GUNUNG & SENI TUTUNGGULAN Gondang mangrupa seni tradisional /klasik nu disebut Gondang teh aya 3 nyaeta Gondang Buhun, Gondang Pangruwat, Gondang Pangembat . Gondang Buhun sok dipake acara seseren panen ngajinebkeun ka leuit. Gondang Pangruwat, tutunggulan mun aya samagaha, atawa ngusir bahla, pancabaya (penyakit epidemi /musim cacar, kolera sacara umum menular) Gondang Pangembat, acara nyambut tamu, hiburan hajatan nyunatan, ngawinkeun, sjbn. Gondang Gunung sakapeung disebut Gondang Jampang. Ari ceuk riwayat kieu : Gondang nu kiwari aya di Gunungsungging Surade Sukabumi mangrupa warisan anu asalna ceuk cukcrukanna, anu baheula teh ti Suku gunung Patat Kalibunder-Lengkong aya kasebut Pung Rakatok nu kawin ka Nini Sintok )* Pung Rakatok kapungkur saurna bebetahna bumi matuhna di lembur nepi ka kiwari katelahna Lembur Pasir Sintok (di daerah /wewengkon Ciwalat - Wewengkon Ciselut -Pabuaran Lengkong Kalibunder.,ngamuridkeun ka Nini Bacih istrina Pung Enggi, ngamuridkeun ka Ma Banen, istrina Bapung Salam, ( Ma Banen, nu kasohor di zamana padumukanana di Gunung Hanjuang Curugkembar Sagaranten) teras Ma Banen ngamuridkeun ka Ma Asih istrina Pung Anggirik (Kp. Cangkore Lebaksiuh Jampangkulon) Ma Asih ngamuridkeun ka Meung Rumnah istrina Bapung Enggong (Cangkore Lebaksiuh) Meung Rumnah ngamuridkeun deui ka Embeung Nimbon (Embeung Nimbon Istrina Pung Endek alias Bapung Wirta,) nu ngagubragna nepi ka kiwari turun tumurun di Kp. Salenggang -Desa Gunungsungging -Kec. Surade -Kab. Sukabumi. Gondang Jampang dina mangsa harita (Meung NIMBON, Meung Emboy, Meung Umpit, Meung Enah, Meung Amit, Meung Hadsiah (istrina Abah Boid) turun deui ka anak anakan nu kiwari kasebat UMI ELOM sareng UMI IIS anu kiwari sok ngahiji babarengan jeung lingkung seni Pencak Silat. Anu dina sababaraha waktu kalangkung ieu gondang pimpinan Umi Elom kantos disajikeun dina acara peresmian Geopark Ciletuh -Palabuanratu . * ) baheula Pung Rakatok katut sadudulur ditangkep tuluy dikarapyak /dibui dihijikeun di kandang kebo sabab cenah ngilu baruntak ka Bayabang, Pung Rakatok kuburanana teu puguh, ceuk beja di Parung Bogor. Pangna ditewak waktu manehna maen Longser) ** mawa ubrug atawa oncor) ***oncor =lampu colen gede paranti maen longser .Pung Rakatok ditangkep gara gara rek nyeungeut pangambung OBOS (polisi kajineman Cikondang Cianjur) kajineman teh saurna tukang nangkap tahanan atawa newak buronan ) Ari jenis Tabeuh atawa tutunggulanana ,atawa pirigan lisung : - tabeuh pingping cakcak pingping toke -tabeuh gubral gebrol -belentuk gintung -tabeuh bangbara ngapung Lagu /kawih :Larkili, rayak rayak ,kopo kondang, leang leang, jrrd. Anu lolobana mah sisindiran, paparikan .(hanca ka bag. 2)
GONDANG JAMPANG /GONDANG GUNUNG
& SENI TUTUNGGULAN ( 2 ) Dangdanan , tur Jampe Pamake, sarta Rajah: Numutkeun Nini Ipoh ti Kp. Pasirangin Lebaksiuh , Dangdan : "ari dangdan rek ngagondang kuduna digelung jucung, Maya Indung nu purah ngatur reujeung Mayang Aweuhan (Para Alok) nu ngabedakeun tina make soder, jeung kekemben. Mayang Indung biasana make soder warna beureum, kekemben warna hideung. Ari Mayang Pangiring atawa Mayang Aweuhan disusun ti anu umur pangkolotna atawa anu dikolotkeun,soder bodas, kekemben hejo, terus soder koneng kekemben ungu, dilarapkeun disusurup dipapantes bae. Jampe pamake : Jampe Pamake ceuk Ma Ipoh biasa bae eta mah ngadu'a sangkan dipakaresep, kudu make minyak seuseungitan da sok bau kesang lamun enggeus breng marincak apan, sajaba ditapelkeun dina wedak sari pohaci teh, supaya percaya kana diri mapatkeun jampe kieu : " Rup jamang sumurup tangtung Manjing waruga awaking Jamang gilang kahiyangan Kanteh Domas kancing manik Nya jamang para pujangga Cawisan para Pohaci " Bur ngempur sahurung layung Dumeling larap awaking Gumebyar miraga sukma Tis nitis Aci Pohaci Rap nerap Sukma Bujangga Lantis ka diri ngajadi " Mabuk ka luhur kaduyung Mabit ka sisi kataji Mapas ka tengah kagembang Ngeumbing pikir kapieling Muntang rasa kapicangcam Awaking Pancer ing ASIH )* *) Bari ngusapkeun wedak, bari ngucrutkeun seuseungit minyak wangi. Rajah Rajah minangka sasadu ka kokolot lembur, kitu ceuk Abah Owi urang Mangunreja Bojongkalong asal ti Gunung Hanjuang ti rerehan Meung Banen Curugkembar Sagaranten. Sasadu teh amit amit ka pamangku lembur, balaka ku cacarita sabab apan bisi kaganggu ku dedengean tabeuh lisung, nu gering bisi kaganggu. Rupa rupa bae. Pokona kudu bebeja da memang kitu alusna. Jeung papada kudu aya kaakuran katengtreman. Samemeh ngarajah biasana nyeungeut menyan atawa seuseungitan bae boh kayu garu boh kamuning, ulah poho maca "Bismillah "dina hate bae, satuluyna pok ngarajah laguna bebas arek kidung Jampang pek, arek Kunosari, pek ari ku Jemplang Leumpang seug. Pok pokanana ieu : "Amit ampun nya paralun Ka Batara ka Batari Ka Batara nu ngayuga Ka Batari nu ngajagi Nu lenggah di kahiyangan Anu ngaping beurang peuting) ** "Gondang tempat ruang riung Gondang pamidangan kuring Gondang tempat magelaran Warisan ti nini aki Tapak lacak nu baheula Pusaka Para Pohaci "Lulurung tujuh narutus Ti mendi atuh pasini Bisina narajang alas Palias bisi pamali Neda pangriksa pangraksa Bisi kausik keur calik. "Kaluhur maca kapitu Ka handap maca kalimah Ngilikan karahayuan -------(bari nincak bumi) gejlig.... Bareng jeung mere aba aba ka nayaga yen tutunggulan ngagondang dimimitian. (hanca)
GONDANG JAMPANG /GONDANG GUNUNG
& SENI TUTUNGGULAN (3) Memang langka kiwari mah nu nabeuh Gondang Buhun, Pangruwat, boh Pangembat. Nu biasa oge seni tutunggulan gondang ukur jadi bahan carita tamba kaluman kitu oge di kalangan jalma nu kungsi ngalaman ngadenge atawa nempo saliwat malah ceuk beja. Tamba kaluman Kikamal oge kungsi nulis dina Koran Mingguan Pelajar tapi lain Gondang, ieu mah seni tutunggulan campur drama swara tina hal heureuy barudak. Kungsi dipentaskeun di SD Kalapanunggal 2 kapungkur. taun 1975 A. Tutunggulan batok paketrok, lar mojang bari marawa halu pok ngawih : Hayu batur kakawihan Sesebred jeung tutunggulan Urang heureuy gogonjakan Di lisung sili eledan Tah haluna hiji sewang Macangkrama ngahaleuang Kakawihan sukan sukan Dipiring ku tutunggulan B. Tutunggulan pirig lagu Ninun : Sakentrung aweuhan lisung Gandrung kampung kapieling Matak waas matak kelar Bibit buit purwadaksi Budaya Sunda baheula Wincikeun urang kiwari Hayu atuh rempug jukung Silih asah silih asuh Urang singkil babarengan Urang patri jero ati Sorolok prang. Sorolok pring Urang Sunda geura nyaring C. Datang barudak lalaki nabeuh celempungan, pirigan lutung luncat, bari ngarawih : Disangka teh bidadari Turun mapay katumbiri Hate urang bet kataji Ari heg batur sasari D. Ditembalan ku barudak awewe lagu kaleran /rayak rayak : Kunaon atuh bet pangling Abong make baju ginding Ka sasama rek balaga Munggah peta loba ceta E. Ceuk barudak lalaki kawih batok ngisang : Boro datang rurusuhan Nyangka samagaha bulan Putri nu ti kahiyangan Cumeluk ku tutunggulan Ari heg batur salembur Mojang kampung purah nutu Nu gawena henteu kaur Haliwu nyiaran kutu Kuring ge kabiruyungan Aya sora tutunggulan Nyangka putri kahiyangan Ari heg teh careuh bulan. F. Barudak awewe ngambek bari ngawih (hanca)
GONDANG JAMPANG /GONDANG GUNUNG
& SENI TUTUNGGULAN ( 4 ) G. Ceuk barudak lalaki bari ngajebian barudak. awewe pok ngawih : Paripolah anu nutu Mun hareudang ngudar baju Nutuna teu kaur laju Balas ngocoblak ngahuntu Bujur ka hareup ka tukang Eusi kutang matak melang Sok milu ampul -ampulan Jadi bahan gogonjakan Awewe ti pilemburan Gawe kasar pacabakan Leungeun kasap sasanggaleun Suku jebrag rorombeheun Teu cara koki juragan Atawa istri kantoran Mojang kota nu lalenjang Nu gawe ngan ukur midang H. Barudak awewe ngarambek, bari ngawih : Lalaki ulah sok nyeta Ngahina mojang di desa Kiwari teu aya beda Ka nagara ngilu bela Jadi buruh jadi tani Padagang atawa kuli Purah gelut oge wani Jadi POLWAN jeung Prajurit Kiwari Istri binangkit Ka Negara bakti ngabdi Putri melaan pertiwi Anak bangsa nu masagi I. Ceuk barudak lalaki : Lamun kitu teu percuma Anjeun mojang wijaksana Hayu rampak sauyunan Ambeh hirup lalugina Hayu urang rampak sekar Ngawih bari tutunggulan Diseling ku celempungan Ambeh runtut sauyunan J. Cek barudak awewe bari kawih : Hayu urang kakawihan Jeung urang sili igelan Urang ocon gogonjakan Hirup geusan duduluran K. Pirigan pencak lagu kembang beureum. Awewe ngawih : Hayam ngagimbung di lisung Ngariung riung nu nipung Ngadago bakatul ngapung Nunggu beunyeur cere layung L. Barudak lalaki (lagi kembang beureum) : Di lisung hayam gempungan Nyiar rijki pepeclengan Nu danten bangun ngewaan Jiga api kain pisan Tapi cicing di deukeutan Ka si jago ngadeukeutan Jiga anu ngahelaran kawas hayang diheureuyan Jago rintit ngadeheman Manggih beas pepeclengan Dipake ngabibitaan Gumasep rada aleman M. Ceuk barudak awewe ( lagu kunang kunang) : Euleung euy euleung kaliki jeung kajujaran Euleung euy euleung kabawa palid cileuncang Leuheung euy leuheung mun lalaki mikaheman Leuheung euy leuheung mun bisa ngigelan urang N. Barudak lalaki : Dengkleung euy dengkleung Gantar hoe kasireuman Dengkleung euy dengkleung Tangkal gintung sasampayan Ngeunteung elu ngeunteung Mojang ulah kasieunan Ngeunteung euy ngeunteung Mojang mal diheureuyan O. Rampak barudak lalaki & awewe : Sareundeuk saigel Hayu urang rempug jukung Nanjeurkeun demi karuhun Seni kabudayaan urang Rampak tandang Hayu bareng makalangan Bakti keur nagara urang Lemah cai malar jembar. ***) Catatan :kasih /lagu bisa diganti ku Lagu Dareuda, Rayak rayak, Larkili, jsb)