You are on page 1of 2

NAMA:DYANTI

KELAS:XII RPL 1

HAJAT NYAWAH
Hajat nyawah mangrupikeun salah sahiji tradisi anu dilaksanakeun ku masarakat Indramayu,
salah sahiji anu aya di désa situraja. Kusabab seueur ti masyarakat Indramayu eta patani. Hajat
nyawah mangrupikeun kabiasaan para patani salaku tanda syukur ka Gusti, pencipta alam.

Nalika usum hujan parantos sumping para patani bakal nyiapkeun sadayana anu
diperyogikeun pikeun pertanian sapertos nyiapkeun bibit paré, pupuk sareng sajabana nu di
peryogikeun kangge damel di sawah atanapi kebon. saatosna parantos réngsé, teras aranjeunna
melak pare. biasana nyiapkeun waktos sadayana anu diperyogikeun kirang langkung na 1,5
sasih. saatosna parantos dipigawé biasana para petani bakal ngalaksanakeun tradisi nu nami na
hajat nyawah.
Biasa na patani ,wengi na nyiapkeun susuguh,kangge keperluan di bumi (pani'isan atawa
pangbeasan). Aranjeun na masak-masak berupi liwet, angeun tahu tempe, angeun hayam,tur
nyuguhkn rujakan, daweugan, bubur beureum bubur bodas, kupat leupeut tangtang angin, ci kopi
pait kopi amis, ci teh pait teh amis, udud pikeun karuhun atawa bubuhun para patani, congcot
ndog hayam kampung, cau tujuh rupa, tur mun tos rengse, sakabeh susuguh di beuleuman menyan
di purukuyan.nah,eta nu kudu disiapkeun di bumi sewang-sewangan, samemeh,ngarujakan di
sawah. Isuk rebun keneh, patani nyiapkeun rujakan kangge disawah.

Tujuan ti hajat nyawah nyaéta pikeun para patani subur, makmur,gemah ripah loh jinawi,
sangkan bebeunangan hasil pare nu ngalimpah ruah. Hajat nyawah ogé tiasa mangrupikeun tanda
syukur para patani pikeun Dewi Sri sareng Allah anu nyiptakeun alam.

You might also like