You are on page 1of 4

GUGUS MAHAR MARTANEGARA

PENILAIAN TENGAH SEMESTER GENAP


TAHUN PELAJARAN 2019-2020

Nama : Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


No. Absen : Kelas : VI (Enam)

Baca teks wawancara di handap sing teleb!


Hiji mangsa Galih milu ka lanceukna, Kang ganda ngawawancara Bu Sari anu boga usaha
manisan sayuran. Galih teu cacarita, ngabandungan wé, da haying nyaho kana katerangan Bu
Sari. Pek baca ku hidep wawancara antara kang Ganda jeung Bu Sari ieu di handap!
Kang Ganda : Assalamu’alaikum, punten….!
Bu Sari : Wa’alaikumsalam, mangga, Dén.
Kang Ganda : Punten Ibu, tiasa abdi ngobrol perkawis usaha manisan sayuran?
Bu Sari : Euleuh kitu…, mangga ari diperyogikeun mah.
Kang Ganda : Dupi jenengan lengkep téh saha ibu?
Bu Sari : Sari wé, teu aya papanjangan nami Ibu mah.
Kang Ganda : Oh yaktos, Dupi yuswa sabaraha?
Bu Sari : Badé…50 taun jalan Aden.
Kang Ganda : Ibu, tiasa dijelaskeun kumaha ngadamelna manisan sayuran téh?
Bu Sari : Sayuran di wasuh heula sina beresih, teras ditojosan ku kawat alit, ambéh cai
gula nyerep, teras dikeueuman dina cai uyah ambéh peungkeur. Dua dinten dua
wengi ngeueumna. Tos dikeueuman diiciskeun sina rada tuus. Teras dikeueuman
deui dina cibéas lamina dua dinten. Teras dikulub dina citél ageung,
Kang Ganda : Geuning gampil ngadamelna nya.
Bu sari : Leres gampil, nu janten sesah téh pédah seueur ngadamelna.
Kang Ganda : Ibu ngawitan usaha kana manisan sayuran ti iraha?
Bu sari : Ti kapungkur, ti nuju SD kénéh Ibu mah, sok ngabantosan pun biang. Mung
kapungkur mah manisanna bungbuahan. Banting setir kana manisan sayuran
saparantos pun biang ngantunkeun.
I. Dumasar kana teks wawancara di luhur, pek ku hidep jawab pananya di handap ieu!
1. Saha anu di wawancara?
2. Di mana lumangsungna éta kagiatan wawancara?
3. Wirausaha widang naon anu keur di garap ku Bu Sari téh?
4. Ti iraha Bu Sari Ngamimitian usaha kana manisan sayuran?
5. Kumaha cara nyieun manisan sayuran téh?

II. Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener!


6. Beja nu katarima tina Koran, radio atawa televisi disebutna . . . .
A. informasi C. amanat
B. warta D. piwuruk
7. Istilah séjén pikeun peta nyaéta . . . .
A. Koran C. Piwuruk
B. Jangkar D. Kai
8. Nu lain babagéan dina biantara nyaéta . . . .
A. udur C. teu walakaya
B. gering D. teu damang
9. Si Ibro mah beurat birit, beurat birit hartina . . . .
A. hese dititah C. éraan
B. babari dititah D. sieunan
10. Dupi Gani téh (terap) panyawat naon . . . .
A. di C. ti
B. ka D. na
11. papatah tinu jadi kolot téh kudu . . . .
A. diregepkeun C. regepan
B. ngaregepkeun D. karegepkeun
12. Nu kaasup kana kecap rajekan dwipurwa, contona . . . .
A. Sumpang simpang C. sesepak
B. Cas – ces – cos D. guna – guna
13. Aya jalan komo meuntas, hartina . . . .
A. mupuas kanu keur cilaka
B. aya kahayang, tambah aya nu ngajak
C. tenang taya kasieun
D. jauh-jauh teu beubeunangan
14. Conto kalimat nu eusina nasehat . . . .
A. “Cing ujang pang meulikeun céngék kawarung!”
B. “Budak eta mah musuhna meni loba”
C. “Angga mah budak akur jeung batur”
D. “Urang hirup di dunya the kudu jeung batur”
15. Cing atuh jeung dulur the sing akur ulah kawas . . . .
A. Monyét jeung kuya
B. Peucang jeung buhaya
C. Ucing jeung anjing
D. Sendok jeung garpu

III.Eusian titik-titik di handap ieu kujawaban anu merenah!


16. Dina ngaran patukangan, tukang moro sasatoan disebutna . . . .
17. Nu kaasup babagean dina biantara nyaéta . . . .
18. Para siswa kudu baris heula samemeh asup ka sakola, para siswa sarua jeung . . . .
19. Awakna jangkung badag siga . . . . pangisina.
20. Sinonimna gede hulu nyaéta . . . .
21. Lamun nampanan kudu ku leungeun katuhu, ulah ku . . . . sabab teu sopan.
22. Abus sakola téh jam 07.15 jadi datangna kudu isuk kénéh.
Kalimah di luhur lamun disalin kana bahasa lemes jadi . . . .
23. Anak anjing kicik, ari anak buhaya nyaéta . . . .
24. Dipapatahan téh kalah renyah-renyoh kawas . . . .
25. Salah sahiji wangun ibing sunda nu asalna ti Jawa barat nyaéta . . . .

IV. Prak jawab sing luyu jeung parentahna!


26. Tulis 2 (dua) kecap make rarangkén hareup para tuluy jieun kalimahna!
27. Tulis 3 (tilu) jenis rupa grafik!
28. Jieun kalimah make gaya basa ngumpamakeun di handap ieu!
29. Cing kumaha pipokkeunana merenahkeun kecap nu hartina sarua jeung kecap “meuli”
keur ka sorangan, jeung ka batur saluhureun, ngagunakeun basa hormat!
30. Tulis 3 (tilu) kecap istilah kaagamaan jeung hartina!

You might also like