
tah eta oge bisa disebut ma’ruf.

Jalma soleh teu weuleh ngajak ka sasama jalma kana perkara anu bener, hartina moal nyaman ngalakukeun
kahadean sorangan lamun anu sejen heunteu ngalaksanakaeun.

Ka tilu, Nyarek kana Munkar

Lamun definisi munkar nyaeta lalawanan tina maruf, hartina sagala perkara anu dianggap teu alus ku hukum syara
jeung ku adab.

Dina hal ieu, jalma soleh mah moal betah lamun nempo hiji hal anu teu hade katempona, mangka jalma soleh mah
tara ngantep kana pamunkaran, cara nyegah pamunkaran geus diajarkeun ku para ulama dina kitab Sulamuttaufiq.

Yen, lamun di mana-mana urang ningali hiji pamunkaran, maka wajib eta urang nyarekna etamah rek nyarekna ku
ucapan, atwa ku kalakuan, atwa kumaha wae carana supaya eta pamunkaran teu dipigawe.

Ka opat, Ngaburu buru kana ka alusan

Ciri jalma soleh anu terakhir nyaeta ngagagancang kana ka alusan, hartina tara nunda-nunda kana hal anu sipatna
alus, teu kudu di ajak. Tapi dina ngalaksanakeun kaalusan aya nu leuwih penting anu kudu ku urang diperhatikeun,
lain ngan saukur kudu geuwat tapi anu paling penting nyatu Elmuna.

Jadi, percuma wae lamun urang ngaburu-buru migawe kaalusan ari elmuna kosong mah, da hiji kaalusan atawa
ibadah lamun teu make elmu eta teh moal ditarima ku gusti.

Nah, hadirin nu dimulyakeun ku allah, sakitu wae ceramah anu tiasa ku simkuring teupikeun, Mudah mudahan ku
ayana ieu penjelasan urang bisa kaasup kana kriteria jalma soleh, Amiiin yaa robbal alamin

Wassalamualaikum, wr, wb..

You might also like