You are on page 1of 2

Kelinci Jeung Kuya

Dina salah sahiji poe, aya sakadang kelinci anu lumpatna gancang, namung anjeunna teh
sombong. Pas anjeunna keur lulumpatan di lapang, anjeunna papanggih jeung sakadang kuya.
Anjeunna teh moyokan kuya kumargi kuya teh leumpangna laun. Kuya teh teu tarima anjeunna
dipoyokan ku kelinci, tangtu kuya teh ambek “anjeun teh ulah moyokan wae, lamun tiasa,
kalahkeun abdi balapan lumpat!” saur kuya. Kelinci teh nampa ajakan kuya. Isukna kelinci jeung
kuya teh balapan lari. Kuya teh tinggaleun jauh ku kelinci, namung anjeunna teh teu ngalah ku
kelinci. Di teungah parjalanan, kelinci teh reureuh sakeudeung di handapeun tangkal. Pikir
anjeunna, kuya teh jauh keneh ti anjeunna “reureuh heula ah sakeudeung, jauh keneh iyeu si
kuya mah.” saur kelinci. Saking geunahna, kelinci teh sare di handapeun tangkal. Akhirna kuya
teh tiasa nyusul kelinci jeung langsung jadi pameunangna. Pas kelinci teh hudang , anjeunna teh
eling lamun anjeunna keur balapan lari jeung kuya. Anjeunna teh ngarasa era, kumargi tiasa
dikalahkeun ku kuya.
Judul : Kelinci jeung Kuya
Wanda/jenis : Fabel / Sasatoan
Kesimpulan :
 Kelinci ka nganggap enteng kamampuh kuya.
 Ulah nganggap enteng kamampuh batur.

You might also like