You are on page 1of 1

Situ Bagendit Dhyani Paramita

Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ
Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:

Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah
nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.

Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah,
tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh.
Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak.
Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.

Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit
ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun,
sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara
tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus
tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu
ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan
sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.

Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku


pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar,
sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-
nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian.
Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain
picaritaeun wé.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong
kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy
amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu
tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh
geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur,
asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi
barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka
palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh


sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit
ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum
sakabéh pakaya Nyi Bagendit.

You might also like