You are on page 1of 2

Nama : Fakhri Nur Deharsena

Kelas : XI IPS 1

HAMPURA

Réngsé bébérés kebon di tukangeun imah, awak karasa lungsé, ramo leungeun karasa
singsireumeun jeung rada peurih kualatan tadi mangsa di kebon lila teuing nyepeng pacul.
Sirah mimiti karasa lieur, panon asa beurat rék dibeuntakeun, titingalian kararonéng. Kuring
leumpang nuju ka korsi, maksudna rék néang keur muntang, hanjakal suku geus teu kuat
ngaléngkah. Gebru, awak nyuuh kana téhel, téténjoan poék. Les… Kuring teu inget nanaon
deui.
Panon mimiti bisa mélétét nalika aya sora anu keur ceurik di gigireun kuring, rét kuring ka
gigir, katémbong anu jadi pamajikan keur ceurik bari mencétan leungeun. Kuring reuwas
sabab teu apal kana eusi rohangan, rap leungeun nyampa kana dada, aya sababaraha kabel
napel kana dada, karasa aya selang napel tina irung.

“Abah dimana?” Kuring nanya kanu jadi pamajikan.

“Abah nuju aya di Rumah Sakit.” Sora pamajikan dareuda.

Kuring beuki reuwas, “Naha bet aya di Rumah Sakit, ti iraha Mi?” ceuk Kuring,

“Ti mangkukna Bah, Abah tos 2 dinten di dieu, ti harita nembé gugah ayeuna.” Ceuk
pamajikan.

“Ari barudak kamarana?” Kuring neuteup seukeut.

“Teu acan aya anu kadieu, duanana nuju sibuk di kantorna basa mangkukna ditelepon téh,
minantu oge sami teu tiasa ka dieu, teu aya anu ngajajap cenah.” Ceuk pamajikan bari
ngusapan tarang.

Kuring ukur bisa ngahuleng sajongjongan mah, padahal anu jadi anak téh cicingna teu jauh ti
imah, masih sakota kénéh. Ras inget mangsa maranéhna keur sarakola, kuring rumasa can
kungsi maturan maranéhna nalika aya acara di sakolana, boh dibagi rapot, diwisuda pon kitu
deui nalika maranéhna keur ngiluan pasanggiri dina pangaresepna séeang-séwangan. Kuring
nyibukeun diri ku pagawéan, indit mangsa barudak talibra kénéh, mulang mangsa barudak
geus talibra, panggih jeung anu jadi budak ngan saukur poé minggu wungkul.

Meureun kieu balesanana, kuring teu bisa nyalahkeun anu jadi anak, sabab rumasa lampah
kuring anu salah, méré kanyaah ngan saukur ku dunya.

Karasa cimata maseuhan pipi karasa tepi kana ati, kasedih karasa ngabendung. Ngadadak
dada karasa eungap, ngarénghap geus teu bisa, nyelek tina tikoro. Biwir hayang cumarita
ngan taya sora anu kaluar, sagala sora geus teu kadéngé, saukur panon anu masih kénéh bisa
dipaké mangsa ningali anu jadi pamajikan ceurik bari ngoyag-ngoyag awak, biwirna kawas
anu gogorowokan ngan teu kadéngé naon anu dikedalkeunana. Lila-lina téténjoan beuki
samar, antukna poék, karasa kuring leupas tina raga anu salila ieu dicicingan.

“Bah gugah Bah, tos subuh.” Hawar-hawar kadéngé aya nu nyalukan.

Awak karasa oyag. Koréjat kuring lilir, terus ningali kanu tadi nyalukan. Bréh, katingali anu
jadi pamajikan di gigireun keur ngageuingkeun bari imut. Kuring ningali sabudeureun
rohangan, horéng masih aya kénéh di kamar sorangan.

“Alhamdulillah Gusti, geuning kuring hirup kénéh.” Kuring nyampa pipi, aya nu haneut,
baseuh.

“Bah hayu ka Masjid!” Aya sora ti luar kamar.

Lol anu jadi budak ngelol ka jero kamar, beretek duanana asup, gajleng duanana naék kana
kasur, si Cikal anu kakara kelas 5 SD metot simbut, si Bungsu anu kakara Kelas 1 SD
numpakan tonggong bari ngélékéték sangkan kuring nyaring. Gap duanana digabrug,
dikeukeupan raket pisan.

“Hampura Abah kasep.” Teu karasa cimata maseuhan deui kana pipi, hayang ceurik
sahinghingeun, tapi lain éta jalan kaluarna.

You might also like