You are on page 1of 8

‫السالم عليكم ورحمة هللا وبركاته‬

‫ وأمرنا بشريعة نسك الحج إلى‬.‫الحمد هلل الذي هدانا إلى اإليمان واإلسالم‬
‫ أشهد أن الاله إالهللا وحده الشريك‬.‫البيت العتيق فى المسجد الحرام‬
‫ الهادي إلى الصراط‬.‫ أن محمدا عبده ورسوله‬.‫ وأشهد‬.‫ّذوالجالل واإلكرام‬.‫له‬
‫ والصالة والسالم على رسول هللا نبينا محمد وعلى اله وأصحابه‬.‫المستقيم‬
.‫ والمسلمات رحمكم هللا‬.‫ فيا أيها المسلمون‬.‫ أما بعد‬.‫المتم ّسكين بالدين القويم‬
‫ة من‬.ِ ‫ والسالم‬.‫أوصي بنفسى وإياكم بتقوى هللا حق تقاته لتفوزوا بالجنة النعيم‬
‫ فصل لربك‬.‫ إنا أعطياك الكوثر‬.‫ قال هللا تعالى في كتابه الكريم‬.‫ األليم‬.‫العذاب‬
‫ إن شانئك هواألبتر‬.‫وانحر‬.
Allahu Akbar. Allahu Akbar la ilaha illallahu Allahu Akbar. Allahu Akbar
Walillahilhamd.
Hadirin hadirat aidin rawuh aidat.
Alhamdulillah, sadaya puji kagungan Allah, rasa syukur urang sanggakeun ka
hadirat Allah anu Maha Rahman sareng maha Rahim tina sagala anugrah, karunia
kalih ni’mat-Na anu kacida pisan seueurna. Shalawat miwah salam mugia dilelerkeun
ka kangjeng Nabi Muhammad saw, rasul akhir zaman anu jadi uswah hasanah pikeun
sadaya manusa.

Poẻ ieu urang babarengan deui, diuk di ieu lapang, di iuhan ku langit anu ngalamuk
biru, seja ngagungkeun Anjeun-Na ku kalimah takbir, tahlil jeung tahmid anu
dilakukeun mareng saalam dunya, ti masyrik tepi ka maghrib handaruan nembus
gunung-gunung, ngambah jomantara nembus langit ping pitu, awor jeung sora ombak
laut anu ting jelegur. Ngageterkeun hatẻ-hatẻ jalma nu ariman, ngaleketeykeun hatẻ-
hatẻ jalma anu boga rasa-rumasa kusabab loba dosa. Nyadarkeun jalma-jalma anu
ngarasa lemah teu daya teu upaya.

Dina poe ieu oge urang ngalaksanakeun ibadah kalayan teu biasa, tata cara ibadah
anu kaluar tina kabiasaan urang sarerea, anu biasana ibadah Shalat berjamaah teh
kudu ajeg, rapet, teu meunang aya jarak atanapi anggang, tur tumaninah, ayeumamah
kudu make protokol,jarakna minimal sameter, jeung kudu make masker, suhu awak
teu meunang leuwih ti 37 darajat. hal hal samodel kieu kadang teu luyu jeung hate,
anu kadang urang asa ngarasa teu afdol dina ibadah, tapi ieu salah sa sahiji bentuk
perjuangan urg salaku umat muslim. anu kudu nyontoan ka masyarakat anu lian yen
tatacara ibadah dina kondisi darurat pandemic ieu kudu di jalankeun supaya grafic
pertumbuhana henteu terus meningkat.

Taun ieu mangrupakeun taun anu paling beurat keur sakabeh umat muslim, teu
pernah kabayang ku urang sadayana, dua bulan campleng urang ngalaksanakeun
shalat berjamaah di imah, euweuh aktivitas anu dilakukeun di masjid iwal ti adzan,
pangaosan di istirahatkeun, umroh ditutup, kitu oge haji, taun ieu umat muslim di
1
urang teu meunang berangkat ka tanah suci, sakola di imah masing masing , malah
urang kudu ngajaga sosial distancing teu meunang deudeukeutan antara hiji jalma
jeung jalma anu lain. teu meunang sasalaman. padahal salah sahiji kakuatan umat
islam aya dina silaturahmi jeung aya dina ukhuwahna. malah sasalaman jadi salah
sahiji anu diparentahkeun ka satiap muslim nalika panggih jeung muslim nu sejena.

‫ان إِالَّ ُغفِ َر لَهُ َما قَب َْل أَ ْن يَ ْفت َِرقَا‬


ِ ‫َصافَ َح‬ ِ َ‫َما ِم ْن ُم ْسلِ َمي ِْن يَ ْلتَقِي‬
َ ‫ان فَيَت‬

“Tidaklah dua orang muslim saling bertemu kemudian berjabat tangan, kecuali akan
diampuni (dosa-dosa) mereka berdua sebelum mereka berpisah.“

Tapi sakali deui hadirin sikep urang nuturkeun tatacara samodel kieuteh lain harti
urang eleh, lemah jeung teu yakin kana katangtuan Allah, justru ieu salah sahiji sikep
hati hati, waspada jeung ikhtiar pikeun milih takdir hadi , tibatan pasrah teu aya
ikhtiar nanaon.

kusabab kitu hayu urang sami sami nahan diri sangakan teu kaluar imah,lamun teu
darurat, ngajaga jarak lamun kapaksa kudu kaluar ti imah,
sabab ieu kondisi lain kondisi biasa, kondisi darurat anu lain ukur dampakna di
bidang kasehatan, tapi geus menjalar kana sagala sektor, salah sahijina sektor
ekonomi. anu dampakna ka urang sarerea. karyawan gajihna dipotong pengusaha
pendapatana anjlok,

Alhamdulillah dina Kondisi ieu, Urang masih keneh Tiasa ngalaksanakeun


ibadah kurban, nyumponan parentah Allah jeung nuturkeun tapak lacak nabi Ibrahim
as. Wujud syukuran kana ni’mat nu teaya wates wangena. Luyu sareng dawuhana-
Na:

‫إن شانئك هواألبتر‬


Hartosna:”Satemena Kami geus mere ka anjeun ni’mat anu kacida pisan
lobana, maka prak geura sarolat karana pangeran anjeun, jeung prak anjeun geura
kurban satemena jalma-jalma anu mikangewa ka anjeun, manehna bakal binasa.” (al
Kautsar: 1-3)

Saderek sadaya, muslimin sareng muslimat.


Nalika ummat Islam di urang keur ngalaksanakeun shalat idul Adha jeung
kurban, sabagian kaum muslimin sakuliah dunya keur ngalaksanakeun ibadah haji di
tanah suci. Ngalaksanakeun shalat idul Adha, meuncit kurban jeung ibadah haji,
tiluanana mangrupa amaliah ibadah ka Allah. Satiap ibadah sok sanajan beda rukun-
rukunna antara nu hiji jeung ibadah sejenna, tapi hakekatna sarua, nyaeta kumureb
atawa ngadeukeutkeun diri ka Allah, ku ngajalankeun rupa-rupa parentah-Na, jeung
ngajauhan cegahan-cegahana-Na, jeung ngalaksanakeun naon anu dimeunangkeun ku
anjeun-Na.

2
Kumawulana satiap muslim dina ngadeukeutkeun diri ka Allah, ngandung
harti jeung konsekwensi tumamprak pasrah kalayan pinuh ku kaikhlasan wungkul
karna Allah ta’ala. Lain kusabab nu sejenna.
Ajaran kapasrahan diri eta nyokona kana tauhid, nyaeta mangeran wungkul ka
Allah jeung henteu nyarekatkeun jeung naon wae oge, nu kudu tumuwuh pageuh
dina jiwa anu fitrah (asli, murni, suci) satiap jalma anu iman kalayan beresih. Allah
ngadawuh dina al-Qur’an:

‫ التبديل‬.‫فأقم وجهك للدين حنيفا فطرت هللا اللتي فطرالناس عليها‬


‫ ذلك الدين القيم ولكن اكثر الناس ال يعلمون‬.‫لخلق هللا‬
(30 :‫) الروم‬
Hartosna:”Mangka sanghareupkeun beungeut anjeun kalayan lempeng kana
agama Allah (tetep dina) fitrah anu geus nyiptakeun manusa numutkeun fitrah eta.
Teu aya parobahan dina fitrah Allah. Eta teh agama anu lempeng. Tapi kalolobaan
jalma henteu nyaho.” (Q.S. al-Rum:30).
Dina diri satiap manusa, eta aya jiwa anu condong kana kahadean, eta nu
disebut fitrah (suci) anu mawa kana kataqwaan, sabalikna aya jiwa anu condong kana
kagorengan, eta nu disebut jiwa fizara. Sakumaha dawuhan Allah anu
hartosna:”Jeung jiwa sarta panyampurnaanana (ciptaanana), maka Allah mere
ilham kana jiwa eta (jalan) kafasekan jeung kataqwaanana. Satemenna untung
jalma-jalma anu nyucikeun jiwana, jeung rugi jalma anu ngotoran jiwana.”(QS.Al-
Syms:7-10).
Ibadah anu ku urang dilaksanakeun, kaasup shalat idul adha, meuncit kurban
jeung ibadah haji, nyuburkeun jiwa kataqwaan. Sakaligus nahan atawa ngadalian
hawa nafsu kagorengan. Kusabab kitu ku shalat idul adha, meuncit kurban jeung haji,
maka kudu aya parobahan perilaku jadi leuwih taqwa. Hate, sikep, ucapan jeung
tindakan urang kudu leuwih taqwa ka Allah jeung leuwih ihsan ka sasama jeung dina
kahirupan sapopoe. Jiwa fitrah nu dihirupkeun ku ibadah bisa nyuburkeun ruhani anu
beresih, sakaligus nahan hawa nafsu anu terus hurung ngagedur dina diri manusa.
Salaku insan anu hirup dina hukum duniawi nuju kana kahirupan ukhrawi anu suci
abadi.
Allahu Akbar. Allahu Akbar walillhilhamd.
Hadirin rahimakumullah.
Ibadah haji jeung meuncit kurban, ngajarkeun jiwa ikhlas. Pikeun nyebarkeun
nilai-nilai kahadean anu utama dina kahirupan satiap muslim. ikhlas mangrupa jiwa
tunduk sacara total sagemblengna ka Allah swt. Anu ngakibatkeun lahirna pribadi
nirpamrih (tanpa pamrih) nalika nyieun kahadean. Jalma anu pribadina ikhlas bakal
bisa ngabebaskeun dirina tina hasrat nafsu sesaat, bari terus nembus wates kana
peran-peran utama anu pinuh ku ma’na, saperti resep tutulung, resep babagi, jeung
empati. Manehna nyieun gawe mulia karna Allah, pikeun kamanusaan sakabehna.

3
Sing saha wae anu ngalaksanakeun ibadah haji atawa kurban dina ritual Islam,
sajatina nyantelkeun peribadahan kalayan niat ikhlas karna Allah, sakumaha
dawuhana-Na:
‫قل إن صالتي ونسكي ومحياي ومماتي هلل رب العـالمين‬
162):‫(االنعام‬
Hartosna: “Pok caritakeun, sayaktosna shalat abdi, ibadah abdi, hirup abdi,
jeung maot abdi mung kanggo Allah pangeran sadaya alam.” (QS. Al An’am:162)
Ajaran kaikhlasan ditujukkeun ku nabi Ibrahim, Siti Hajar, sareng putra
kadeudeuhna Ismail dina kisah kurban. Allah ngadawuh dina surat al-Shaffat:101-
111. Anu hartosna:”Maka kami mere beja anu ngagumbirakeun ngeunaan saurang
anak anu kacida pisan sabarna.
Maka nalika eta budak geus nepi (kana umur manehna sanggup) usaha
babarengan jeung Ibrahim, Ibrahim cumarios:”ujang putra ama, temen ama teh
ngimpi yen ama kudu meuncit hidep. Kumaha pertimbangan hidep? sok emutan ku
hidep!” Ismail ngawaler:”Duh ama, laksanakeun eta parentah, in syaa Allah anjeun
bakal mendakan abdi kalebet jalmi-jalmi anu sabar.”.
Nalika duanana parantos sumerah diri jeung Ibrahim geus ngagolerkeun
putrana dina palipisanana, (geus nyata kasabaran duanana). Terus kami nyeru:”Hai
Ibrahim, satemena anjeun geus ngabenerkeun kana eta ngimpi”, satemena kitu Kami
mere balesan ka jalma-jalma anu nyieun kahadean. Satemena ieu bener-bener hiji
ujian anu nyata. Tuluy kami tebus eta budak ku hiji peupeuncitan anu gede. Kami
abadikeun pikeun Ibrahim eta (pujian anu hade) pikeun jalma-jalma nu bakal datang,
(nyaeta) “kasejahteraan dilelerkeun ka Ibrahim. Kitu kami mere balesan ka jalma-
jalma anu nyieun kahadean.(Q.S. Al-Shaffat: 101-111).
Ayeuna urang kaum muslimin, naha hirup urang leuwih ikhlas? Ujian
kaikhlasan justru aya nalika urang kudu nyanghareupan masalah-masalah anu beurat,
anu teu ngeunah anu ngandung esensi disatukangeunana salaku batu uji kasabaran,
kasyukuran jeung pengabdian nuju kahirupan pinuh ku harti salaku insan nu takwa.

Allahu Akbar. Allahu Akbar walillahilhamd.


Aidin rawuh aidat

Ibadah kurban memang nancebkeun nilai-nilai pengorbanan. Nabi Ibrahim,


Ismail kalih Siti Hajar mere tuladan nu panghadena ngeunaan prakprakan kurban
kalayan pinuh ku katakwaan. Allah ngadawuh:
‫ كذلك‬.‫لن ينال هللا لحومها وال دماؤها ولكن يناله التقوى منكم‬
37):‫سخرها لكم لتكبروا هللا على ما هدىكم وبشر المحسنين(الحج‬
Hartosna:” Daging jeung getihna moal nepi ka Allah. Tapi anu bakal nepi ka
Allah mah mung katakwaan anjeun. Kitu Allah nalukkeunana pikeun anjeun supaya
anjeun ngagungkeun Allah kana pituduh-Na anu dibikeun ka anjeun. Jeung tepikeun
beja anu ngagumbirakeun ka jalma-jalma anu nyieun kahadean. (al-Hajj: 37).

4
Naon hartina, ngan saukur sato kurban lamun dibandingkeun jeung nyawa
Ismail anu kacida dipikacintana. Naha urang ayeuna teu daek kurban ngan saukur
sato ingon-ingon? Kanyataanana kalan-kalan aya jalma anu leuwih mikacinta kana
hartana. Sabagian jalma ngarasa beurat sok sanajan ngan saukur kurban sato.
Kusabab ngitung untung rugina ku duit jeung harta. Padahal kacida luhurna nilai
jeung fungsi tina ibadah kurban boh pikeun nu kurban atawa keur sasama.
Ibadah kurban ngajarkeun harti amal soleh jeung ihsan. Satiap insan anu iman
jeung boga kaleuwihan rizki jeung kapedulian sosial, pasti hayang babagi kasasama
anu butuheun bari tanpa diskriminasi.
Nu beunghar babagi rizki jeung nu miskin. Nu pinter babagi elmu jeung nu
awam, papada jalma silih angkat martabat. Lalaki jeung awewe silih ajenan, silih
hormat jeung silih mulyakeun. Saha nu dibere kakawasaan jeung kakayaan nu leuwih
bari manehna iman, maka kudu rela kurban ka sasama, komo kanu butuheun.
Kabeh didasaran ku spirit pangorbanan anu dasarna ajaran ilahi. Anu
ngalahirkeun tindakan-tindakan berbagi jeung paduli ka sasama jeung mere
pencerahan. Nabi ngadawuh “wallahu fiy ‘aunil abdi ma daama al abdu fiy ‘auni
akhihi”. Yen Allah aya ditengah-tengah para hamba salila hamba-hambana ngabela
sasamana.
Para elit jeung warga di negeri anu ngaku jalma iman di mana wae ayana perlu
nyokot harti hakiki tina ajaran kaikhlasan, cinta jeung pangorbanan Nabi Ibrahim,
Ismail jeung Siti Hajar, hiji model perilaku emas anu nyebarkeun kautamaan pikeun
sakabeh umat manusa.
Ayana sakelompok jalma anu ngawasa mayoritas kakayaan nagara jeung
ngakibatkeun kasenjangan sosial ngarupakeun bukti lemahna jiwa berkorban dina
tubuh bangsa ieu.
Lunturna jiwa kenegarawanan anu ditandaan ku beuki kuatna kabiasaan
ngutamakeun kapentingan pribadi jeung kroni, tibatan kapentingan umum, bisa jadi
kusabab geus ipisna jiwa ikhlas berkorban, salaku payung suci anu diajarkeun ku
para nabi Allah anu beunghar ku sarupaning spiritual ilahiah.
Dina kahirupan ummat jeung bangsa, kacida pisan diperlukeunana jiwa
berkorban anu berbasis iman pikeun nanjeurna bebeneran jeung kahadean, kamajuan
jeung sagala kautamaan. Kaasup pikeun maranehna anu salila ieu nyekel amanat
kakawasaan anu leuwih, pikeun berkorban demi kasejahteraan rahayatna anu masih
aya dina jurang kamiskinan (dhu’afa-mu stad’afin). Tanpa pangorbanan ku jiwa,
pikiran, perasaan jeung perbuatan anu tulus ikhlas ti para elit jeung sakabeh warga
bangsa maka mustahil ngawujud kahirupan anu hade jeung maju dina naungan
baldatun toyyibatun wa robbun gofur.
Allahu Akbar. Allahu Akbar walillahilhamd.
Kaum muslimin kalih muslimat sadayana
Ibadah haji jeung kurban oge ngajarkeun sifat cinta, nyaeta welas asih anu
beresih ka sasama mangrupa wujud cinta ka Allah. Nabi Ibrahim, Nabi Muhammad
sareng para rasul kakasih Allah mraktekeun hirup pinuh rasa kanyaah ka sasama
tanpa diskriminasi. Nabi Ibrahim pernah nyuhunkeun ka Allah supaya ummat nabi
Luth as. Anu doraka henteu di bere azab.
5
Sifat welas asih nabi Ibrahim diabadikan dina al Qur’a:
75: ‫إن ابرهيم لحليم اواه مبين (هود‬
Hartosna:”Satemenna Ibrahim eta bener-bener hiji jalma anu penyantun
karunyaan jeung resep mulang ka Allah (QS. Hud:75)
Para nabi utusan Allah kacida pisan welas asihna. Nabi Muhammad nalika di
baledogan ku batu ku urang thaif waktu hijrah, anjeunna ngaraos kaabotan nalika
malaikat Jibril nawisan supaya maranehna bade dibere azab.
“ ulah, maranehna temen kaum anu can ngarti”, kitu Nabi Muhammad ngabela urang
Thaif.
Dina haditsna anjeunna ngadawuh:”henteu iman hiji jalma sahingga manehna
mikacinta dulurna saperti mikacinta dirina sorangan.(HR. Muslim).
Rahmat Allah oge bakal ngalir ka hamba-hamba anu nyebarkeun kasih saying di
dunya ieu.
Dina waktu ayeuna teu saeutik manusa anu ka keunaan ku virus egoisme,
nyaeta sikep mentingkeun diri sorangan jeung kelompokna. Demi golonganna
sorangan manehna rela ngorbankeun kapentingan sasama anu saiman. Mangpang-
meungpeung boga kakawasaan.
Allah ngadawuh dina alQur’an:
‫اعلموا أنما الحيوة الدنيا لعب ولهووزينة وتفاخربينكم وتكاثرفي‬
‫االموال واالوتاد‬......
Hartosna:” Kanyahokeun ku ajeun, yen satemena kahirupan dunia teh ngan
wungkul kaulinan, heuheureuyan, pelesiran, perhiasan, bermegah-megahan jeung
paloba-loba harta jeung turunan…( QS. Al-Hadid:20)
Aya tilu golongan manusa nu disebut dina surah al Hadid ayat 20:
Kahiji aya nu nganggap yen kahirupan di dunya teh ngan wungkul kaulinan
(laibun), hirup mah tempat jeung kasempetan ulin, pikeun jalma samodel kieu teu aya
nu disebut pangorbanan. Keur naon berkorbann, mening ulin jeung senang-senang,
bila perlu batur nu kudu berkorban pikeun kasenanganana.
Gejala saperti kieu sok loba katenjo, boh dina diri urang, boh di kantor atawa
dimana wae. Malah aya anu dina waktu shalat oge masih ulin (heureuy). Aya oge anu
ulin judi tepi ka poho waktu aya oge jalma nu sapeupeuting ulin teu sare ngadon
ngadu kartu nepikeun ka ngagangu tugasna sapopoe. Diperlukeun pangorbanan
pikeun bisa ninggalkeun atawa ngurangan kalakuan bersenang-senang.
Kadua aya jalma anu nganggap yen dunya teh ukur pelesiran, piknik wisata,
hiburan heuheureuyan teu kudu serieus nu penting mah hepi teu kudu inget ka batur,
nu penting urang senang sorangan. Jalma anu kieu henteu nyaho pangorbanan jeung
kurban.
Katilu aya jalma anu nganggap kahirupan dunya teh wungkul perhiasan jeung
kamegahan. Kusabab kitu manehna ukur usaha ngumpulkeun perhiasan jeung
ngahias. Ngahias awak, ngahias imah, ngahias kendaraan, jsb. Jelema paalus-alus
hiasanna perlambang kamegahan. Awak dihias ngarah jiga ratu, imah dihias ngarah
6
jiga istana, kendaraan dihias ngarah batur serabeun ku mewahna. Jalma kieu lir ibarat
merak anu gawena ngibing (pamer), ngarah di tingali batur. Padahal hirup sederhana
eta pengorbanan pikeun jalma anu kaya, nyumputkeun kamiskinan pikeun jalma
miskin eta pengorbanan. Anu aya jalma beunghar teu bisa lamun teu pamer
kakayaannana, jalma miskin teu bisa nyumputkeun kamiskinanana.
Sabagian jalma anu iman oge ngatas namakeun agama jadi hampang leungeun
milampah kekerasan, jadi leungit sifat welas asihna ka papada jalma. Agama jeung
tapak lacak nabi anu ngajarkeun welas asih, perdamaian ngan ukur aya dina ucap
jeung retorika indah, jauh tina kanyataan. Sakuduna sakabeh ibadah kudu leuwih
ngadeukeutkeun diri ka Allah jeung nyieun kahadean ka sasama, habumminallah
jeung hablumminannas.
Sakumaha dawuhanana:
‫ضربت عليهم الذلة اين ما ثقفوا اال بحبل من هللا وحبل من الناس‬
‫ ذلك بانهم كانوا‬.‫وباءوبغضب من هللا وضربت عليهم المسكنة‬
‫ ذلك بما عصوا‬.‫يكفرون بايات هللا ويقتلون االنبياءبغير حق‬
112) :‫ (ال امران‬.‫وكانوا يعتدون‬
Hartosna:”Maranehna dilimpudan ku kahinaan dimana wae manehna aya,
kajaba lamun maranehna nyekel deleg kana tatali (agama) Allah jeung tatali
(perjanjian) jeung manusa. Jeung maranehna baralik deui meunang kamurkaan ti
Allah jeung marnehna dilimpudan ku kahinaan. Nu kitu teh kusabab maranehna kafir
kana ayat-ayat Allah jeung maehan para Nabi tanpa alesan anu bener. Hal kitu teh
kusabab maranehna durhaka jeung ngaleuwihan wates. (QS. Ali Imron: 112)
Alahu Akbar. Allahu Akbar walillahilhamd.
Jama’ah idul Adha rahimakumullah
Diakhir khutbah ieu hayu urang sami-sami namprakeun dua dampal panangan
neneda kanu maha kawasa, munajat kalayan khusu dibarung ku pinuh pangharepan.
Mugia amal kasaean urang sadaya, shalat idul adha, ibadah kurban ngagaduhan nilai
sarta di tampi di sisi Allah swt. Sahingga engke dina poe qiyamah urang sadaya aya
dina kani’matan kalih ridla mantenna.
‫ والصالةـ والسالم على نبينا محمد وعلى اله واصحابه‬.‫الحمد هلل رب العالمين‬ َ
‫ اللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات األحياء منهم‬.‫اجمعين‬
‫ و يا مجيب‬.‫ إنك سميع قريب مجيب الدعواتـ وقاضي الحاجات‬.‫واألموات‬
.‫ـ وزيادة في العلم‬.‫ اللهم انا نسألك سالمة في الدين وعافية في الجسد‬.‫السائلين‬
‫ اللم حو علينا في‬.‫ ومغفرة بعدالموت‬.‫ وتوبة قبل الموت‬.‫وبركة في الرزق‬
‫ برحمتك يا ارحم الراحمين‬.‫سكراة الموت ونجاة من النار والعفو عند الحساب‬.
‫ ربنا‬.‫ربنا ال تزغ قلوبنا بعد إذ هديتنا وهب لنا من لدنك رحمة إنك أنت الوهاب‬
‫ ربنا تقبل منا‬.‫هب لنا من أزواجنا وذرياتنا قرة اعين واجعلنا للمتقين إماما‬
‫ وتب علينا إنك أنت‬.‫صالتنا وصيامنا وزكاتنا ونسكنا إنك أنت السميع العليم‬
7
‫‪. S‬التواب الرحيم‪ .‬ربنا أتنا في الدنيا حسنة وفي األخرة حسنة وقنا عذاب النار‬
‫سبحان ربك رب العزة عما يصفون وسالم على المرسلين‪ .‬والحمد هلل رب‬
‫‪.‬العالمين‬
‫والسالم عليكم ورحمة هللا وبركاته‬

‫‪8‬‬

You might also like