You are on page 1of 2

Sada bel sakola, nyirikeun waktuna barudak sakola teh baralik.

Tuluy barudak pada sun tangan ka ibu


Guru. Ti sakola keneh teh geus pada jangjian jang latihan tari jaipong di ten teh Evi. Ieu tari jaipong teh
jang di pentaskeun di acara 17 Agustusan, jadi maranehna teh geus pada sumanget jang latihan tari teh.

“Sinta, Risa tong hilap engke latihan tari jaipong tos uih sakola nya, engke ku abi di sampeur.” Ceuk Ina.

“Oke.. tapi abi mah bade heula emam nya, saur Mamah kedah emam heula pami teu emam osok teu
kengeng ngiring latihan.” Tembal Risa.

“Nya engke, ku abi disamper tapi ka ten Risa heula mun tos nyamper Risa engke ka bumi Sinta nya.”
Saur Ina nyoo kantong.

Parantos uih ka bumi, lajeng mam heula sareng netepan. Tos rengse mah Ina langsung angkat ka bumi
Risa bade nyampeur kanggo latihan tari tea lajeng ka ten Sinta.

“Mamah.. abi angkat heula nya bade latihan jaipong tea..” Bari buru-buru salam ka Indungna.

“Muhun sok mangga geulis, naha meuni buru-guru kitu kawas nu di udag ku naon wae Ina mah.” Waler
mamahna.

“Atuh da mah dua dinten deui tampilna gening janten sumanget .Mamah tong hilap kedah nonton abi
tari Ronggeng Imut.”

“Engke Mamah nonton, ieu acis kangge jajan. Omat tong jajan nu teu paruguh nya, jajanna nu
piwareugeun.” Waler Mamahna bari masihkeun acis.

“ Oke mah, nuhun mah Assalamu’alaikuuuum…!!”

“Wa’alaikumsalam..”

Dugi ka bumi Risa, ai Risa teh kasampak nuju mam,.Ina nyampeur ka golodog Bumi Ina.

“Risa… hayu urang latihan!!” Sada Ina rada tarik.

“Hayu keheula abdi wawasuh heula panangan, kadieu ka lebet heula atuh Na...” Saur Risa.

“Sok wios abi ngantosan di luar we.”

Teu lami tidinya Risa kaluar ti bumina.

“Hayu Na, langsung ka nyampeur wae ka bumi Sinta? ” bari nutupkeun panto bumina.

“Muhun hayu.”

Tos dugi payuneun bumi Sinta, gening Sinta teh tos ngantosan di korsi payuneun bumina janten we
langsung angkat ka ten Teh Evi tempat latihan tari.

Nu latihan tari teh lain Ina, Sinta, jeung Risa hungkul tapi lobaan babaturan salemburna. Aya nu tari
jaipong, aya nu tari modern, jeung oge aya nu nyanyi, pami nu pamegetna mah aya nu pencak silat.
Pokona jang engke tampil ka panggung jang 17 Agustusan.

Tos dugi di ten Teh Evi gening tos seueur barudak nu tos ngumpul jang latihan.
“Sok Ina, Sinta, sareng Risa heula nu mimiti latihanna. Nu sanes tinggal heula sakali sewang.” Saur Teh
Evi

“Muhun teh..” Tembal tiluanna

Prak lagu di paenkeun, meuni kot ka sae pisan. Ngigelna meuni tos sae sareng gerakanna ge tos terang
janten karompak oge.

“Tos sae gening tari na, engke di panggung tos isinnya kedah leuwih sae deui”. Saur teh Evi bari
mareuman lagu tari jaiponganna.

“Engke kedah ngangge acuk tarina nya meh sae katinggalna”.

“Oke teh.. panginten kedah di dangdos oge nya teh?”

“Muhun.. sadayana nu ngiring tampil kedah di dangdos nya meh geulis. Pami pameget mah kumaha
saena we nya eta mah.”

“Siap teh Evi…..” Waler sadayana barudak nu aya didinya.

Pementasan 17 Agustusan di lembur Sadu Kaler teh tos dikawitan. Sadayana tos darangdos, gembrang-
gembreng tina panggung teh tos kadangu. Acarana parantos dikawitan nu panata acara. Kantun
ngantosan di panggil kangge ka panggung.

Ina, Sinta jeung Risa teh nganggo kostum nu paragi jaipongan meuni gareulis katinggalna teh.

“Ih abdi degdegan.” Saur Ina.

“Sami abi ge ih tapi saur mamah abi ge ulah degdegan bisi hilap gerakkanna biasa we anggap latihan.”
Saur Sinta.

“Muhun biasa we urang ngadu’a heula meh lancar..” tembal Risa.

Ina, Sinta, sareng Risa naek kapanggung, nampilkeun Tari Jaipong Ronggeng Imut, tarina meuni sae
pisan, ngingelna ge, gerakkan na oge meuni kompak. Tos beres tampil teu weleh dikeprokan jeung di
sorakan ku nu nonton sabab alus pisan.

You might also like