You are on page 1of 5

NASKAH SOAL LATIHAN UJIAN KENAIKAN KELAS

PAKET SOAL 2

Hari/Tanggal : Kelas/Semester : VIII (Delapan)/Genap


Pelajaran : Bahasa Sunda Waktu :

I. Jawab pananya-pananya di handap kucara nyakraan a, b, c, atawa d nu


pangbenerna !
A. Wacana 1 pikeun soal nomer 1 nepi ka nomer 6

DI MAKAM BAPA
Énjing lebaran. Dinten ieu panungtungan abdi saum. Alhamdulilah saum téh tamat. Upami lebaran téh abdi mah
sok resep, seueur kajantenan nu ngan sataun sakali kapendakna. Takbiran di masjid sareng réréncangan, ngadamel
kuéh sareng bibi, ngadamel kupat sareng mamah, dipangmésérkeun acuk lebaran, sapatu lebaran. Jaba upami
pendak sareng wargi-wargi sok dipasihan artos kanggo jajan.
Tapi diantara sakitu seueurna karesep dina waktos lebaran téh, aya nu pangdiantos-antosna, nyaéta ka makam
Bapa. Abdi mah sok resep wé. Abdi mah sok hoyong ngadongéng ka Bapa téh. Najan teu pendak langsung.
Abdi teu kantos émut kana raray-rarayna acan ka Bapa téh. Nuju abdi alit kénéh pisan, Bapa ngantunkeun abdi
sareng Mamah. Upami teu aya potona mah, abdi téh jigana moal apal sakedik-kedik acan ka Bapa téh. Untug wé
Mamah rajin nyimpen poto nuju nikahna sareng Bapa. Ari ceuk abdi mah, kasep da Bapa téh. Hanjakal yuswana teu
panjang, namung untung aya lebaran.
Waktos lebaran, abdi tos ngarep-ngarep diajak ka makam ku Mamah ti barang gugah. Basa ku Nini
digugahkeun dipiwarang solat subuh, anu ka émut pangpayuna téh, asik…engké siang ka makam Bapa.
Tos bérés solat ‘Id, bérés sasalaman sareng anu aya di bumi, sareng nu nepangan Nini, ogé tatanggi nu pendak
di jalan, abdi diajak ka makam.
Horéééé….! Abdi dugi ka makam. Panon téh teu ka mamana heula, langsung manteng ka makam Bapa.
Payuneun makam Bapa, abdi cingogo gédéngeun Mamah. Waktos panangan Mamah ranggah ngado’a, abdi ogé
pipilueun . abdi teu terang naon nu ku Mamah diaos, ngan katingal lambeyna kunyam kunyem ah abdi mah jongjon
wé ngadongéng ka bapa téh. Éh ngawitan mah muhun ngado’a kétang muga-muga bapa lebet ka Surga.
………………………………………………………………………………………………………
1. Wangun karangan di luhur kaasup kana…….
a. dongéng b. drama c.carita pondok d.laporan

2. Kumaha watak abdi teh…….


a. babari ambek b. daékan c. kedul d. taat agama

3. Kumaha kaayaan hate abdi nalika di ajak ka makam bapa…….


a. bungah b. sedih c. nalangsa d. hanjakal

4. Dimana kajadiana carita di luhur……


a. di sawah b. di makam c. di sakola d. di jalan

5. Amanah nu kapanggih dina cutatan carita di luhur nyaéta……


a. urang kudu papaséaan c. urang kudu hormat tilawat ka kolot
b. urang kudu silih asih d. urang kudu silih acuh.

6. Rék naon abdi jeung mamah aya di makam bapa…….


a. ngadoakeun bapa b. ngadongéng c. ngobrol d.ngirim kuéh lebaran

7. Kecap reporter ngandung harti…….


a. wartawan b. biantara c. panumbu catur d. panata acara

8. Kecap kulisik ngandung harti……


a. hudang b. lilir tina sare c. gugah d. nangtung

9. Berebet budak téh lumpat. Kecap berebet kaasup kana kecap…….


a. kecap panganteur b. kecap ngantét c. kecap kaayaan d. kecap rundayan

10. Teu kungsi lila, gék manéhna…..


a. nangtung b. saré c. diuk d. lumpat

B. Wacana 2 pikeun soal nomer 11 nepi ka nomer 12


Éling-éling umat muslimin muslimat
Hayu urang angkat berjamaah sholat
1
https://www.carasunda.com/
Éstu kawajiban keur sadaya umat
Pibekeleun urang jaga di ahérat

11. Eusi padalisan ka hiji dina pupujian bieu nyaéta…..


a. ngajak ngalaksanakeun kawajiban c. ngajak bebekelan
b. ngajak berjamaah sholat d. ngajak éling ka muslimin

12. Eusi padalisan ka dua dina pupujian di luhur nyaéta……


a. mépélingan umat c. ngajak bebekelan
b. ngajak berjamaah sholat d. ngajak éling ka mulimin

13. (1)Nabi urang sadayana. (2)Arab Qurés nya bangsana. (3)Kangjeng Nabi anu mulya.
(4)Muhammad jenenganana.
Runtuyan nu merenah tina pupujian di luhur nyéta…..
a. (1), (2), (3), (4) b. (1), (3), (2), (4) c. (1), (4), (3), (2) d. (1), (3), (4), (2)

14. Kecap agréng ngandung harti…..


a. méwah tur éndah b. alus tur kasohor c. alus jeung éndah d. gedé

15. Kecap asal tina kecap didungakeun nyaéta…..


a. didunga b. dungakeun c. dunga d. didungakeun

16. Rarangkén tukang –an nu ngabogaan harti kecap pagawéan nyaéta…..


a. gantungan b. wadahan c. daékan d. duaan

17. Anu lain kecap husus tina kecap diuk nyaéta ….


a. sila b. émok c. nyanghunjar d.
molotot

18. Kecap umum tina kecap ngaharéwos, ngagerendeng, ngagorowok, nyaéta….


a. Ngala b. diuk c. leumpang d. nempo

19. Ayeuna mah loba pajabat dahar duit rayat. Kecap dahar ngandung harti……
a. Korupsi b. Ngahuapkeun c. Sarapan d. Nginjem

20. Si Badru ngendog di kelas VII sabab tara di ajar.


Kecap ngendog dina kalimah di luhur ka asup kana kecap…..
a. denotatif b. konotatif c. sinonim d. antonym

21. Dedeh : “Assalamu’alaikum.”


Udin : “Wa’alaikum Salam.”
Dedeh : “Ieu Dedeh, punten abdi téh badé tumaros, dinten kamari aya tugas?”
Udin : “ Oh…muhun, aya tugas Basa Sunda.
Kunaon kamari teu ka Sakolah Deh?”
Dedeh :”…….”

Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaéta…..


a. alah biasa baé c. ké baé isuk atuh
b. nyaéta abdi téh nyeri sirah d. muhun kamari atos

22. Sinonim tina kecap Beurang nyaéta…..


a. peuting b. wengi c. siang d. isuk

23. Antonim tina kecap Gedé nyaéta…..


a. ageung b. badag c. seueur d. leutik

D. Wacana 4 pikeun soal nomer 24 nepi ka nomer 26


Cikal bakal padumuk Sumedang teh bibit buitna mah ti Galuh jeung Pajajaran. Ménak Sumedangna
sorangan ti pihak indung masih rundayan ti Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran. Ari ti pihak bapa masih rundayan ti
Sunan Gunung Jati Cirebon.
Bupati Sumedang munggaran nyaéta Pangéran Kusumah Dinata nelah Pangéran Santri. Disebut kitu sotéh
duméh kaasup Bupati munggaran anu ngagem Agama Islam. Ibuna nya éta putri Prabu Linggawastu ti
Sumedang, ari ramana nya éta Pangéran Pamelekaran, putu Sunan Gunung Jati Cirebon. Nikah na putri sareng
pangéran ti Cirebon mangrupa awal ngaislamkeun urang Sumedang.
……………………………………………………….

2
https://www.carasunda.com/
24. Sempalan carita di luhur kaasup kana carita…..
a. dongeng b. babad c. carpon d. novel

25. Bupati Sumedang munggaran nyaéta……


a. Pangéran Kusumah Dinata c. Sunan Gunung Jati
b. Prabu Siliwangi d. Putri Prabu Linggawastu

26. Pangéran Kusumah Dinata nelah Pangéran Santri, sabab…..


a. Bupati munggaran nu ngagem agama islam c. santri Sunan Gunung Jati
b. putuna Sunan Gunung Jati Cirebon d. Santri Sumedang munggaran

27. Anu teu kaasup kana conto kecap saharti (sinonim) nyaéta…..
a. beunghar = sugih b. leutik = alit c. sangsara = malarat d. alus = goréng

E. Wacana 5 pikeun soal nomer 28 nepi ka nomer 30


Mohamad Toha katelah pahlawan ti Bandung Selatan, dina mangsa révolusi kamerdikaan. Lahir di kota
Bandung dina taun 1927. anjeuna éstu yatim, sabab dina yuswa dua taunan tos dikantunkeun ku nu janten ramana.
Sakola désana tamat salila 3 taun, satuluyna sakola montir mobil. Saréngséna ti dinya, anjeuna nyepeng damel
di kamilitéran dina mangsa panjajahan jepang dina taun 1942-1945.
Sabada Indonésia ngukuhan proklamasi kamerdikaan, anjeuna ngagabung ka Barisan Banténg Républik
Indonésia (BBRI) wilayah Priangan. Nya dina BBRI ieu anjeuna kénging tugas salaku Komandan Séksi I Bagian
‘Penggempur’.

28. Dumasar kana eusina, éta karangan kaasup kana…..


a. carita pondok b. sajak c. biografi/riwayat hirup d. novel
29. Saha nu katelah Pahlawan ti Bandung Selatan téh ?
a. Mohamad Toha b. Mohamad Yamin c. Mohamad Yusuf d. Mohamad Nur

30. Mohamad Toha lahir taun…..


a. 1929 b. 1928 c. 1927 d. 1926

31. Kecap Pahlawan ngandung harti……


a. balad b. sekutu c. tentara d. pajuang

32. Barudak kelas VII ngagambar pamandangan meuni alus. Kecap alus dina kalimah éta kaasup kana kecap…..
a. kecap kaayaan b. kecap pagawéan c. kecap barang d. kecap rajékan

F. Wacana 6 pikeun soal nomer 33 nepi ka nomer 37


Baca masing teleb sempalan dongéng di handap !
Baheula, di hiji kampung aya saurang budak lalaki. Égon ngaran éta budak téh. Hanjakal éta budak téh kacida
malesna sarta sok ngalawan ka nu jadi indung. Kalakuan séjénna anu goréng téh nyaéta resep pisan ngadukeun
domba.
Dina hiji poé, Égon indit bari nungtun domba jaluna anu begang lantaran teu diurus muru ka tegalan paranti
manéhna ngadukeun domba.
“Héy, Ro. Yu urang adukeun deui domba téh,” ceuk Egon ka Suhro nu geus nyampak di éta tempat.
“Ké heula atuh Gon, domba kuring mah can seubeuheun nyatuan,” jawab Suhro.
“Alaaah....teu pira ogé sato atuh, Ro. Keur naon dipikanyaah ogé, domba mah moal ngartieun ieuh!”
“Enya ari moal ngartieun téa mah, tapi sarua baé jeung urang hayangeun baranghakan.”
“Bener, Ro. Sok lah geura prung adukeun, ngarah ramé yeuh!” ceuk Si Aron ngahatéan.
Ahirna Suhro éléh déét. Domba maranéhna nu can seubeuh nyatuan téh dipaksa sangkan diadu.
Beletak...beletak...sora tanduk diadu matak linu kadéngéna. Suhro, Égon jeung Aron mah teu boga kapaur sok
komo karunya. Maranéhna anggur ting aréngklak bari sareuri suka pisan ningali domba nu keur silih teunggar téh.
Lila ogé diaduna éta domba téh. Ahirna domba Égon béakeun tanaga, tuluy lumpat ngajauhan domba Suhro.
Suhro jeung Aron ngékéak Égon nu lumpat ngudag dombana anu lumpat kana rungkun.
“Héy ! Néangan saha manéh ?” teu kanyahoan aya nu nyentak ka Égon. Égon ngalieuk ka lebah datangna éta
sora. Gebeg manéhna ngarénjag, sabab nempo hiji lalaki sembada sarta beungeutna perenges pikasieuneun.
………………………………………………………………………………………..
33. Palaku utama dina éta dongéng nyaéta……
a. Égon b. Suhro c. Aron d. Indungna

34. Kabiasaan si Égon anu goréng téh nyaéta….


a. resep ngadu hayam c. sok nyokot duit batur
b. ngalawan ka kolot d. ngalawan ka babaturan

35. Di mana lumangsungna éta kajadian téh ?

3
https://www.carasunda.com/
b. di pakarangan imah c. di tukangeun sakola
c. di lapangan mengbal d. di tegalan tempat ngangon

36. Domba saha anu lumpat kana rungkun téh ?


a. domba Suhro b. domba Égon c. domba Aron d. domba Indungna

37. Amanat nu kapanggih tina éta dongéng nyaéta……


b. kudu resep ngadukeun domba c. nyaah ka sasama mahluk Allah SWT
c. nyaah ka babaturan d. kudu jadi jalma males

38. “Kuring sibeungeut”


Kalimah di luhur ka asup kana kalimah…..
a. aktif b. pasif c. resiprokatif d. refleksif

39. “Andi jeung Yusuf …….. poyok”


Kecap anu pantes keur ngeusian titik-titik di luhur nyaéta….
a. barang b. pada c. silih d. para

40. Mana kalimah nu luyu sarta merenah jeung tatakrama?


a. Manéhna keur kulem mani pules pisan
b. Manéhna nuju mondok mani pules
c. Anjeuna nuju saré mani pules
d. Anjeuna nuju kulem mani pules

II. Jawab kalawan bener !


1. Susun ku hidep kalimah ieu di handap jadi paguneman dina telepon !
- Muhun
+ Halow, assalamu’alaikum
+ Ieu sareng Ai, Euis sanés ?
- Wa’alaikum salam, ieu sareng saha ?
2. Pék tulis ku hidep kecap rundayan nu ngagunakeun rarangkén barung ka-an jeung di-
keun. Tuluy jieun kalimahna !
3. Pék téangan naon sinonim jeung antonim kecap-kecap di handap ieu !
Kandaga kecap Sinonim Antonim
Beurang ……………… ………………
Gédé ……………… ………………
Deukeut ……………… ………………
Alus ……………… ………………
Hésé ……………… ………………

4. Pék téangan ku hidep harti kecap-kecap nu dicitak condong dina kalimah-kalimah di


handap ieu !
a. Réa aktivis partéy nu marebutkeun korsi.
b. Ku sabab tara di ajar manéhna ngendog di kelas VII.
c. Ayeuna mah loba pajabat dahar duit rayat.
5. Pék ku hidep eusian titik-titik dina kalimah dihandap maké rarangkén hareup barang,
pada, atawa silih !
a. Jang ahmad mah ngan ………dahar waé, gawéna teh.
b. Ari ka budak bageur mah sok ……..meré.
c. Unggal papanggih Agus jeung wawan sok …… poyok.
d. Cing atuh ari ………… gawé téh sing bener.
e. Saréréa ogé geus …….. nyaho yén manéhna téh sok ceceremed.

4
https://www.carasunda.com/
KUNCI JAWABAN

Hari/Tanggal : Kamis, 12 Juni 2014 Kelas/Semester : VII (Tujuh)/Genap


Pelajaran : Bahasa Sunda Waktu : 10.00 – 11.30

I.
1 C 11 D 21 B 31 D
2 D 12 B 22 C 32 A
3 A 13 D 23 D 33 A
4 B 14 A 24 B 34 B
5 C 15 C 25 A 35 D
6 A 16 B 26 A 36 B
7 A 17 B 27 D 37 C
8 B 18 B 28 C 38 A
9 A 19 A 29 A 39 C
10 C 20 B 30 C 40 A

II.
1. + Halow, assalamu’alaikum
- Wa’alaikum salam, ieu sareng saha?
+ Ieu sareng Ai, Euis sanés ?
- Muhun

2. a. Kahujanan : Mang Surya kamari kahujanan


b. Dipoékeun : Baju nu kamari kahujanan téh dipoékeun

3.

Kandaga kecap Sinonim Antonim


Beurang Siang Peuting/Wengi
Gédé Badag/Ageung Leutik/Alit
Deukeut Caket Jauh
Alus Saé Butut/Goréng
Hésé Susah/Sulit Gampang/Babari

4. a. Korsi = Jabatan
b. Ngendog = teu naék kelas
c. Dahar = Korupsi

5. a. barang b. pada c. silih d. barang e. pada

5
https://www.carasunda.com/

You might also like