Professional Documents
Culture Documents
KAWIH
KAWIH
a. Wangenan
Nalika ngareungeu pangajaran ngeunaan kawih, tangtu ahirna kudu apal jeung bisa
ngabedakeun antara kawih jeung kasenian sejenna. Saperti kakawihan, pupuh, jeung
pupujian.
Dina Kamus Umum Basa Sunda (KUBS, 1995) wangenan kawih nyaeta rakitan
basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Kawih teh lalaguan Sunda bebas, anu
henteu kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Lalaguan pop Sunda
karangan Nano S, Doel Sumbang, atawa nu sok dihaleuangkeun ku seniman calung
Hendarso, eta teh lagu kawih.
Kawih jeung kakawihan ngabogaan sasaruaan nyaeta sarua rakitan sabangsa
dangding anu henteu ngagunakeun patokan pupuh, sedengkeun bedana nyaeta tina
fungsina, mun kawih mah saukur didangdingkeun atawa dilagukeun sedengkeun
kakawihan mah ngabogaan fungsi tambahan nyaeta dipake dina kaulinan barudak.
RMA. Koesoemadinata (dina Soepandi, 1985 : 14) mere katerangan ngeunaan
kawih nyaeta sekar (tembang=kawih), ieu aya dua rupa :
1. Sekar irama merdeka, nyaeta tembang nu panjang pondokna sora jeung wirahmana
sakarep-karep numutkeun raosna priyangga, numutkeun kangeunahan nu tembang
kayaning : tembang buhun rancag, tembang buhun raehan, beluk, kakawen, suluk,
tembang Cianjuran, tembang Ciawian, kakawihan dongeng.
2. Sekar tandak, nyaeta tembang anu ajeg wiletanana, tegesna lolongkrang-lolongkrang
antara wirahma-wirahma sarua sakabehna.
Kadieukeunna kawih jeung tembang dibedakeun. Ari kawih mah dihartikeun sekar
tandak, sedengkeun tembang nyaeta sekar irama merdika atawa lagu swara.
1
b. Conto Kawih
BUBUY BULAN
(Cipt. Beni Corda)
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang
Panon poe, panon poe disasate
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang
Unggal poe, unggal poe oge hade
Reff.
Situ Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
TANAH SUNDA
Tanah Sunda, gemah ripah
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda sawawa sing toweksa
Percaka nyangga darma anu nyata
Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya memang sawajibna
Geten titen rumawat tanah pusaka
POTRET MANEHNA
( Cipt. Nano S )
Potret manehna
Nu katampa minggu kamari
Di piguraan
Di simpen dihade-hade
Anteng diteuteup
Jadi batur dina simpe
2
Aduh endahna
Mapaesan taman hate
Potret manehna, potret manehna
Ditilik, disidik-sidik
Diteuteup, di bolak-balik
Ku manis bae
Potret manehna, potret manehna
Socana, imitna, teuteupna, sagalana
Ngan keur kuring bae
Potret manehna
Wawakil jirim jinisna
Tanda satia
Ngarah kangen salilana
Matri hiji dina ati
Gambar diri jadi bukti
Najan anggang rang patepung
Potret nu digugulung
Potret manehna
MOJANG PRIANGAN
( Cipt. Iyar Wiarsih )
Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri Nyai
Larak-lirik kepat
Mojang Priangan
4
MAKALAH
KAWIH
Diajengkeun pikeun nyumponan tugas mata pelajaran Bahasa Sunda
Ditulis Ku:
AI RISKA
X IPS 3
Panulis
i
6
DAFTAR EUSI
PANGJAJAP ........................................................................................................... i
KAWIH
ii
7