You are on page 1of 27

KAULINAN BARUDAK SUNDA:

1. Ambil-ambilan

Ambil-ambilan nya éta kawih kaulinan barudak anu dikawihkeun ku dua rombongan
atawa kelompok ngajajar pahareup-hareup.Cara ngawihna siligenti patémbalan
kawas sisindiran, tuluy tumuluy nepi ka éléh rombongan atawa kelompok nu
hareupna teu bisa ngajawab deui.Budak nu kapilih ku rombongan anu kabagéan
milih, disebut ngaranna tuluy pindah ka rombonganana atawa kelompokna,
pindahna bari éngké-éngkéan sarta bari disurakan "maling endog" ku rombongan
anu ditinggalkeun.Tuluy nu éléh biasana kudu narima hukuman ti nu meunang,
lamun nu éléh teu narima kana hukumanana bisana sok leuwih disurakan ku
barudak nu meunang atawa disebutan euweuh kanjutan keur lalaki, mun keur
awéwé mah biasana sok disebutanna téh euweuh peurahan.Kieu rakitan kaawihna:
- Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil kami mah teu boga incu
- Si Anu kadieu purah nutu purah ngéjo purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé tiguling nyocolan dagé.
Kawih lianna :
- Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil, kami mah teu boga incu boga gé anak pahatu
- Pahatu gé daék purah nutu purah ngéjo purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé tiguling nyocolan dagé

2. Anjang-anjangan

Anjang-anjangan nyaéta kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tanangga, aya


bapa,ibu,anak, tatangga, warung,pasar jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwe,
tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.Saenyana mah teu
aya palaturan nu matuh, mung palingan ge budak nu kabagean peran bapa, indung
atawa anak kudu bisa ngahayatan peran nu dilakon. Mun saenyana aya aya nu teu
bisa ngahayatan, biasana sok dipoyokan teu bisaeun ulin.

3.Ayang Ayang gung

Ayang-ayang gung nya éta kawih kaulinan anu dilagukeunana bari ayang-
ayangan,pauntay-untuy.Biasana mangrupa lagu panganteur dina kaulinan ucing
kuriling atawa ucing peungpeun.Rakitanana kieu :
Ayang-ayanggung,gung goongna ramé,ménak Ki Mas Tanu,nu jadi wadana,naha
manéh kitu,tukang olo-olo,loba anu giruk,ruket jeung Kumpeni,niat jadi pangkat,
katon kagoréngan,ngantos Kangjeng Dalem,lempa lempi lempong jalan ka Batawi
ngemplong.
Kawih lianna:
Oyong-oyong bangkong,'kong parakan nyambut,buten buah beunying,nyingsat ka
cawéné,néang nu ngajuru,rungkad sajajagat,gatrik naék munding,dingklak ka
landeuhkeun,keuna kana burang,rangkék naék jambé, béo wliyulah,laha dina
bilik,lika meunang nguseup,seupan leunca ngora,ratib ngan duaan,anteur kami
mulang,langka munding bulé,lédéh kahujanan,nangtung jadi ratu,tuan besar
senang,nangtung ka nu butuh,tutali tumenggung,gung goongna ramé,ménak Ki
Wastanu,nu jadi wadana,naha manéh kitu,tukang olo-olo,loba anu giruk,ruket jeung
Kumpeni,niat jadi pangkat,katon kagoréngan,ngantos Kangjeng Dalem,lempa lempi
lempong jalan ka batawi ngemplong,plong ka kulon plong ka wétan,tantara Lemah-
abang,bangkong luncat ka sawah wahon Abdul Wahab,Habib tukang bajigur Gurka
kurang ajar,jarah ka Batutulis,lisung nini-nini,Nipong tukang tipu,puas dibom atum,
tuma nyaliara,ramé di Jakarrta,tara ti sasari,ribut loba Indo,Indonésia Meredéka

4. Boy-boyan

Boy-boyan teh salah sahiji kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu
bisa dijieun tina kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténis na. Tuluy,dikumpulkeun
potongan kenténg (10 ~ 15) sina ngajajar kaluhur. Kabeh anu teu jadi ucing,
saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép, minangka nepikeun
salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kénténg na geus runtuh, anu jadi
ucing tuluy ngaberikkan ka anu maen tadi sangkan beunang dibaledog ku bal-na.
Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar tina ulinan nepikeun kabeh kabalèdog ku bal-
na.

5. Bebentengan

Bébénténgan nyaéta kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari


ngajaga benteng anu dijaga ku batu,talawengkar jsb.

6. Beklen

Béklen atawa béklen nyaéta kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk.
Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.
Palaturan
kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal beklenna nu bahanna tina karet, rata2 dipaenkeun
ku 2-sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rek 20 ge kaci,
ngan kudu bisa karanggeum ku leungeun. nu maraenna andeprok na tehel nu
beresih nguriling jiga samodel lingkaran. Mimitina bal dialungkeun sakali ngacleng
kana tehel, tuluy kewukna diawurkeun kana tehel, mimiti nyokot kewuk hiji-hiji, bari
dialungkeun balna ngacleng sakali tea, da mun dua kali atawa leuwih mah lasut..
conto make kewuk 10 siki, kewuk dicokot nepi ka 10 karawu ku dua leungeun, tuluy
diawurkeun deui kewukna ditangkarak2eun kabehanana, dicokot hiji-hiji nepi ka
sapuluhna.. geus kitu kewuk ditangkub2keun prosesna sarua jiga nu diluhur, geus
ditangkubkeun kabeh, tuluy dibawaan deui. bagean ka batur mah lamun pamaen ka
hiji lasut, nya giliran maenkeunana.Minangka ujianana, istilahna "naspél". Sanggeus
proses kahiji nepi ka proses ka ditangkubkeunana kewuk nepi ka 10, naspelna teh
kewuk ditangkarak-tangkarakkeun terus dirawu kabeh, geus kitu ditangkub2keun
dirawu deui. geus kabeh karawu, tuluy kewuk nu 10 siki diranggeum terus
dialungkeun ka luhur bari ditampanan ku dampal leungeun nu ngalungkeun. Lamun
dina dampal leungeun nyesa 2 atawa 3 atawa 4 kewuk, tuluy disanggap deui. engke
ngamimitianna deui kudu ti 2/3/4 nyokotanna. henteu mimiti ti 1. jadi langsung. kitu
oge nangkarak2keun, nyokotna 2/3/4 kumaha nu kasanggap tea. mun keur naspel
lasut, nya kudu balikan deui, nepi ka lulus banglus naspelna (nepi ka bisa
ngaranggeum kuwuk tea).

7. Caca Burane

Caca burané nya éta kawih kaulinan anu tujuanana saru pikeun teteguhan siga
Pacublak cublak Uang jeung Tungtung Kalintung.Carana sarua pédah béda rakitan
kawihna, barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh nu bakal neguh.nya éta
kawih kaulinan anu dikawihkeun babarengan.Barudakna ngariung saurang baturna
nu nyuuh nu bakal neguh Nu lianna numpangkeun leungeunna dikeupeulkeun,
salasaurang ngeupeul barang anu rék diteguh.[Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat
tuluy neguh, lamun kateguh di saha éta barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh
pikeun neguh.Rakitanana kieu :
Caca burané,Burané tali gobang,Gobang pancarané,Anak gajah bebayuné
Jing gojing léwok-léwok,Jing gojing léwok-léwok.

8. Cacaburange

Cacaburangé nyaéta Kaulinan di jero imah bari Kakawihan,Aya nu jadi ucing nu


kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna
kateguh, gantian jadi ucing.

9. Cing Ciripit

Cing ciripit nya éta kawih paranti milang,saméméh ucing-ucingan.Aya di sababaraha


tempat atawa wewengkon séjén mah disebutna téh eméng-eméngan. Cara maénna
mimiti barudak ngariung, tuluy salah saurang budak biasana budak nu panggedéna
ngasongkeun dampal leungeunna katengah riungan bari narangtung, tuluy budak
séjénna ngasongkeun curukna séwang-séwangan ditapelkeun kana luhureun
dampal leungeun budak nu panggedéna téa, sanggeus kitu barudak anu
ngasongkeun curukna séwang-séwangan téa, ngangkat jeung nurunkeun curukna
séwang-séwangan bari ngawih cing ciripit, saha nu kacekel curukna berarti éta nu
éléh atawa nu eméng kudu ngudak barudak séjén nu teu kacekel curukna, nu séjén
lalumpatan ngajauhan nu eméng, tuluy mun aya nu kacabak salah saurang budak
berarti jadi pindah budak éta nu eméng jeung kudu nyabak atawa ngaeméngkeun
barudak séjénna kitu saterusna nepi ka kabagéan kabéh.Anu ngarawih téh bari
seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy, ulin barudak téa tara aya nu serius,
malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran budak.Rakitanana kieu :

Cing ciripit Tulang Bajing kacapit Kacapit ku bulu pare Bulu pare seuseukeutna
Kawih lianna :
Cing ciripit Kadal buntung dua saringgit Dipaké nyandung A, i, u, daun cau nangka
ngora Ari tang tang tang tangkeupan....

10. Cingcangkeling

Cingcangkeling nya éta kawih paranti milag saméméh barudak ulin ucing-ucingan.
Ieu kawih kaulinan barudak cingcangkeling téh dilakukeunna bari ngariung henteu
papisah saurang-saurang tapi babarengan jeung biasana sok ditunjuk ku juru
ngawihna nu salah saurang budak éta, budak nu kabilang ditunjuk nurutkeun
wirahma kawihna, tuluy kudu ngudak budak séjén nu teu katunjuk.Carana budak nu
kabilang, kudu nyabak budak nu teu kabilang, tuluy lalumpatan ngajauhan budak
anu geus kabilang tadi, satuluyna kitu terus nepi ka kabéh budak beunang kacabak,
aturannana teu meunang aya budak anu jauh-jauh teuing lumpatna, kudu
sakurilingeun lapang atawa buruan imh tempat maranéhna ulin, teu kaci lamun aya
nu jauh berarti budak éta kaluar maénna atawa gugur teu bisa ngiluan maén deui
nurutkeun kasapukan kabéh budak nu milu ulin dina éta kaulinan, biasana barudak
nu ulin bari ngawihkeun ieu kawih cingcangkeling téh sok bari heureuy
silisurungkeun atawa bari luluncatan teu puguh embung cicing kumaha wé budak
leutik nu keur meujeuhna resep ulin.Saméméh prung sok dikawihkeun heula ku
saurang,nu sèjènna nuturkeun ngawih bari nyurakan nu kabilang.Rakitanana kieu :
“Cingcangkeling,Manuk cingkleung cindeten,Plos ka kolong,Bapa Satar buleneng”

11. Cingciripit

Cingciripit Tulang Bajing Kacapit,kacapit kubulu pare Bulu pare seuseukutna Jol Pak
Dalang Mawa Wayang Jrek...jrek..nonnng!!.Kaulinan budak ieu minimal dilakukeun
ku 3 urang, saurang nu jadi ucing kudu namprakeun leungeun,ari nu lainna
neundeun curuk kana leungeun ucing.Terus bari nembangkeun kawih diluhur. Pas
dina bait jrek.. jrek... nong! leungeun ucing nu namprak gancang dikeupeulkeun, anu
teu kebat ngejatkeun curukna / curukna kakeupeul gantian jadi ucing.

12. Cok Cang (Cok Cangan)

Cok cang (cokcangan) nya éta kawih paranti milang saméméh ulin ucing-ucingan.
Aya di sababaraha tempat atawa wewengkon séjén mah disebutna téh eméng-
eméngan.Anu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy, ulin
barudak téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran budak.
Cara maénna nya éta budak nu kabilang, kudu nyabak budak nu teu kabilang, tuluy
lalumpatan ngajauhan budak anu geus kabilang tadi, satuluyna kitu terus nepi ka
kabéh budak beunang kacabak,aturannana teu meunang aya budak anu jauh-jauh
teuing lumpatna, kudu sakurilingeun lapang atawa buruan imah tempat maranéhna
ulin,teu kaci lamun aya nu jauh berarti budak éta kaluar maénna atawa gugur teu
bisa ngiluan maén deui nurutkeun kasapukan kabéh budak nu milu ulin dina éta
kaulinan.Rakitanana kieu :
Cok cang si pencok si kacang Si niti anggolati Si togog montok.
Rakitan kawih séjénna :
Cok cang si pendék si kacang Si niti anggolati Dog clo Bo lo nyon,
Atawa :
Cok cang si pendék si kacangm Si niti anggolati Lameta déning si togog Montok

13. Congklak

Congklak nyaéta kaulinan maké papn kai dieusi kewuk.Geus aya lombang--
lombangna 7, ngajajar. Di hareupeun lombang 7 ge aya deuih 7 lombang, 2 lombang
badag digigir-gigirna. Eta lombang teh dieusian ku siki asem atawa siki congklak (nu
geus disadiakeun), atawa bareto mah mun congklakna dina taneuh, sikina sok ku
batu laleutik.
Cara maen na :
Lombang dieusian masing-masing 7 siki. Ari lombang gede minangka lombang
rajana mah henteu dieusian, dipaenkeun ku 2 urang teu bisa leuwih. Sanggeus
kabeh lombang leutik dieusian, tuluy salahsahiji nu maen nyokot lombang, nya
dipapaykeun nepi ka beakna siki. Giliran ieu nu lombang gede (tabungan manehna,
nu beulah kencaeun nu maen) ge dieusian sasiki, lasutna teh mun siki nu
pamungkas nempatan lombang nu kosong. Mun dina nu lombang luhur aya eusian
disebutna "nembak", siki nu lombang kosong, jeung siki luhureunana dibawa jadi
hak milik nu maen eta. Nya geus kitu mah bagilir bagean pamaen lawanna da lasut
tea
14. Damdaman

Damdaman nyaéta kaulinan anu maké mikir lantaran butuh strategi sangkan buah
daun urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.

15. Empet empetan

Empét-empétan nyaéta kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina
jarami.di maenkeun ku barudak bari seuseurian jeung gogonjakan.silih ponyok
tarompet saha anu butut sorana.

16. Endog endogan


Endog-endogan nyaéta kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun
ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus
nuturkeun kawih.Biasana diulinkeun bari diuk, minimal diulinkeun ku 2 urang. Terus
leungeun dipeureupkeun disimpen dihandap. Posisina aya anu bari nangtung aya
anu bari nangkub. Sabada digoleangkeun (digoyang) barudak bari kakawihan.
Kawihna siga kieu :
"Endog endogan….endogna peupeus hiji..pre".
Mun nyubut pre langsung leungeun anu tadina meureup ditemprakeun. Mimiti anu
ditemprakeun anu paling handap tuluy sampe kaluhur. Mun leungeunna geus
euweuh anu meureup deui dikawihkeun deui siga kieu :
“goleang goleang Mata sapi bolotot bari handapeun mata barudak sok silih dibeyeng
kahandap ku sorangan.”

17. Eundeuk eundeuk Cang

Eundeuk-eundeuk cang nya éta kawih kaulinan anu dipaké ku barudak bari
eundeuk-eundeukan dina dahan tatangkalan.Barudak ngarawih bari suka bungah
jeung ngeundeuk-ngeundeuk tangkal anu ditaékannana, ngarawihna bari seuseurian
kawas nu nyurakan batur nu ngaliwat ka éta tangkal, dikawihkeun dialeu-
aleuRakitanana kieu :
Eundeuk-eundeuk cang lagoni Meunang peucang sahiji Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
Rakitan kawih lianna kieu :
Eundeuk-eundeuk cang lagoni Meunang peucang sahiji 'Leupas deui ku nyai
Beunang deui ku santri Leupas deui ku nini Beunang deui ku aki.

18. Galah Asin

Galah asin nyaéta kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji
kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa
beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
Palaturan
Aya sababaraha kalompok (grup). Sakalompokna biasana aya dua urang. Paulinan
ieu biasana di buruan taneuh anu lega, saumpamana di lapangan terus make garis.
Cara ngulinkeunana salah sahiji kalompok, nangtung sajajar ngajagaan lapang
atawa garis. Tiap garis dijagaan ku tiap urang. Kalompok anu lawan tugasna
sangkan bisa ngaliwatan eta garis. Lamun bisa ngaliwatan garis kahiji kudu
dituluykeun deui kanu baris kadua. Mun gagal ngaliwatan garis berarti eleh.
Saterusna tuluy gantian.
19. Gatrik

Gatrik nyaéta kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku
jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.

20. Gugunungan

Gugunungan nyaéta kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana


taneuh ngebul

21. Hahayaman
Hahayaman nyaéta kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam,saurang
nu lain jadi careuhna.Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu
laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.

22. Hompilah

Hompilah nya éta kawih paranti milang saméméh prung maén ucing-ucingan.Aya di
sababaraha tempat atawa wewengkon séjén mah disebutna téh eméng-eméngan.
Anu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy, ulin barudak
téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran budak.Cara
ngalakukeunana barudak ngariung bari namprakkeun jeung nangkubkeun dampal
leungeunna tuluy ngawih babarengan, saha budak anu teu sarua hasil hompilahna
aya nu nangkub dampal leungeunna saurang, atawa nu nangkarak dampal
leungeunna saurang berarti éta budak nu éléh jeung eméng kudu ngudag budak
séjén nu sarua hasil hompilahna, tuluy nalika barudak lalumpatan ogé teu kaci jauh-
jauh teuing lumpatna, lamun jauh nepi ka kaluar tina galur lapangan atawa jauh ti
buruan imah dianggap gugur atawa teu bisa miluan deui maén ucing-ucingan.Tuluy
nalika maén ucing-ucingannana bisana disawatara tempat séjén mah sok aya
hukuman atawa balesan pikeun budak nu éléh ku cara di cabak atawa dikélékéték
nepi ka seuseurian malah aya budak nepi ka ngaompolan manéh banget ku tuluy-
tuluyan dikélékéték diriung ku budak séjénna nu teu éléh.Kieu rakitan kawihna:
Hompilah hompimpah,..Alaihum gambréng

23.Jajangkungan

Jajangkungan atawa égrang nyaéta kaulinan leumpang maké awi dua anu aya
panincakan.
24. Kalong King

Kalong king nya éta kawih kaulinan anu dikawihkeun nalika layung pasosoré,
biasana lamun aya kalong ngaliwat tinggalayang disurakan bari dikawihan.Nalika
kalong ngaliwat, barudak sok ribut nyurakan bari ngawih kalong king, suka bungah
seuseurian nyurakanana ogé sok tara kira-kira jiga nu ijid ka kalong téh, ngan ramé
wé da barudak mah néangan hiburan pikeun ngabubungah haténa lain saukur
nyurakan.Kieu kawihna :
“Kalong king, kalong king,Bapa sia utah ngising,Dibura ku madu ucing,Madu ucing
meunang maling,Maling ti imah aing”

25. Kawih Kaulinan

Kawih Kaulinan nya éta kakawihan barudak atawa kawih murangkalih,mangrupa


sabangsa kawih anu biasa dikarawihkeun ku barudak bari arulin,boh dilakukeun di
jero imah,boh di luar upamana di buruan keur kaayaan caang bulan, atawa di tempat
lianna tempat maranéhna ulin.Rakitan kakawihan barudak mangrupa lalaguan
balaréa anu sipatna anonim, biasana tara sarua unggal daérah sok aya baé bédana
saeutik.Kiwari kawih kaulinan geus jarang dikawihkeun ku barudak, komo budak nu
cicingna di kota mah meureun geus tara pisan dilakukeun, biasana kawih kaulinan
téh sok dipaké ku barudak nu cicingna dipadésaan atawa pakampungan, di daérah
pagunungan.Budak nu biasana ngawih lamun keur ulin téh sok babarengan jeung
babaturannana,tara sosoranganan.
Conto Kawih Kaulinan :
• Cing Cangkeling atawa cingcangkeling
“Cingcangkeling Manuk cingkleung cindeten Plos ka kolong Bapa Satar buleneng”
• Cing Ciripit
Cing ciripit Tulang Bajing kacapit Kacapit ku bulu pare bulu pare seuseukeutna
Kawih lianna :
Cing ciripit kadal buntung duit saringgit Dipaké nyandung A, i, u, daun cau nangka
ngora Ari tang tang tang tangkeup !
• Cok Cang (Cokcangan)
Cok cang si pencok si kacang Si niti anggolati Si togog montok
Rakitan kawih séjénna :
Cok cang si pendék si kacang Si niti anggolati Dog clo Bo lo nyon.
atawa
Cok cang si pendék si kacang Si niti anggolati Lameta déning si togog Montok.
• Hompilah
Hompilah hompimpah, Alaihum gambréng
• Tutunjukan
Tutunjukan téténjékan,Si Tétéh anteur ka cai, Ah embung, sieun bugang dina
muncang. Kokoplak sayang kadanca Si paok katinggang picung,Cungcurung ka
Cipicung Dél odél papatong dosol Tinyohnyor.
Kawih lianna :
Tutunjukan téténjékan, Si Tétéh anteur ka cai,Sieun bugang dina muncang Kokoplak
sayang kadanca Kadanca katindih picung,Cungcurung kawin odéng, Odéng panjang
buntut.
• Prang-pring
Prang-pring-prung,Sabuluh buluh gading,Saunda unda perang Nya perang di
pangadeganTuruné puyuh Hayam jago babaranten Dikencréng-kencréng kucubung
Kucubung kuruwak dugel Mana dugel ka si muntel Telur jalu kembang kuménggér
géyé.
• Eundeuk-Eundeuk Cang
Eundeuk-eundeuk cang lagoni, Meunang peucang sahiji, Leupas deui ku nini,
Beunang deui ku aki
Rakitan kawih lianna kieu :
Eundeuk-eundeuk cang lagoni, Meunang peucang sahiji 'Leupas deui ku nyai
Beunang deui ku santri Leupas deui ku nini, Beunang deui ku aki.
• Pacublak-Cublak Uang
Pacublak-cublak uang,Uangnya manggul lonténg,Butata butiti,Si Tata wara-wiri
Tangsi nona tangsi babah,Si sidin mau kawin,Gamelan jegar-jegur Amil panghuluna
Ta e em ta e em ta e em ta e em ta e em ta.
Rakitan kawih séjénna :
Pacublak-cublak uang,Manggoléntng-manggolanting,Butata butiti,Gembrang-
gembrung,Gembrang-gembrung,Bo e-em, bo e-em.
• Tungtung Kalintungan
“Tong mali, maliatong mendekong,Kayu manis disangkané ora sombong.Sombong
rinci-rinci.Sombong rinci-rinci.Mbok ayu tiang pundi.Pundi tongtak-tongtak.Pundi
tongtak-tongtak.Tung tung kalintungan,Manis kalintung sawuda-wuda wana.Bayem
raja tua tangisono.Titip lendung titip jangkung.Tumurun pangantén anyar.Cir
kuciprak,kadeléh montok.Cir kuciprak, kadeléh montok.”
• Caca Burané
Caca burané,Burané tali gobang.Gobang pancarané.Anak gajah bebayuné.Jing
gojing léwok-léwok.Jing gojing léwok-léwok.
• Tokécang
“Tokécang,tokécang,Moncor ka handapeun palang,Nangtungna patukang-tukang”.
Kawih lianna :
1.Tokécang, tokécang,Balangendir tosblong,Angeun kacang angeun kacang
Sapariuk kosong
2.Tokécang, tokécang,Balangendir tosblong Angeun kacang,angeun kacang
Sapependil kosong
3.Tokécang,tokécang,Malik pendil tosblong,Angeun kacang,angeun kacang
Sapariuk kosong
• Sasalimpetan
Sasalimpetan,Jajahan aing nu panjang héy! héy! Saha nu panjang
• Ambil-Ambilan
- Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil kami mah teu boga incu
- Si Anu kadieu purah nutu purah ngéjo purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé tiguling nyocolan dagé.
Kawih lianna :
- Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil,kami mah teu boga incu,boga gé anak pahatu
- Pahatu gé daék,purah nutu purah ngéjo,purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna,kacugak ku kaliagé
- Aya ubarna urat munding campur ragé tiguling nyocolan dagé.
• Ayang-Ayang Gung
Ayang-ayanggung,gung goongna ramé,ménak Ki Mas Tanu,nu jadi wadana,naha
manéh kitu,tukang olo-olo,loba anu giruk,ruket jeung Kumpeni,niat jadi
pangkat,katon kagoréngan, ngantos Kangjeng Dalem,lempa lempi lempong jalan ka
Batawi ngemplong.
Kawih lianna:
Oyong-oyong bangkong ,kong parakan nyambut,buten buah beunying,nyingsat ka
cawéné,néang nu ngajuru,rungkad sajajagat,gatrik naék munding,dingklak ka
landeuhkeun,keuna kana burang,rangkék naék jambé,béo wliyulah,laha dina bilik,
lika meunang nguseup,seupan leunca ngora,ratib ngan duaan,anteur kami mulang,
langka munding bulé,lédéh kahujanan,nangtung jadi ratu,tuan besar senang,
nangtung ka nu butuh,tutali tumenggung,gung goongna ramé,ménak Ki Wastanu,
nu jadi wadana,naha manéh kitu,tukang olo-olo,loba anu giruk,ruket jeung Kumpeni,
niat jadi pangkat,katon kagoréngan,ngantos Kangjeng Dalem,lempa lempi lempong
jalan ka Batawi ngemplong,plong ka kulon plong ka wétan,tantara Lemah-abang,
bangkong luncat ka sawah,wahon Abdul Wahab,Habib tukang bajigur,Gurka kurang
ajar,jarah ka Batutulis,lisung nini-nini,Nipong tukang tipu,puas dibom atum,tuma
nyaliara,ramé di Jakarta,tara ti sasari,ribut loba Indo,Indonésia Meredéka.
• Pérépét Jéngkol
Pérépét jéngkol,Jajahéan,Kadempét kohkol,Jéjérétéan
• Paciwit-Ciwit Lutung
“Paciwit-ciwit lutung,Si lutung pindah ka luhur.”
Kawih lianna :
“Paciwit-ciwit lutung,Si lutung pindah ka tungtung.”
• Ucang-Ucang Anggé
“Ucang-ucang anggé,Mulung muncang ka papanggé,Diudag ku anjing gedé,Anjing
gedé nu Ki Lebé,Ari gog, gog cungungung”
• Trang-Trang Koléntrang
“Trang-trang koléntrang,Si londok paéh nundutan,Tikusruk kana durukan,Mesat
gobang kabuyutan.”
Kawih lianna :
“Trang-trang koléntrang,Si londok paéh nundutan,Tikusruk kana durukan.Mesat
gobang kabuyutan,Nyéh prot nyéh prot,Nya nyéréh nya kempot.”
• Olé-Olé Ogong
“Olé-olé ogong,Melak cabé di Tarogong Dihakan ku embé ompong Ditéang kari
sapotong.”
• Kalong King
“Kalong king, kalong king,Bapa sia utah ngising,Dibura ku madu ucing. Madu Ucing
meunang maling,Maling ti imah aing.”
• Meuncit Reungit
“Di dieu meuncit reungit,Di dinya meuncit domba.Di dieu beuki leungit,Di dinya beuki
loba.”
Kawih lianna :
“Ka ditu meuncit domba,Ka dieu meuncit reungit,Ka ditu beuki loba,Ka dieu beuki
leungit.”
• Tong Tong Papatong
“Tong tong papatong Dibéré cau sapotong,Ari béak ménta deui,Teup,teup,teup
Ari eunteup jang Si Ujang”
• Pim-Pom Pilem
“Pim-pom pilem jabésé,Sédan beureum ti Jogja,Batu ngampur dikempis,Pisang cau
karonéng,Néngtét bujal di gunung Nungtun sapi keur depa,Parahuna tiguling.”
• Oray-Orayan
“Oray-orayan Luar-léor mapay sawah Entong ka sawah Paréna keur sedeng beukah
Oray-orayan Luar-léor mapay leuwi Entong ka leuwi Di leuwi loba nu mandi Saha nu
mandi
Anu mandi pandeuri Oray-orayan Luar-léor mapay kebon Entong ka kebon Loba
barudak keur ngangon Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi Saha nu mandi
Nu mandi pandeuri.”

26. Luncat Tali

Luncat tali nyaéta kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-
saeutik diluhurkeun.
Dipaenkeun ku 3 urang-leuwih make tali nu panjang, biasana tina bahan nu leuleuy
liat sangkan teu ngabahayakeun atawa tisaringked. Kulantaran iue, biasana tali teh
dijeiun tina karet geulang ditumbu-tumbukeunkeun jadi panjang.Mimiti dua budak
jaga, maksudna nu nyepengan ujung talina ti mulai semet tuur tuluy naek ka luhur ka
semet "taeun" tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu, tuluy diacungkeun ku leungeun.
Cara maenna :
budak nu teu nyekel tali kudu ajleng saluhureun bates tali tea. Keur wates tuur jeung
"taeun" nu ajleng teh teu teu meunang antel kana tali, antel manehna lasut alias
kudu gentenan nyekel tali. Ti mimiti wates bujal ka luhur, nu ajleng meunang antel
kana tali. Beunang oge make tehnik "dikepoh" nyaeta suku kenca meulit kana tali
dipurilitkeun, tuluy disusul suku katuhu ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu
ngajleng tea.
27. Meuncit Reungit

Meuncit reungit nya éta kawih kaulinan barudak anu dikawihkeun bari siduru atwa
kabeneran aya nu keur ngadurukan sampah boh kolot boh budak deui nu keur
ngadurukanna mah, tempatna di buruan imah atawa tukangeun imah nu lega jauh ti
imah tatangga sabab paur bisi kadurukan tépa ka nu séjénna.Ngajauhan hal éta,
kolot biasana ngadurukannana di tempat nu terbuka atawa deukeut jeung cai,
saperti di sisi susukan atawa di tempat nu loba taneuhna saeutik jukutna.Biasana
dilakukeun ku barudak keur waktu peuting atawa magrib saméméh ngaji ka masigit
atawa saméméh solat isa, sok ulin heula bari ngawih ngagugulung kolot atawa
budak séjén nu kabeneran keur ngadurukan sampah pelastik atawa ngahaja siduru
alatan tiris kabulusan, kakawihan ieu dipangaruhan pisan ku kaayaan tempat,
biasana barudak nu cicingna di daérah gunung atawa di sisi laut jarang dikawihkeun
ku barudak nu cicingna di perkotaan.Rakitanana kieu:
Di dieu meuncit reungit,Di dinya meuncit domba,Di dieu beuki leungit,Di dinya beuki
loba.
Kawih lianna :
Ka ditu meuncit domba,Ka dieu meuncit reungit Ka ditu beuki loba,Ka dieu beuki
leungit

28. Ngadu Kaleci

Ngadu kaléci nyaéta kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.


Palaturan
Kaulinan ieu paling henteu kudu dimaenkeun ku duaan. Dibutuhkeun kaleci (pincian)
jang maenkeunana. Hiji pincian jang pamatah nu sejena jang mayar mun eleh.
Ngadu kaleci perlu lahan nu rada lega. Paling henteu saukuran lapangan poli atawa
satengahna. Makana mun maraen pincian teh di pakarangan imah nu lega. Dina
area ngadu kaleci dijieun dua garis nu sajajar. Jarak garis kahiji ka garis kadua
sekitar paling henteu 4 meter.
Cara maenkeunana kieu; 1. Pemain narangtung di garis nu kahiji siap-siap
ngalungkeun kaleci. Tujuan ngalungkeun ngarah kaleci lagragna deukuet ka garis nu
kadua, syukur-syukur pas dina garis (telep). Urutan ngalungkeun mun kakarek maen
biasana diundi make cara sut (gangsut?). 2. Pemaen nu kalecina lagragna pang
deukeutna kana garis maen pangheulana. Di susul ku nu sejena dumasar kana jarak
ka garis. Cara maenekuna make ramo tangan kaleci diarahkeun ka kaleci batur.
Mun beunang budak nu kalecina beunang kudu mayar ku kaleci, oge langsung
ngarah kaleci nu sejena. Hiji. Mun teu beunang nya enggeus ingkeun nungguan bisi
kaleci urang rek diarah ku batur.

29. Ole-Ole Ogong

Olé-olé ogong nya éta kawih kaulinan nu biasana dikawihkeun ku barudak nalika
panén bari laleumpang dina galengan maranéhna nyieun taléot (empét-empétan)
dijieun tina jarami garing.Biasana mun keur usum panén Barudak sok bari olé-oéan
suka bungah jalan galengan mapay sawah bari arulin sok tara balik ka imah lamun
can bérés nyieun taléot mah.Rakitanana kieu :
Olé-olé ogong,Melak cabé di Tarogong,Dihakan ku embé ompong Ditéang kari
sapotong.

30. Oray Orayan

Oray-orayan nya éta kawih kaulinan anu dilakukeun ku barudak nu rék ulin oray-
orayan, biasana saméméh ulin oray-orayan sok silicekel heula taktak .Nu tukang
nyekel taktak nu hareupeunnana jeung saterusna tuluy maju ka kénca ka katuhu
katempona ngaléor siga oray bari ngawih tuluy luar-léor mapayan jalan ngurilingan
budak nu keur jaga jadi guha nepi ka asup salah saurang budak tuluy dititah milih
rék kamana, naha rék milu ka kelompok nu ka hiji guha katuhu atawa rék milih
kelompok nua ka dua guha ka kénca, kawihna kieu:
Oray-orayan Luar-léor mapay sawah Entong ka sawah Paréna keur sedeng beukah
Oray-orayan Luar-léor mapay leuwi Entong ka leuwi Di leuwi loba nu mandi Saha nu
mandi
Anu mandi pandeuri Oray-orayan Luar-léor mapay kebon Entong ka kebon Loba
barudak keur ngangon Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi Saha nu mandi
Nu mandi pandeuri.
Sanggeus kitu, huluna tuluy ngudak buntutna bari disada, "kok, kok, kok, kok".
Kawih liannna :
“Oray-orayan Oray naon,Oray bungka,Bungka naon,Bungka laut,Laut naon,Laut
dipa,Dipa naon,Di pandeuri, ri, ri, ri, ri . . . blos!”

31. Paciwit ciwit Lutung

Paciwit-ciwit lutung nyaéta kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun


nuturkeun paréntah kawih.
Kawihna kieu:
"Paciwit-ciwit lutung, si lutung pindah Ka tungtung" pindahkeun panangan nu asalna
dihandap ka tungtung”

32. Pacublak Cublak Uang

Pacublak-cublak uang nya éta kawih kaulinan anu dikawihkeun babarengan bari
dariuk nu saurang nangkuban tujuanana pikeun teteguhan, biasana barang anu jadi
teguhanna téh nya éta karikil atawa sisikian disumputkeun dina leungeun salah
saurang budak tuluy pada ngarawih, sanggeus ngawih tuluy salasaurang neguh di
saha karikil atawa sisikian ayana,mun kapanggih saha nu nyepeng éta karikil atawa
sisikian berarti gantian budak éta nu nyepeng sisikian anu kudu nagkuban. Dina
sababaraha sumber mah carana téh ampir sarua nya éta barudakna ngariung
saurang baturna nu nyuuh (nangkuban) nu bakal neguh.Nu lianna numpangkeun
leungeunna dikeupeulkeun, salasaurang ngeupeul barang atawa karikil anu rék
diteguh.Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat tuluy neguh, lamun kateguh di saha éta
barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh pikeun neguh.Rakitanana kieu :
Pacublak-cublak uang Uangnya manggul lonténg Butata butiti Si Tata wara-wiri
Tangsi nona tangsi babah Si sidin mau kawinGamelan jegar-jegur Amil panghuluna
Ta e em ta e em ta e em ta e em ta e em...
Rakitan kawih séjénna :
Pacublak-cublak uang Manggoléntng-manggolanting Butata butiti Gembrang-
gembrung
Gembrang-gembrung Bo e-em, bo e-em...

33. Pelak Cau

Pelak cau nyaéta kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-
untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
Cara ulinna hiji budak (biasana nu pangkuatna) nangkeup tihang imah.
Ditukangeunna barudak sejen (bisa 2,3,4,5 jst) nangkeup ka eta budak, biasana
mah budak nu panglembekna aya dipangtukangna. Ieu meureun asal ngaran
kaulinan teh runtuyan budak diibaratkeun rungkun cau. Salian ti 'rungkun cau' ieu,
aya salah saurang budak nu 'jaga' alias dihukum jadi 'patani' nu boga tugas
mindahkeun pelak cau tea.
Nu jaga ieu kudu ngawihkeun samacam kawih uluk panto tuluy nyoba ngabetot
runtuyan barudak nepi ka leupas hiji-hiji mulai nu pangtukangna. Mun aya budak nu
leupas ieu kudu milu jadi balad 'patani' tea, babarengan ngawih jeung nagbetotan
babaturanna nu masih keneh nangkod dina rungkun, pakuat2 we nepi ka rungkun
cau tea beak. Kaulinan ieu, mun barudakna karuat, bisa meakkeun waktu mangjam-
jam.

34. Pim Pom Pilem

Pim-pom pilem nya éta kawih kaulinan anu tujuanana pikeun ngundi.Biasana aya
pamingpinna ti salasaurang barudak (dipilih anu panggedéna),cara maénna
pamingpin ngeupeulkeun leungeun anu kénca tuluy dikatengahkeun.Barudak
séjénna anu ngarariung nurutan, ngeupeulkeun leungeun katuhuna tuluy
dikateungahkeun tuluy pamingpinna ninggangan keupeulan barudak ku leungeun
katuhuna bari ngawih.[Lamun ngawih pamingpinna nepi kana "tiguling", ninggangan
eureun.Budak nu katinggang leungeunna meunang undian.Rakitanana kieu :
“Pim-pom pilem jabésé Sédan beureum ti Jogja Batu ngampur dikempis Pisang cau
karonéng Néngtét bujal di gunung Nungtun sapi keur depa Parahuna tiguling”

35.Prang Pring

Prang-pring nya éta kawih kaulinan anu dipaké ku barudak bari dariuk ngajajar,
atawa ngariung bari nyanghunyar.[Bari ngawih ditepakan, budak nu katepak
panungtung kudu mintelkeun sukuna jadi émok.Biasana ngawih ieu prang-pring téh
sok di téras imah bari ngadagoan hujan raat, atawa ngadagoan kadaharan anu keur
dipasak ku indung salah saurang budak nu boga imah éta.Rakitana kieu :
“Prang-pring-prung Sabuluh buluh gading Saunda unda perang Nya perang di
pangadeganTuruné puyuh Hayam jago babaranten Dikencréng-kencréng kucubung
Kucubung kuruwak dugel Mana dugel ka si muntelTelur jalu kembang kuménggér
géyé.”

36. Perepet Jengkol

Pérépét jéngkol nyaéta kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku
sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.
Nu maenna 3-5 urang, gerakanana engkle bari muter, biasana dipaenkeunna di
buruan imah atawa di sakolaan. Ieu kaulinan bisa jadi lomba mun dipaenkeun ku
sababaraha kelompok. Tiap-tiap kelompok kudu mertahankeun ulah nepi ka leupas
si kakaitan suku teh. Nu meunang nyaeta nu bisa nahan/ lila teu leupas-leupas.
Maenna, tiap-tiap budak milih kelompokna, tuluy patukang-tukang bari pacekel-cekel
leungeun, salajengna suku kenca atawa suku katuhu eta budak dikaitkeun kana
leungeun nu keur pacekel-cekel tea, disusul deui ku suku budak nu sejen, budak nu
pamungkasngaitkeun suku kudu bari ngonci suku-suku nu sejen, meh teu gancang
leupas. Sanggeus dikonci, tuluy leungeun barudak nu pacekel-cekel dileupaskeun.
satuluyna engkle bari muter, salian ti muter bari emprak jeung ngawih. Ngawihna
kieu: "Perepet jengkol jajahean,kadempet kohkol jejeretean". Mun diantara budak,
sukuna aya nu leupas, nya lasut, sedengkeun nu masih kuat mah nya dituluykeun.
Mun kabeneran aya keneh sababaha kelompok nu kuat, kelompok-kelompok eta
patubruk-tubruk; sing saha nu teu bisa nahan tuluy labuh, eta nu eleh.
Kieu kawihna: Perepet Jengkol Laras: Salendro, Surupan 1 = Barang
2 1 5 1 2 1 5 1 1 2 1 5 1 2 2 1 5 1 1 pe re pet jeng kol ja ja he an ka dem pet koh kol
je je re te an

37. Sasalimpetan

Sasalimpetan nya éta kawih kaulinan anu dipaké ku barudak bari ulin pacekel-cekel
leungeun, tapi lobaan ngajajar ka gigir bari posisina dariuk sila nu panghareupna
nangkeup kana tihang atawa barang nu disanhareupanana rék barang naon waé
asal bisa katangkeup.Biasana dilakukeun bari anyang-anyangan lamun nu maénna
barudak awéwé, tapi lamun nu maénna barudak lalaki mah tara bari anyang-anyang,
sakapeung mah sok eméng-eméngan ahir ngawihna téh.Cara maénna nu tungtung
beulah kénca muntang kana tihang atawa tangkal.Bari ngarawih nu pangtungtungna
beulah katuhu leumpang ka beulah kénca dituturkeun ku nu séjénna, nepi ka kabéh
budak leungeunna murilit.Bari murilit ngarawih sasalimpetan nepi ka beunang hiji
budak ku budak séjénna sangkan kapanggih saha nu éléh jeung saha nu meunang,
biasana sok dinyanyikeun ku barudak nu masih leutik kénéh nu umuran sakola TK di
bingbing ku guru TK na séwang-séwangan dibagi kelompok, tapi jaman ayeuna mah
ieu kawih téh sok dinyanyikeun ku barudak nu umuran SD ogé pikeun hiburan di
sakola atawa di buruan imah.Rakitanana kieu :
“Sasalimpetan Jajahan aing nu panjang héy! héy! Saha nu panjang”

38. Sondah

Sondah nyaéta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-


kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
Cara Maenkeuna :
Dipaenkeun ku sababaraha urang 2-10 urang ge kaci. biasana dina taneuh
diguratan heula,rek ku kapur atawa ku naon wae asal aya tapak guratna. Tempat
sondahna naha rek gambar imah,atawa jelema,lamun gambar jelema, minangkana
sukuna teh aya sababaraha petak wangunna pasagi, 3 atawa 5 kotak.Tuluy anderok
atawa calana mun anderok samodel trapesium dibagi dua,mun calana samodel
pasagi panjang sarua dibagi dua, minangka awakna paragi engkle deui, wangunna
pasagi. tuluy sirah mangrupa buleud minangka istirahat.
Aya nu disebut "kojo" biasana tina potongan kenteng.Milih kojo kudu nu hampang
tapi tambleg, kentengna ulah nu kandel teuing. Jadi mun dialungkeun kana kotak-
kotak paragi sondah tea, teu kaluar tina garis. Mun kaluar tina garis, nya lasut.Cara
maenna, ngalungkeun heula "kojo", mimiti mah kana kotak nu kahiji, mun kotak nu
aya kojoan ulah ditincak, kudu diajlengan. budak engkle-engklean (kaci ku suku
kenca atawa suku katuhu) dina suku gambar. Dina lebah anderok/calana kaci
istirahat. tuluy na bagean awak gambar engkle deui, nepi ka sirah gambar istirahat.
tuluy balik deui engkle ti sirah ka awak, tuluy ka anderok/calana gambar, tuluy
engkle deui, pas lebah aya kojo tea nu tadi dialungkeun, dibawa heula kojona, tuluy
engkle deui. mun geus beres, kojona dialungkeun deui kana kotak nu kadua, tuluy
we kitu
puncakna si kojo dialungkeun kana sirah gambar. Mun kojo keur dina sirah, sirah
gambar teu meunang dijejek, sabab aya kojoan. Mun kojo geus dina sirah, tuluy
balik deui kana awak, jeung tuluy deui ka handap. Nepi ka suku gambar nu
panghandapna.

39. Sorodot Gaplok

Sorodot gaplok nyaéta ampir sarua jeung engkle ngan batuna dibawa ku suku bari
leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun.

40. Suten

Suten atawa pingsut nyaéta kaulinan leungeun samodél Rock,Paper,Scissors anu


kawéntar sadunya, ngan pédah dilakukeunana maké ramo.Suten biasa dipaké
pikeun nangtukeun saha anu jadiucing dina kaulinanucing sumput ucing ucingan,jsb.

41. Sermen

Sérmen nyaéta kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun
biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku
pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.

42. Tong Tong Papatong


Tong tong papatong nya éta kawih kaulinan anu dikawihkeun ku barudak lamun rék
ngala papatong.Biasana dikawihkeun bari néangan papatong mawa eupan nyéré nu
maké geutah cau atawa dangdauanan nu geus digeutahcauan mancing papatong
sangkan datang eunteup ka éta daun baheula mah ngalapapatong téh ku awi atawa
nyéré bari digeutahan ngarah napel papatongna teu bisa ingkah jeung biasana ari
dikawihan mah papatong téh sok babari datangna, teu cara ngan diudag-udag
hungkul sok hésé ngalana jeung sok kabur waé, ari kaburna papatong mah sakali
ngapung téh sok jauh pisan ti tempat manéhna eunteup jadi hésé néanganana,nu
matak barudak baheula mah sok ngarawih bari ngala papatong téh.Matak maké
geutah cau téh sabab geutahna téh rapet pisan bisa ogé maké geutah tangkal karét
éta mah bakal leuwih rapet.Cara ngawihkeunana ogé kudu tarik ulah laun, sangkan
papatongana daratang, ngawihkeunna ogé kudu bari leuleumpangan ulah cicing di
tempat, kudu bari néangan, kieu rakitan kawihna:
“Tong tong papatong Dibéré cau sapotong Ari béak ménta deui Teup, teup, teup Ari
eunteup jang Si Ujang.”

43.Tokecang

Tokécang nya éta kawih kaulinan barudak anu dipaké ku barudak bari pacekel-cekel
leungeun duaan-duaan, pahareup-hareup papasangan boh budak lalaki boh budak
awéwé bari dariuk.Nalika ngawih duanana maralik bari murilitkeun leungeunna jadi
patukang-tukang.Biasana ieu kakawihan téh sok dikarawihkeun bari nungguan hiji
hal boh éta mangrupa barang boh jalma nu ditungguannana,tujuanana pikeun
ngaleungitkeun kakesel atawa kakeuhuel jeung ngeusi waktu nu lowong sangkan
ngabubungah sorangan, atawa barudak SD mah ieu kakawihan téh sok dipaké ulin
anyang-anyangan atawa ngeusi waktu nu kosong lamun keur istirahat sakolana,
sakapeung mah sok dipaké lomba atawa pasanggiri kawih kaulinan sunda ku
golongan nu tangtu pikeun tujuan pribadina husus) atawa tujuan umum pikeun
masarakat ngamumulé budayana nu tileum kagésér ku budaya deungeun.Kieu
rakitan kawihna, dikawihkeun bari leungeun nyepeng suku pasangan atawa budak
nu disanghareupanana:
“Tokécang, tokécang Moncor ka handapeun palang Nangtungna patukang-tukang.”
Kawih lianna :
1
Tokécang, tokécang Balangendir tosblong Angeun kacang angeun kacang Sapariuk
kosong
2
Tokécang, tokécang Balangendir tosblong Angeun kacang,angeun kacang
Sapependil kosong
3
Tokécang, tokécang Malik pendil tosblong Angeun kacang,angeun kacang Sapariuk
kosong
44. Trang Trang Kolentrang

Trang-trang koléntrang nya éta kawih kaulinan anu dikawihkeun ku barudak sangkan
hujan raat, ngarawihna babarengan henteu sosoranganan.dina ngawihkeunana
dipingpin ku hiji budak nu pangkolotna, tuluy diturutan ku budak séjénna.Biasana
ngarawihna bari dariuk, atawa keur ngarumpul di tepas jeung téras imah sabari
siduru di hawu atawa sabari ngariung jeung kulawargana, atawa jeung
babaturanana teu kaci lamun ieu kawih dikawihkeunna ku sorangan, cenah mah
hujanna ogé moal raat lamun dikawihkeunna ku sorangan mah jadi kudu ku lobaan
babarengan, sakapeung mah sok dilombakeun ieu kakawihan téh pikeun
sababaraha golongan nu tangtunu reueus kana kabudayaan sunda.Barudak bihari
mah kana kakawihan téh éstuning tarapti pisan, mun rék nanaon ogé sakapeung
mah sok bari ngawih boh keur leumpang, keur cicing komo keur ngalamun mah
malah sok nyiptakeun sisindiran sorangan dina lamunanana.Ieu dihandap aya kawih
kaulinan budak mun keur nungguan hujan sangkan raat kieu rakitanana:
“Trang-trang koléntrang,Si londok paéh nundutan,Tikusruk kana durukan Mesat
gobang kabuyutan.”
Kawih lianna :
“Trang-trang koléntrang,Si londok paéh nundutan.Tikusruk kana durukan.Mesat
gobang kabuyutan.Nyéh prot nyéh prot.Nya nyéréh nya kempot.”

45. Tungtung Kalintung


Tungtung kalintungan nya éta kawih kaulinan anu sarua jeung Pacublak-Cublak
Uang tujuanana pikeun teteguhan, biasana barang anu jadi teguheunna téh karikil
atawa sisikian disumputkeun dina leungeun salasaurang budak tuluy pada ngarawih,
sanggeus ngawih tuluy salasaurang neguh di saha karikil atawa sisikian ayana,mun
kapanggih saha nu nyepeng éta karikil atawa sisikian berarti gantian budak éta nu
nyepeng sisikian anu kudu nagkuban.Dina sababaraha sumber mah carana téh
ampir sarua nya éta barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh (nangkuban) nu
bakal neguh.Nu lianna numpangkeun leungeunna dikeupeulkeun, salasaurang
ngeupeul barang atawa karikil anu rék diteguh.Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat
tuluy neguh, lamun kateguh di saha éta barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh
pikeun neguh.Ieu di handap rakitan kawihna, dkawihkeun sabari dariuk sarua
jeungPacublak-Cublak Uang ngan bédana tina rakitan kawihna ari cara
ngalakukeunna mah sarua.
“Tong mali, maliatong mendekong Kayu manis disangkané ora sombong Sombong
rinci-rinci Sombong rinci-rinci Mbok ayu tiang pundi Pundi tongtak-tongtak Pundi
tongtak-tongtak.
Tung tung kalintungan Manis kalintung sawuda-wuda wana Bayem raja tua
tangisono
Titip lendung titip jangkung Tumurun pangantén anyar Cir kuciprak, kadeléh montok
Cir kuciprak, kadeléh montok”

46. Tutunjukan

Tutunjukan nya éta kawih anu dikawihkeun bari nunjukeun curuk nu


diriungkeun.Tutunjukan ieu dikawihkeun bari diuk ngariung, biasana maén ieu
tutunjukan téh sok di téras imah bari ngadagoan hujan raat, atawa ngadagoan
kadaharan anu keur dipasak ku indung salah saurang budak nu boga imah
éta.Barudak nu ngalakukeun ieu kawih téh sakapeung mah sok bari maén teteguhan
bari teu weleh suka bungah, malah barudak nu cicingna di palemburan mah sok
milih tibatan nonton TV mending kénéh ngawih bari maén ieu tutunjukan, béda jeung
barudak nu cicingna di kota kaulinanana ogé geus canggih nya éta maén game dina
komputer atawa maén PS (Play Station), béda pisan katingalina antara budak nu
cicingna di kota jeung budak nu cicingna di lembur,tapi teu saeutik jaman kiwari mah
budak nu cicingna di lembur ogé sok aya nu maén game dina komputer, matak
jarang barudak jaman ayeuna nu apal kana kawih kaulinan.Ieu di handap conto
kawih kaulinan tutunjukan kieu rakitanana:
“Tutunjukan téténjékan, Si Tétéh anteur ka cai,Ah embung, sieun bugang dina
muncang
Kokoplak sayang kadanca Si paok katinggang picung,Cungcurung ka Cipicung Dél
odél papatong dosol Tinyohnyor.”
Kawih lianna :
“Tutunjukan téténjékan, Si Tétéh anteur ka cai, Sieun bugang dina muncang
Kokoplak sayang kadanca Kadanca katindih picung, Cungcurung kawin odéng
Odéng panjang buntut.”

47. Ucang Ucang Angge

Ucang-ucang anggé nya éta kawih kaulinan anu biasana dilakukeun ku budak atawa
kolot nu keur ngasuh budakna, bari ucang-ucangan diuk dina golodog nu aya
kolongan, sukuna diayun-ayunkeun ka hareup jeung ka tukang ka lebah kolong
handapeun pangdiukan sababaraha kali.Biasana bari ngasuh budak leutik boh adi
boh dulur ku nu ngasuh budak leutik mah tonggong dampal sukuna sok didiukan ku
budak asuhanana, bisana ngolo budak nu hayang jajan indungna teu boga duit,
atawa ngolo budak nu keur ceurik diheureuyan ku batur sok seuri deui ari diucang-
ucangan mah langsung bungah deui, kitu kolot baheula mah ari ngolo budak téh,
béda jeung jaman ayeuna ngolo budak téh geus wé dibéré duit langsung cageur
biasa deui, éléh ku duit mah atawa dibéré eskrim geus wé langsung jempé ceurikna
téh.Barudak nu naék dahan awi ogé sok ucang-ucangan bari ngawih ucang-ucangan
malah aya nu sok bari eundek-eundekan ngaheureuyan nu ngaliwat.Ngawihna kieu :
“Ucang-ucang anggé Mulung muncang ka papanggé,Diudag ku anjing gedé,Anjing
gedé nu Ki Lebé Ari gog, gog cungungung.”

48. Ucing Sumput

Ucing-ucingan nyaéta kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi


ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu
néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Kaulinan ieu (ID.petak umpet) kawentar di mamana, hususna di Indonesia. Nu maen
pangsautikna 2 budak tapi tangtu leuwih loba leuwih rame. Salah saurang budak
kapeto jadi jaga ku cara hompimpah jeung atawa suten..
Cara ulinna, kabeh budak salian nu 'jaga' nyumput/nyamuni sabuni-bunina. Budak
nu jaga boga pancen kudu nimukeun babaturanna ieu. Sacara umum, budak nu
pangheulana kapanggih panyumputanna jadi jaga mun sakabeh budak geus
kapanggih.Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan neangan sesa baturna nu can
kapanggih,bisa oge henteu gumantung aturan maen nu disatujuan samemeh maen.
Aturan maen nu sejenna biasana mah ngeunaan wewengkon (daerah- Bahasa
Indonesia; area-English) nyaeta wates2 panjauhna hiji budak meunang
nyumput/nyamuni teh diatur dina aturan maen teh nu disatujuan samemeh maen.
Mun aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu ngalanggar otomatis ngagantikeun nu
jaga, atawa jadi jaga di ronde saanggeusna mun manehna kapanggih
pangpandeurina.
Variasi :
Aya ogé nu sarupa nyaéta ucing kaléng, ucing jibéh, jeung ucing bancakan.
49. Ucing Ucingan

Ucing ucingan nyaéta kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung
rék ditoél ku nu jadi ucing.
Palaturan :
Ucing-ucingan biasana dipaenkeun ku leuwih ti 2 urang.paraturananan dimimitian ku
undian/hompimpah pikeun nangtukaeun saha ucingna.Budak anu kabagen jadi
ucing kudu ngudag babaturanana sangkan beunang katoel/katepak.aya dua
paraturan nyaeta mun geus beunang katoel ku ucing, otomatis jadi ucing jeung
budak nu jadi ucing samemehna bisa bebas tina tugas jadi ucing.
Paraturan sejenna, mun pareng beunang katepak ku ucing, nu katepak eta otomatis
jadi babaturan ucing, jeung nu ucing memehna tetap jadi ucing tepi ka kabeh anu
miluan ucing-ucingan bisa katewak. mun geus katewak, biasana balikan deui tina
hompimpah.

50. Encrak

Éncrak nyaéta kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem.siki
tanjung, jsb.)
51. Engkle

Éngklé nyaéta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana
taneuh mawa batu.Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu
ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun.

You might also like