You are on page 1of 4

Si Cépot Hayang Kawin

Karya : Asép Sunandar Sunarya

Hayangkeun kawin Si Cépot téh. Ari gara-garana sababaraha kali ngimpi, papanggih jeung
putri geulis. Ngakuna ngaranna Déwi Laélasari, asal Nagri Tenjomaya. Tapi, ku Semar boro-boro di
pupujuhkeun, dihaminan gé henteu. Balukarna, Si Cépot kagegeringan. Langlang-lingling peresis
jelema kurang saeundan.
“Kudu dikumahakeun atuh Si Aka téh Ema ?” Si Dawala, ngadu ka Indungna, Nyi Déwi
Sutiragén.
“Da ku Bapa mah geuning angger diantep.”
“Ah nyaéta atuh Bapa manéh mah. Ngan ka Ema nu tara ngantep téh. Ema onaman dulang
tinandé. Aéh, naha los-los ka dinya. Enya, bapa manéh mah, ka anak téh jiga nu teu nyaah,” témbal
Sutiragén.
“Cik sugan ku Ema. Nurut geura ku Ema mah. Komo un rada diancam mah. Geura Ema api-
api deuk kabur,” Si Dawala ngangsonan.
“Enya, keun. Di mana Bapa manéh ayeuna ?”
“Itu di kebon.”
Gejlig Sutiragén turun ti imahna. Kicir muru kebon. Ksampak salakina siga nu keur ngalamun.
Diuk nyarandé kana tangkal nangka. Panonna melong ka luhur. Leungeunna numpang dina
beuteung-burayutna. Neungeutna nu kawas bal balinter dipapaés irung badag jeung sungut cewaw
katempona ku Sutiragén mah Semar téh kawas Déwa Kamajaya. Kasép béh ditueun kasép. Anu
matak manéhna teu weléh kagégéloan.
Tapi dasar Semar lain sawayang-wayangna. Dinaha-naha ku pamajikan téh, kalah der malik
ambek. Sutiragén sirikna dicarékan laklak dasar. Tapi nu di carékanana mah kalah ka bungah. Hartina
omonganana di déngé. Kahayang Si Cépot pasti digugu. Enya mVh, tamat nyarékan, Semar
nyampeurkeun Si Cépot.
“Turun siah!” lamun teu turun tangakal kalapana ku aing di ... bekok!” Semar ngati-ngati.
“Heug uing turun. Tapi, kawinkeun ka Déwi Laélasari!”
“Moal!”
“Turun!”
“Moal!”
Kitu jeung kitu baé, taya nu daék ngéléhan. Tungtungna tangkal kalapa ku Semar dibekok.
Bruttt ... tarik pisan. Bekok semar téa sohor kabina-bina. Kanjat ka eundeur jagat ogé. Si Cépot
tipepereket kana barangbang kalapa, tapi weléh, ku tarik-tarikna bekok Semar, Si Cépot kabur
kabawa angin. Baring supagi bakal ragrag di nagara Ténjomaya.
“Ari Bapa ...,” Si Dawala jeung Si Garéng, luwa-luwé nénjo lanceukna kabawa angin. Kacipta
barang gubrag ragrag, awakna moal teu ancur.
“Maranéh gé saruana, tuturkeun lanceuk sia!” Duanana dibekok deui ku Semar. Biur
ngapung kabawa angin. Sarua baring supagi bakal ragrag di Nagara Ténjomaya.
Réngsé ngabekok anak-anakna nu ngalantarkeun tiluanana haliber, Semar nyalukan Nyi
Sutiragvn. Abong awéwé sajati agé-agé nyampeurkeun bari mekel budi pikayungyuneun. Nepi ka
awak Semar tingsariak sabulu-bulu, kumaha onam jelema salatri. Pokokna nénjo sikep Sutiragén ka
Semar ulah manusa, dalah sireum pohara sirikeunana.
“Bapa rék indit nuturkeun barudak. Kadé Ema salila ditingalkeun, ulah salingkuh,” boga
kénéh ari rasa timburu mah.
“Amit-amit. Ema mah moal ngijig sila béngkok sembah. Iraha bapa badé angkat ?” nyaritana
teu weléh lemes.
“Ké ... sakeudeung deui. Ayeuna mah hayu ah, urang gogoléran heula. Meungpeung euweuh
barudak,” mun jelema mah, bari umat-imut gumasép.
Caturkeun Si Cépot, dituturkeun ku Si Dawala jeung Si Garéng, ragrag di Nagara Ténjomaya.
Ragragna deukeut alun-alun. Bréh ... ku maranéhna katempo, jelema-jelema ngaraliud bari henteu
eureun-eureun salusurakan. Singhoréng keur aya saémbara. Nyaéta nyaémbarakeun Anak Ki Togog
Téjamantri, ngara Déwi Laélasari. Teu kudu dicaritakeun deui, kumaha geulis-geulisna éta anak
Togog. Da éta waé lamun manéhna kokojayan, cai téh ngadadak hinyay anu kapentrang panonpoé,
awakna langsung nyahclak késangan.
Para raja jeung adipati ti salawé nagara, hiji gé teu aya nu kuat, nadah wewesén Jaka
Tambilung. Kabéh taraluk bubar katawuran. Antukna saémbara kapaksa ditutup. Ngan barang rék
pok pisan, Jaka Tambilung nutup saémbara, Si Cépot gancang ngagorowok.
“Ké heula. Kuring rék nyobaan milu saémbara!”
“Maksudna, manéh mikahayang adi uing ?”
“Leres!”
“Boga duit teu?”
“Nya éta henteu”
“His, teu bisa atuh, saperti nu eunggeus-eunggeus, méméh milu saémbara, kudu
masrahkeun heula panglamar, mangrupa duit emas.”
“Kumaha lamun narohkeun pati ?” cék Si Cépot.
“Teu bisa. Mayar heula ku duit emas!” Tambilung keukeuh.
Cépot jeung adi-adina bingung. Tapi, sabot kitu, kawas aya leungeun gaib, neundeun duit
emas kana saku calana Si Dawala.
Éta leungeun téh, sabenerna leungeun Semar. Dawala kagét aya duit emas loba naker. Terus
nyarita ka lanceukna, “Tah, ka, kabeneran uing mawa!” mikeun duit emas ka lanceukna.
Si Cépot gancang masrahkeun duit emas. Giliran Si Jaka Tambilung reuwas. Pok deui
ngomong, “Sakitu mah kurang kénéh.”
Semar neundeun deui duit emas. Kop ku Si Dawala dicokot. Tuluy dibikeun ka lanceukna.
“Kurang kénéh,” cék Tambilung.
“Kumaha Dawala aya kénéh ?” Si Cépot nanya ka adina.
“teuing atuh, Ka!”
Semar neundeun deui duit emas. Kitu jeung kitu baé, nepi ka Si Tambilung kapaksa narima Si
Cépot, milu saémbara.
Si Cépot begalan pati. Tapi, sakali ditajong gé, Si Cépot téh langsung ngaringkuk. Tiluan
baradami. Ahirna milih rék baralik. Barang rék indit, datang Semar nyarékan ka Si Cépot. Teu boga ka
éra, cenah. Ari karep gedé hayang boga pamajikan, tapi kawani euweuh. “Kawas lain anak Semar
wéh siah!”.
“Ari bapa. Lain kuring teu boga kawani. Ngan tingali baé ieu tapak najong, sirikna teu matak
tutung!”
Hég ku Semar ditempo. Paingan atuh ! kop Semar nyabut kukuncung salambar. Tuluy
dibikeun ka Si Cépot. Barang dicabut robah jadi sabangsa halu.
“Gebugkeun ku manéh!”
Der deui patutunggalan. Si Cépot ditajong ku tarumpah sakti. Tapi, ayeuna mah teu nanaon.
Sabab geus diélmuan ku Semar. Giliran Si Cépot males, langsung Si Tambilung ngarumpuyuk. Datang
Tagog, terus dicageurkeun.
“Ieu lawaneun silaing mah. Bapa rék nitis kana awak manéh,” saharita Togog miraga sukma
kana awak Tambilung.
Si Tambilung maju deui. Habek digeug ku Si Cépot. Tapi, teu karasa nanaon. Sabalikna
barang diciduhan, Si Cépot ngarumpuyuk. Nénjo anakna ngagogolér, Semar buru-buru
nyampeurkeun. Tuluy dicageurkeun.
“Kurang ajar Si Togog.” Giliran Semar miraga sukma kana awak Si Cépot.
Nu ngadu jajatén ramé pisan, sarua tanggoh. Ahirna Togog ngaku éléh, sarta masrahkeun
anakna ka Si Cépot. Orokaya Déwi Laélasari, kajeun rék labuh pati, batan daék dikawinkeun Si Cépot.
Tétéla, wayang ogé apal kanu kasép mah nya ? Singhoréng boga kénéh téténjoan!
Ngadéngé manéhna ditampik sapajodogan, Si Cépot langsung ceurik kanyeunyeurian. Malah
rék sajung-jungeun balik. Gancang ku Semar diparancahan. Saharita awak jeung rupana robah. Cépot
malih wani jadi satria nu kacida kasépna. Ngaranna ogé diganti jadi Hyang Sukma Wisésa.
Déwi Laélasari ayeuna mah nu kaédanan. Geus kitu mah, tuluy baé dikawinkeun. Sataun ti
harita, Déwi Laélasari ngalahirkeun. Anakna lalaki, pohara kasépna. Lir beubeulahan térong jeung ...
Si Cépot nu asli. Dingaranan Sanghyang Sangga Langit.
Bareng jeung gelarna orok ti Laélasari, beungeut katut dedeg pangadeg Si Cépot pulih ka jati
mulang deui ka asalna jadi Cépot alis Astrajingga. Éta nu ngalantarankeun Déwi Laélasari pondok
umur. Maot gara-gara reuwas, nempo wujud asli salakina. Nepi ka jajantungna murag !.

Dicutat tur diropéa tina majalah Cakakak


No. 02/Juni 2010 kaca 50-54
LEMBAR KERJA PANCÉN MANDIRI 2

Nama :
Kelas :
Hari/tanggal :
Materi : 3.2 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan petikan cerita wayang

Langkah kerja :
1. Maca téks carita wayang Si Cépot Hayang Kawin
2. Pék jawab sawatara pananya ieu di handap!

No. Pananya Eusi


1. Saha tokoh utama dina carita
wayang di luhur téh ? kumaha
watekna ?
2. Saha deuih tokoh-tokoh
séjénna ? Ari watekna kumaha ?
3. Iraha jeung di mana kajadian nu
dicaritakeun dina carita wayang
di luhur téh ?
4. Naon jejer (tema) carita wayang
di luhur téh ? Naon alesanana ?
5. Naon nu hayang ditepikeun ku
pangarang ka nu maca ? Cing
tétélakeun !

You might also like