You are on page 1of 2

Nama: M.

Maulana Hafizh
Kelas: XI. IPS 3
Mata Pelajaran: Basa Sunda

Autobiografi M. Maulana Hafizh dina Basa Sunda


Nami wasta pun abdi nyaeta Muhammad Maulana Hafizh,
dibabarkeun ti kota Jakarta. Kaping 19 Desember 2002, abdi putra
pangheulana jeung anak tunggal ti pasangan bapa Rachmat Sabandar
sareng ibu Devi Hafizha.
Abdi dilahirkeun ti keluargi anu basajan pisan. Padamukan abdi
ayeuna di Mutiara Gading Timur Blok P.11 no 62 RT 001 RW 28
Bekasi, kode pos 17158. Ti alit abdi diajarkan ku bapa sareng ibu abdi
sangkan Kedah rajin ibadah, jujur, jeung hormat ka orang tua.
Sabot yuswa abdi 7 warsih, abdi mitembeyan atikan ti SDN
Semper barat 11 Pagi lalu pindah ka Bekasi masuk SDN Mustikajaya
3, salajeungna neraskeun atikan di SMPN 26 Kota Bekasi dina warsih
2015,lulus ti SMP warsih 2018, abdi neraskeun atikan di SMAN 9, di
Kota bekasi.
Waktos dulu abdi tinggal di Jakarta, abdi pernah sakola di SDN
Semper Barat 11 pagi salami 4 taun, ti kelas 1 sampe kelas 4 Sd.
Setelah na abdi pindah ka Bekasi warsih 2012. Lalu abdi masud SDN
Mustikajaya 3 selaku murid pindahan. Selama sekolah prestasi abdi
hanya masuk 10 ranking di kelas.
Biografi Ridwan Kamil dina Basa Sunda
Mochamad Ridwan Kamil, S.T, M.U.D (leuwih
dipikawanoh ku jujuluk Kang Émil, gumelar di Bandung, Jawa
Barat, 4 Oktober 1971; umur 48 taun) nyaéta Gubernur Jawa
Kulon période 2018-2023.
Saméméhna Émil téh saurang arsiték, dosén, sarta aktivis
sosial. Émil mangrupa anak ti papasangan Dr. Atjé Misbach,
S.H jeung Dra. Tjutju Sukaésih. Istrina nyaéta Atalia Praratya
sarta dipaparinan 2 anak nu ngaranna Camillia Laetitia
Azzahra jeung Emmiril Khan Mumtadz.
Taun 2013 Émil dicalonkeun ku Partéy Kaadilan Sejahtera
jeung Partéy Gerindra minangka walikota Bandung
diréndéngkeun jeung Odéd Muhammad Danial minangka
calon wakil walikotana.
Dina Rapat Pléno Komisi Pamilihan Umum Kota Bandung
dina tanggal 28 Juni 2013, pasangan ieu punjul ti tujuh
pasangan lianna ku sora 45,24% nepi ka pasangan Ridwan
Kamil jeung Odéd Muhammad Danial ditetepkeun jadi
pameunang dina Pamilihan Umum Wali Kota Bandung 2013.

You might also like