Ngeunaan tipe jeung gaya kapamingpinan Sunda geus kapanggih dina naskah kuno Sanghiyang Siksa Kandang Karésian anu asli titinggal karuhuntaun 1518 masehi.ieu naskah ditulis make aksara jeung basa Sunda kuno, disundakeun deui ku basa Sunda ayeuna ku Atja jeung Saleh Danasasmita taun 1981. Ceuk éta naskah kaharmonisan pamaréntah téh nyaéta Tritangtu dibumi (3 panangtu(penentu) kehidupan dibumi). Sang Prabu, Sang Rama, Jeung Sang Resi. Sang Prabu mangrupa pamingpin roda pamaréntahan (éksékutif), pamingpin formal, birokrat, pamaréntah anu nyokot kawijakan sarta sakabéh unsure trias politica. Salaku prabu kudu boga palasapah (sikap) ngagurat batu ( wataknya kukuh), nyéta taat jeung patuh ngajalankeun hukum. Sang Rama mangrupa golongan masarakat anu dipikolot minangka wawakil rahayat (législatif), kaasup dijerona pamingpin kulawarga jeung masarakat. Sang rama kudu boga watek ngagurat lemah hartina kudu bisa nangtukeun anu dipaké titincakan (harus bisa menentukan yang akan dijadikan pedoman) nyaéta ngawujudkeun masarakat anu tengtrem. Sang Resi mangrupa golongan masarakat anu tugasna ngaberdayakeun hokum agama, darigama, jeung nagara (yudikatif). Sang Resi diartikeun jalma nu weruh ku elmu jembar ku pangabisa ( banyak ilmunya juga banyak kemampuannya), kudu boga palasipah ngagurat cai hartina bisa nengtremkeun dina keadilan. Jaba ti éta dina éta naskah téh aya palanggeran nyaéta tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman baheula. Sanajan kitu éta palanggeran téh masih bisa dipaké nepi ka ayeuna anu disebutna parigeuing. Pikeun bisa ngalaksanakeun parigeuing, carana kudu bisa ngalaksanakeun heula dasa pasanta nyaéta 10 panengtrem hate. 1. Guna (jelema anu diparéntah kudu ngartieun naon gunana tina anu diparéntahkeun) 2. Ramah (paréntah kudu ditepikeun kalawan wajar, sopan, amis budi) 3. Hook ( paréntah téh karasana kudu nuduhkeun kabisa tur kapinteran anu mere paréntah) 4. Pésok , kapikat haténa (reueus/ bangga ) jadi paréntah kudu anu mikat hate nimbulkeun rasa reueus dina dirina. 5. Asih (maréntah téh kudu pinuh ku rasa nyaah ) 6. Karunya (paréntah karasaeunana saperti rasa kanyaah (karunya) oge kurnia ( kapercayaan) kana kamampuh dirina. 7. Mukpruk (hartina kudu bisa ngalelemu tepi ka ngarasa yén digawé téh lain kapaksa tapi geus jadi tugasna) 8. Ngulas hartina ngajén (maksudna kudu bisa ngasongkeun koméntar kana pagawéan bawahan) 9. Nyecep ( hartina bisa niiskeun piker nu diparéntahna sangkan genaheun pikirna) 10. Ngala angen (hartina bisa narik simpati bawahan). 2. LAKU HADE Aya 12 sipat/ watek hade anu kudu dipibanda ku urang Sunda 1. Emét (kudu saeutik-saeutik hartina henteu konsumtif) 2. Imeut ( tegesna taliti euweuh nu kaliwat) 3. Rajeun ( saharti jeung rajin bisa mangpaatkeun waktu) 4. LEUKEUN (saharti jeung junun getol suhud (tekun)) 5. Pakapradana (hartina sonagar / wantér (tidak malu malu)) 6. Morogol-rogol ( boga karep pikeun maju/ gedé sumanget) 7. Purusa ning sa (miboga jiwa pahlawan atawa nasionalisme) 8. Widagda (tegesna mah wijaksana) 9. Gapitan (nyekel prinsip jeung kayakinan) 10. Karawaleya (balabah bageur jeung resep nulungan ) 11. Cangcingan (boga watek tanginas (gesit)) 12. Langsitan (boga watek rapékan parigel jeung binangkit 3. OPAT PAHARAMAN Nyéta watek atawa karakter anu teu meunang dilaksanakeun nyaéta: 1. Pundungan (teu kaopan / cepat marah ) 2. Barbarian ( gampang kasigeung/ mudah tersinggung) 3. Humandeuar ( hartina luh-lah waé tanda héngkér jiwana jeung putus asa) 4. Kukulutus (beungeut nyanghareup ati mungkir/ disebutna munafik dihareupeun alus tukangeun goréng)