You are on page 1of 2

Biantara "Mieling Kamerdekaan Indonesia"

Bismilaahirrohmanir rohim,
Assalaamualaikum wr. wb..
Hadirin anu kusimkuring dipikahormat, sateuacanna hayu urang panjatkeun puji
sareng syukur ka gusti Allah SWT. Anu atos maparinkeun rahmatna ka urang sadaya dugi ka
tiasa kumpul ditempat ieu. Henteu hilap, shalawat sarta salam urang curahkeun ka Nabi
Muhammad SAW, kulawargana, sahabtna, sareng umatna nepi ka akhir zaman.

Langkung  ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos
masihan waktos kanggo sasanggem dina acara peringatan hari kemerdekaan republik
indonesia anu ka 73 ieu.

Bapa Kapala Sakola, miwah Bapa sareng Ibu Guru, Kitu deui sakumna rerencangan
sakola sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh, Dinten ieu, dina raraga paturay tineung
Alhamdulillah, urang tiasa patepang dina rarangka meling patepang taun kamerdekaan nagara
urang anu ka (...).

Peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang
urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara indonesia. Ku kituna urang, salaku
generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neruskeun perjuangan para pahlawan urang,
ku jalan diajar anu giat ngawujudkeun cita-cita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa
indonesia anu lewih hade ajang kahareupna.

Sajabina ti eta, seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang lakukeun dina rangka mengisi
kemerdekaan ieu. Sapertos, ngajauhan diri tina pangaruh narkoba, jauhan pergaulan bebas,
ngahindarkeun tauran, sarta seeur anu sanesna. Intina, urang sami-sami hayu babarengan
ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu positif sarta mangfaat pikeun diri urang.

Rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, Hapunten anu kasuhun, saupami dina
biantara ieu aya pisanggem anu kirang merenah.

Wassalamualaikum Wr. Wb..


Ngesian Kemerdekaan

assalamualaikum wr. wb.

kapayuneun bapak kepala sekolah anu ku sim kuring di pihormat,


kapayuneun para bapak ibu guru anu sami ku sim kuring di pihormat
oge teu hilap k para rerencangan siswa-siswi smun 1 sukabumi anu di mulyakeun ku alloh.

alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok dina rarangka
mi eling tepung umur kamerdikaan nagara urang anu ka 65.

peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang
kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara anu ayeuna ku urang karandapan.

ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neraskeun perjuangan
para pahlawan urang ku jalan diajar anu soson-soson pikeun nanjeurna kahirupan bangsa
indonesia di zaman anu bakal datang.

sajabina ti eta seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang dilakukeun dina rangka mengisi
kemerdekaan ieu, kukituna ka rerencangan abdi sadaya, hayu urang sami-sami babarengan
ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu mangfaat.

rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, luhur saur bahe sora ulah kirang -kirang
ngahapunteun wabillahi taufik wal hidayah
wassalamualaikum wr.wb. 

You might also like