You are on page 1of 2

Anggota kelompok :

1. Muhammad Elvandro
2. Rayhan Tsarwah Rizky
RESÈNSI PILEM

Pilem "15+ IQ Krachoot"

 Identitas Pilem:

 Sutradara : Napat Jitweerapat, Aswanai Klin-eiam


 Produser : Prachya Pinkaew, Kanittha Kwanyu, Sita Vosbein
 Lalakon(Pemeran) :
1. Ploy Sornarin (Pemeran Sudarat)
2. Yongsin Wongpanitnon (Pemeran Chalad)
3. Oh-yong
4. Oh-Bue
5. Lita Janvarapa (Cherrie)
 Nagara : Thailand
 Kaping rilis : 03 Agustus 2017
 Durasi : 1 Jam 44 Menit
 Ringkasan Carita (Sinopsis)

Pilem ieu nyarioskeun perkawis Chalad anu dimaenkeun ku Yongsin Wongpanitnon,


sasarengan XO, kalayan XOBu rencangna anu ngagaduhan watek bodo jeung lucu. Aranjeunna
barudak ngarora umurna 15 taunan anu gaduh kapanasaran. Xo jeung Xobu sering sasarengan
midamel supados tiasa ngintip guru anu geulis di Sakolana.

Dina hiji waktos, guru aranjeunna ngayakeun lomba elmu pangatahuan. Saha anu tiasa
ngengingkeun lomba eta manehna ngagaduhan hak ngenyam elmu di Jepang. Nganggo aturan
sistim kelompok, Chalad kenying XO jeung XOBu, upami Sudarat(diperankeun ku Ploy
Sornarin) anu janten juara di kelasna, janten sakelompok sareng Cherry. Cherry gadis anu
dipikasuka ku Chalad, tayalain Cherry eta gadis idola di Sakolana. Mung Cherry henteu
mikasuka ngaraos jiji jeung keuheul ka Chalad kumargi sababaraha masalah.

Chalad henteu eleh geleng tetep sabar kanggo ngengingkeun hatena Cherry sok sanaos terang
yen Cherry tos kagungan kabogoh namina Tup. Chalad teras-terasan ngagoda ka Cherry ngaraos
anjeunna langkung pantes ka Cherry nganggo jalan ngengingkeun lomba ngenyam elmu eta
jeung ngalahkeun kelompok Tup.

Kanggo ngalahkeun kelompok Tup sanes perkawis sesah, mung ngalahkeun Cherry anu
ngaduhan Sudarat di kelompok, tangtos ngajantenkeun hahalang kanggo ngengingkeun
kelompok Chalad. Ahirna ku curangna akal bulus kelompok Chalad, XO jeung XOBu
mutuskeun supados kelompok Sudarat henteu pokus kana lomba. Chalad kenging tugas supados
Sudarat bogoh ka anjeunna. Kumaha taktik Chalad supados Sudarat bogoh ka anjeunna?, Tonton
carita maranehanana di film 15+ IQ Krachoot.

 Kaonjoyan (Kelebihan)

Cukup ngahibur, ngajarkeun nonoman ngeunaan pendidikan seks, visual anu saé

 Kahèngkèran (Kekurangan)

Dina tungtungna dimimitian boring nalika konflik parantos mundur

 Panutup

Carita na narik pisan, ngajarkeun ngeunaan pendidikan seks supaya urang henteu salah dina
ngarespon hal-hal anu bau jinis.

You might also like