You are on page 1of 6

GAGAK HAYANG KAPUJI

Aya gagak maling déngdéng ti pamoéan. Geleber hiber bari ngaheumheum déngdéng téa
kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida
kabitaeunana da puguh kabeukina.
Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro
ditanya teu di rérét-rérét acan. Anjing mikir piakaleun supaya déndéng téa kapimilik ku
manéhna.
Sanggeus manggih anjing ngomong, “Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang
bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya
tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih gé moal éléh.”
Mimitina mah omongan anjing téh teu didéngé. Tapi sanggeus aya omongan “moal éléh ku
cendrawasih,” gagak atoheun pisan. Manéhna kungsi beja yén cendrawasih téh manuk pang
hadéna. Tapi ceuk anjing “manéhna moal éléh”.
Kitu nu matak manéhna ngarasa ngeunah ku pamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa
hayang ngabagi déngdéng jeung anjing. Ngan kusabab hésé meulahna kahayangna teu
kalaksanakeun.
Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manéhna. Ceuk pikirna pasti
usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon heséna muji-muji keur ngahontal kahayangna.
Ku sabab kitu pok deui anjing, “Lamun daékeun mah hayang nyobat jeung manuk nu sakitu
lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina.
Saumur-umur kudu ngadunungan, saré digolodog, rajeun manggih hakaneun ogé pasésaan.
Tapi najan teu bisa nyobat ogé jeung manuk lucu, atuh ngadéngé-ngadéngé sorana. Meureun
moal panasaran teuing!”
Barang ngadéngé pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum
déngdéng, ngan ngong wé disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna
barang pluk wé déngdéng teh murag. Anjing gancang nyantok déngdéng nu murag téa tuluy
dihakan di nu bala.
Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak téh cindekul wé dina
dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing.
Manéhna karék ngarti yén anjing muji bébéakan téh hayang déngdéng nu keur diheumheum
ku manéhna. Ti dinya mah geleber gagak téh hiber kana tangkal kai rék neangan hileud keur
ganti déngdéng nu disantok ku anjing.
KUDA HADE BUDI

Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai bari
gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung di hareup
maung nu keur gegerungan tea. 
Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu nyaaheun ka
sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil maung nu keur gegerungan. 
Nempo kalakuan Munding kitu, sakabeh sato nu harita aya di dinya sareuri akey-akeyan. 
Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang Kuda.
Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg. 
Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh ku
sampean! Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa kana
kalakuan Maung teh. 
Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat, sakeudeung
deui oge paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun kitu. 
Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge
omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung deui.
DONGENG SIREUM JEUNG JAPATI

Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk
ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari
ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek
tikerelep, tulungan..!” 
Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun
aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur
kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar. 
Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun
kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka
japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya. 
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum
anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita
tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan 
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”heh
japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus
ngawengkang bedilna. Teu lila, japati buru-buru geleber hibeur. 
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum,
kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan
kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring
ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.” 
Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan. Abdi gaduh
sisindiran yeuh…. kieu geura …!!
” Itu lain langlayangan
Manuk heulang puputeran
Hirup teh henteu sorangan
Kudu daek silih tulung. “
DONGENG ENTOG EMAS

Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus
reyot. Mang Julin patani ngaranna teh. Hirup sapopoena ngan dibaturan ku sakadang entog,
hiji-hijina. Mang Julin kacida nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan manehna mah
teu boga dulur-baraya, malih garwa mah.  
Hiji poe manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku
juragan Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan Lurah
teh, kusabab Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna dikencarkeun di
buruan gubuk teh, tara aya hariwangan.  
Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka
Pangeran, “Duh, Gusti… mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “ .
Mang Julin teh dahar ngan jeung uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan
entog di juru imah.  
Isuk-isuk keneh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran,
manehna tuluy cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manehna teu nyangka yen cahya nu
kacida serabna teh tina kandang entog, singhoreng teh entogna endongan, endogna endog
emas. 
Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh. Manehna kacida bungahna, eta endog emas,
emas murni. “Bisa dijual ieu mah, …“ gerentesna.  
Poe kadua, kitu deui, entogna ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poe, sakadang
entog teh endogan endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin teh jadi beunghar. Manehna geus
boga sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak entog, jeung harta lianna nu mucekil.
Entog teh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin.   
Hiji poe, Mang Julin ngarasa cape mun kudu unggal poe ngadatangan kandang entog pikeun
mawa endog emas pira hiji teh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeleh entog ngarah
emasna kabeh kaluar, jadi manehna teu kudu mawaan unggal poe ka kandang entog. 
Ari geus dibeleh entog teh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh. Mang
Julin teu bisa ngabebenah hartana. Manehna jadi miskin deui sabab unggal poe hartana beak
dipake kabutuhan sapopoena.
GAJAH ELEH KU SIREUM

Hiji waktu di tegalan di Afrika, aya hiji gajah keur ngadigleu we leumpang ngageyot di
tegalan. Padahal di tegalan nu rek diliwatan ku gajah teh aya sireum lobana mangjuta-juta,
keur digawe nyieun sayang. Kapan di tegalan Afrika mah sireum teh nyarieun sayangna
marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedena sayang sireum teh aya nu segede pasir
leutik patingarenclo.
Di jero eta sayang sireum nu lobana jutaan teh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga sireum
di urang. Sireum Afrika mah bentukna rek siga sireum tataman lamun di urang. Galak sabab
mun geus ngaronom mangsana, bakal amburadul. Singa, zebra oge teu mangga pulia mun
geus dironom ku eta sireum mah.
Ari minangka alat komunikasina antar sireum teh nya eta “anteneu” opat jiga tanduk. Lamun
hiji sireum Afrika manggihan kadaharan, “anteneuna” tea tingarulang mere kode jeung soara.
Jauhna eta alat teh bisa rebuan meter.
Nya kusabab kitu, mun hiji sireum meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan
sireum bisa nambrong hiji sato gede, umpamana singa nu geus rerempo atawa zebra, bisa
diserang ukur jamjaman kari tulang-talengna wungkul. Ngagehan ajag.
Basa gajah ngaliwat ka eta tegalan teh, aya nu nangenan nya eta manuk dadali. Manehna
karunyaeun bisi sayang sireum nu keur babareungan dijieun teh digele ku gajah. Nya gajah
teh dibejaan.
“Gajah, kade leumpang teh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun sayang
bisi katincak karunya,” ceuk manuk dadali ngingetan.
“Wah na asana teh pira sireum. Katincakan mah paling ge pejet!” gajah nembalanana teh
sombong pisan, asa aing gede, asa aing kuat. Ka nu leutik teh teu ngahargaan pisan.
Kitu deu kadal Afrika ge nu haat ngabejaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak sayang
sireum, teu diwaro anggur terus we gajah teh ngadigleu muru jutaan sireum nu keur parulang
anting ngakutan taneuh ti jero lombang.
Na barang anjok kana gundukan imah sireum tea, ngan leye .. leye we sireum nu aya rewuna
teh ditincakan, atuh ngan hos paraeh we da teu kaburu kabur.
Ningali rayatna rebuan paraeh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah
ditangtang perang. Gajah ditantang kitu teh lain sadar kana kasalahanana, kalah ka atoh bari
sombong. Manehna seuseurian. Ari sireum nyieun siasat keur perang jeung gajah teh rewuan
sireum teh nyieun lombang nu jerona salaput gajah.
Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba sato sejen nu ngalalajoan perang
campuhna antara pasukan sireum jeung gajah teh.
Gajah nyuruntul rek ngaleyek rewuan sireum nu nangtang perang ka gajah. Sireum
ngahajakeun nangtang ti jajalaneun nu geus meunang ngagali tea. Atuh ditangtang kitu asa
dilelewean, gajah teh beuki ambek.
Sebrut nyuruntul ka hareup teu tolih tincakeun. Atuh puguh we barang nepi kana lombang
tea, ngan gurawil we gajah teh asup kana lombang bari tigurawil kana lombang. Gajah ukur
bisa ugal-ugil teu bisaeun hanjat.
Sireum geus puguh nempo lawanna tigebrus teh teu ngengkekeun deui terus we napuk
nyarocoan. Teu dibere ampun beuki lila sireum teh beuki loba, antukna gajah bobor
karahayuan teu kuat ngalawan sireum nu ceuk ukuran mah sakitu leutikna, lain tandingna.
SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG BAGONG

Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong
teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna
kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna. 
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik.
“Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu
nya liat nya kelang. 
Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu
dagingna empuk tur pelem.” Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh
teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji. 
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi
piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing
teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun. 
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun. “Ku naon andika bet kawas nu keur
bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong
nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran. 
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu
mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki
Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan
Sakadang Landak!” 
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang
Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka
jero guha, ngaringkuk di nu rada poek.  
Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang
guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak
Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni. 
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem,
nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek
Sakadang Maung bari jungang-jengong. 
Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge,
ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna
ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. 
Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.” Sakadang Maung nenjo
rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh
bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. 
Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan,
sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna
naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy
kaluar tina sungutna. 
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka
Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge
manehna kahutangan budi. Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui
ninggalkeun Sakadang Bagong.

You might also like