You are on page 1of 3

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan

A.Sisindiran

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu
dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh
nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran,
eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran
téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan
dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi).

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan
nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan.

Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta:
(1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

Conto sisindiran:
Aya roda na tanjakan
Katinggang ku pangpung jengkol
Aya ronda gogoakan
Katinggang ku hulu kohkol

1. Paparikan

Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu
hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana,
sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana,
kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh
cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna
dalapan engang.

Contona paparikan:
Boboko ragrag di imah
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun

Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji
dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina
eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung
padalisan kadua dina eusi. Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi:
paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.

A.Paparikan Silih Asih Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih,
cinta, atawa birahi.
Contona:
Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur

hiji deui :
Lain Bangban lain Pacing
Lain kananga kuduna
Lain babad lain tanding
Lain kadinya kuduna.

B.Paparikan Piwuruk: Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa


naséhat. Contona:
Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok endog bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana.

C.Paparikan Sésébréd Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon,
jeung cawad (kritik).

Contona:
Daun hiris dibeungkeutan
Dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan
Hayangeun dibéré duit.

Sapanjang jalan Cirebon


Jalan butut diaspalan.
Sapanjang dijajah Nipon
Baju butut tatambalan.

2. Rarakitan

Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta
cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara
cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal
padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu
kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan
engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna
cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku
opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi.

Contona:
Mihapé sisir jeung minyak
Kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat
Kadé kaangsonan deungeun.

Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta rarakitan
silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan sésébréd.

A.Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi;
contona:
Sapanjang jalan Soréang
Moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang
Moal weléh diakalan.

B.Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat;


contona:
Sing getol nginum jamu
Nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu
Nu guna dunya ahérat.

C.Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik);
contona:
Rarasaan ngala mayang
Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang
Teu nyaho cakeutreuk hideung.

3. Wawangsalan
Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir
diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun,
tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap
anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua
padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan
nyaéta dalapan engang.
Conto:
• Teu beunang di hurang sawa,teu beunang dipikameumeut: hartina ‘Simeut’
• Belut Sisit saba darat kapiraray siang wengi: : harti ‘ Oray’
• Teu beunang di rangkong kolong,teu beunang dipikahayang : hartina ‘Hayam

You might also like