You are on page 1of 2

Hiji wanci aya dua réréncangan namina ayu sareng fika nuju mapah ka rohangan kelas dina reureh

jam istirahat disakola, anjeuna tos ti kantin sakolaan.Sabari mapah ayu miceun sampah plastik urut
cilok manéhna kamana waé karepna, plung.. Wéh dialungkeun ka sisi tatangkalan.

Fika : “Ayu, éta maneh miceun runtah téh mani sadaek karep ih, nu kitu tah perkawis anu kirang saé
téh!”

Ayu : “Naha émang? Da teu aya anu ningali ieuh mereun?” (Bari seuri kagugu)

Fika : “Lain masalah kitu yu, katingali heuntena mah kapan éta téh tiasa midamel lingkungan sakola
urang jadi kotor.”

Ayu : “Ceuk saha, apan aya petugas kabersihan ieuh anu ngabersihkeunana? Da éta tugas manéhana
kanggo ngajagi kaberesihan di sakolaan urang.”

Fika : “Ah teu balég manéh mah, ari anu kudu ngajagi kaberesihan lingkungan sakola téh sanes ngan
pancén bapa nu ngajaga kabersihan wungkul, nanging sakumna urang sadaya wargi sakola. ka-asup
manéh, ayu!”

Ayu : “Ka-asup abdi ogé?”

Fika : “Nya leres, tah mending ayeuna mah candak deui gih plastik urut cilokna sareng piceun tuh ka
tempat sampah.”

Ayu : “Muhun..” (ayu teras nyandak bungkus plastikna sareng miceun ka tempat sampah).
Percakapan Bahasa Sunda Tentang Menjaga Kebersihan Toil3t Sekolah

Udin anu atos ti toil3t papanggih sareng andi di kelas, udin camberut ku lantaran kamar mandi
sakolaana kotor pisan atanapi teu bersih.

Andi : “Tos timana din?”

Udin : “Tos ti toil3t euy, ih gening mani kotor kacidaan nya éta toil3t disakolaan urang téh?”

Andi : “Leres, sabab biasana siswana wegah lamun ari dititah ngabersihkeun sakitaran kamar mandi
téh.’

Udin : ‘Heuh, bener. Lamun kitu kumaha nya kuduna, abeh tiasa katingali bersih terus?’

Andi : “Nya urang kudu sasarengan ngajagi kabersihan, sareng ngabantosan padamelan bapa
penjaga kabersihan nu aya disakolaan urang.”

Udin : “Sapertos kumaha carana?”

Andi : “Nya lamun tos dikamar mandi urang banjur sing ka bersih, jaba kosna saminggu sakali urang
kudu ngayakeun kerja bakti kusus kanggo ngabersihkeun toil3t.”

Andi : “Oh leres, sigana mung lamun cara kieu tiasa di tungkulan tah toil3t anu kotor anu aya
ditukangeun kelas téh, hayu urang taroskeun engkin ka guru?”

Udin : “Hayu..”

You might also like