You are on page 1of 4

Kaulinan budak Sunda

Sajarah
Saméméh kaulinan komputer sarupaning Sega atawa Nintendo datang, barudak leutik di Tatar
Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manéhna sabada diajar atawa
mantuan kolotna. Kaulinan barudak téh mangrupa kamonésan anu mindeng dilakukeun ku
barudak dina mangsa keur rinéh. Aya kaulinan barudak anu dilakukeun ku sorangan, aya
kaulinan anu dilakukeun ku duaan, aya ogé kaulinan anu kudu dilakukeun ku lobaan. Salian ti
éta, ogé aya kaulinan husus keur barudak awéwé, kaulinan husus keur barudak lalaki, jeung
kaulinan anu bisa diiluan ku barudak awéwé jeung lalaki.

Mangpaat
béda jeung kaulinan éléktronis nu sipatna nyorangan ((id):soliter, (en):solitaire), rurupaning
kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipaénkeun ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna
mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu
kaiket/mahardika/independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikna, kaulinan heubeul
ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk leungeun. Sawatara jalma boga
pamadegan yén ieu téh aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna, hartina masarakatna nu
bakal kahareup, anu leuwih gedé rasa kasoranganana jeung turun rasa babarenganana.
Dua sifat ieu aya goréng aya alusna, teu bisa dibédakeun hideung bodas. Ieu tangtuna
tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan budak jeung dunyana supaya kahareupna
generasi hareup jadi generasi nu mardika, kompetitip, ngulik tapi teu égois, atawa boga 'rasa
sosial' nu lemes.
Salian ti ngajarkeun rasa babarengan éta, hiji ciri lain kaulinan barudak lembur baheula téh
biasana mah tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih
deukeut kana hariring ti batan kana ngawih. Contona, dina kawih kaulinan pelak cau nu
mibanda pancén "nyabut" bibit cau kudu uluk salam heula maké kawih. ku sabab ieu, loba nu
ngahijikeun kakawihan jaung kaulinan budak.

kaulinan secara formal


Lantaran kaulinan téh gedé mangpaatna pikeun kamekaran mental jeung tumuwuhna fisik
barudak, mangka dina Kurikulum 2013 tingkat daérah provinsi Jawa Barat kaulinan barudak
diasupkeun minangka matéri pangajaran di sakola. Matéri pangajaran kaulinan barudak
ditepikeun dina kelas VII SMP. Eusina ngeunaan pangaweruh rupa-rupa kaulinan tradisional
kalawan prakték pikeun metakeun éta kaulinan.

Dumasar kana saha nu ngalakukeunna


Kaulinan barudak awéwé

 simar
 békles
 anjang-anjangan
 sondah
 congklak
 énggrang
Kaulinan barudak lalaki

 gatrik
 sorodot gaplok
 papanggalan
 kolécér
 jajangkungan
 ngadu kaléci
 pepeletokan
Kaulinan barudak lalaki jeung awéwé

 galah (gobag)
 oray-orayan
 ambil-ambilan
 ucing sumput
 sapintrong
 boy-boyan
 pacici-cici putri
 ucing-ucingan
 empét-empétan
 sasalimpetan
Dumasar kana prak-prakanana
====Anu dibarung ku kakawi han====
Anu henteu dibarung ku kakawihan
Dina daptar di handap disebutkeun rupa-rupa kaulinan budak Sunda.
kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu
ambil-ambilan
lobaan.
kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak,
anjang-
tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi
anjangan
saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.
kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga
bébénténgan
bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.
kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di
béklen
jero imah atawa téras.
kaulinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu
ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus
boy-boyan
malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus
nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.
congklak kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.
kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh
cacaburangé barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh,
gantian jadi ucing.
cingciripit kaulinan bari kakawihan.
damdaman kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu
béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
endog- kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup
endogan nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
empét-
kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.
empétan
éncrak kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)
kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa
éngklé batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana
batu séjén anu ditangtungkeun
kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang
galah asin lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku
nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan
gatrik
diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh
gugunungan
ngebul.
kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain
hahayaman jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa
lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.
jajangkungan kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang
kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik
luncat tali
diluhurkeun.
ngadu kaléci kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.
kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju
oray-orayan
siga oray luar-léor.
paciwit-ciwit kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah
lutung kawih
pérépét kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus
jéngkol puputeran teu meunang leupas.
kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji
pelak cau
nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina
sérmen awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang
musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.
kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya
sondah
kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang
sorodot gaplok
gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu
ucing-ucingan
jadi ucing.
kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing.
ucing sumput Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan
kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Gambaran Kaulinan Barudak

Congklak Ucing Sumput Kolécér

Ambil-Ambilan Éngklé Boy-Boyan

Énggrang Galasin Luncat Tali

You might also like