. من يهد هللا فال مض ّل له.من شرور أنفسنا ومن سيأت أعمالنا ريك,,ده الش,,ه إالهللا وح,,هد أن الال,, أش.ومن يضلل فال هادي له الة,, والص.ده,,بي بع,,وله ال ن,,ده ورس,,دا عب,,هد أن محم,, وأش.ه,,ل حبه ومن,,ه وص,,د وعلى ال,,ا محم,,ول هللا نبين,,والسالم على رس ق,,وى هللا ح,,اي بتق,,يكم وإي,, أوص.اد هللا,,ا عب,, في.د,, أما بع.وااله ا,, ياايه.ريم,,ه الك,,الى في كتاب,, فقال هللا تع.تقاته فقد فاز المتقون ذين من قبلكم,,ا كتب على ال,,يام كم,,الذين امنوا كتب عليكم الص .لعلكم تتقون Allahu Akbar. Allahu Akbar la ilaha illallahu Allahu Akbar. Allahu Akbar Walillahilhamd. Hadirin hadirat aidin rawuh aidat. Alhamdulillah sadaya puji kagungan Allah swt. Rasa syukur kasanggakeun ka manten-Na. Zat anu nyiptakeun langit, bumi jeung sagala eusina. Anjeun-Na anu maha Agung, anu maha Suci anu maha Welas tur nu maha Asih. Poẻ ieu urang babarengan deui, diuk di ieu lapang, di iuhan ku langit anu ngalamuk biru, seja ngagungkeun Anjeun-Na ku kalimah takbir, tahlil jeung tahmid anu dilakukeun mareng saalam dunya, ti masyrik tepi ka maghrib handaruan nembus gunung-gunung, ngambah jomantara nembus langit ping pitu, awor jeung sora ombak laut anu ting jelegur. Ngageterkeun hatẻ-hatẻ jalma nu ariman, ngaleketeykeun hatẻ- hatẻ jalma anu boga rasa-rumasa kusabab loba dosa. Nyadarkeun jalma-jalma anu ngarasa lemah teu daya teu upaya. Sabulan campleng lilana, urang puasa kuru cileuh kentẻl peujit, ngurangan dahar jeung ngurangan sare. Ngalaksanakeun salah sahiji parentah Allah pikeun jalma-jalma nu ariman, euweuh waktu nu kapiceun, beurang peuting, kabẻh dipakẻ ibadah, kabẻh waktu dipakẻ pikeun kumureb ngadeukeutkkeun diri ka Allah swt. Maca qur’an jadi kagiatan unggal waktu, sabab sieun kaasup jalma anu diadukeun ku kangjeng rasul ka Allah kusabab ngamomorekeun al Qur’an anu disebut mahjura (teu merhatikeun kana Qur’an), lamun batur maca Qur’an didẻngẻkeun kalayan tekun diperhatikeun jeung diregepkeun. Diperhatikeun eusina, anu haramna ditinggalkeun anu halalna dilaksanakeun. shalat peuting jadi rutinitas anu tara ditinggalkeun, shadaqah jariah, mẻrẻ mawẻh ka sasama jadi pagawẻan sapopoẻ.
Al Furqan, Ahad 1 Syawwal 1441 H/ 24 Mei 2020 M.
Biwir teu welẻh baseuh zikir kanu maha Agung, ceuli eureun tina ngadẻngẻ anu teu uni, mata eureun ningali anu matak ngaruksak pahala puasa, suku dipak ẻ leumpang kanu kahadẻan, tegesna kabẻh waktu bẻak dipakẻ nẻangan ridla Mantenna. Sepi tina ma’siat, towong tina bohong, waktu adalah ibadah. Ya Allah mugia ibadah abdi ditampi sareng tetep pahala kanggo abdi sadaya. Ayeuna poẻ lebaran, puasa geus tinggal kenangan, balik deui ka asal, balik deui kana fitrah, pahala dibales ku ganjaran anu biasa, leungit kaistim ẻwaanana, rugi jalma anu teu bisa ngamangfaatkeun bulan puasa. lamun Kamari kudu nahan lapar jeung halabhab, ayeuna mah haram hukum na puasa, malah disunnatkeun barang dahar mẻmẻh indit ka lapang pikeun shalat ‘ied. Tapi rẻk untung rẻk rugi nu jelas bulan puasa geus kaliwat, ayeuna tinggal nyorang kahareup. Rek kumaha urang jeung kudu kumaha urang. Sabab urang teu bisa cicing atawa ulah cicingeun, nyanghareupan waktu nu bakal kasorang, lamun urang hayang kaasup kanu jalma anu boga gelar taqwa, sabab kataqwaan henteu bisa diukur ku lobana ibadah dina bulan puasa, lamun teu diteruskeun dina bulan-bulan sẻjẻnna. Hartina naon anu dilakukeun dina bulan puasa kudu aya tapakna sanggeus bulan puasa liwat nepi ka datang deui puasa taun hareupna. فإذا فرغت فانصب وإلى ربك فارغب “Mangka lamun geus beres hiji urusan, maka teruskeun kanu urusan nu s ẻjẻn. Bari tetep mung ka Allah urang miharep”. Lamun puasa ramadhan geus rẻngsẻ, masih aya puasa sunnat, lamun tarawẻh geus rẻngsẻ masih aya shalat tahajud, masih aya tadarus al Qur’an, masih aya infaq jeung sodakoh, ibadah ulah putus gara-gara puasa geus lekasan. Tapi kudu leuwih ningkat jeung konsisten. Puasa ramadhan tẻh kudu mawa kana parobahan anu leuwih alus: Kahiji, puasa Kamari kudu bisa ngarobah urang jadi mu’min anu sajati, nya ẻta mu’min anu boga aqidah anu bener, ibadah anu luyu jeung conto rasul, sarta akhlak anu pinuji. Sabab manusa bakal dinilai ku Allah lain ku sabab loba kanyahona, lan ku pinterna atawa menarik nyaritana, tapi ogẻ kaasup kudu bener niat na, sikepna jeung amalna. Euweuh hartina pinter jeung bageur lamun teu iman, teu disebut iman lamun teu cageur jeung bener, moal meunang pahala lamun teu ikhlash karna Allah. Ngeunaan masalah aqidah, Islam ngajarkeun supaya urang ulah incah balilahan dina nyembah jeung mẻnta, sarta sieun jeung tumamprak atawa pasrah salian ti ka Allah, hiji-hijina zat anu hak disembah, dipuji, dipikasieun jeung dipentaan tulung, ulah pedah Allah teu katingali tuluy teu percaya ka Allah terus teu ngarasa sieun ku Allah, tapi giliran aya wabah corona, anu sarua teu katingali, an ẻh ! bet maranẻhna ngarasa sieun. Sieun kẻnẻh ku virus tibatan kunu nyieunna. Padahal lamun virus wa ẻ makluk anu ngan ukur ngakibatkeun manusa teu bisa ngambekan, Allah mah Zat anu m ẻrẻ alat pikeun ngambekan, Allah anu ngajadikeun paru-paru, Allah anu nyadiakeun oksigẻn kalayan gratis, urang bisa ngarẻnghap rata-rata 16 kali dina waktu samenit sahingga getih urang pinuh ku oksigẻn. 2
Al Furqan, Ahad 1 Syawwal 1441 H/ 24 Mei 2020 M.
Hartina lamun masih kẻnẻh aya dina hatẻ urang, nyangkaruk rasa ayana zat anu pantes disembah atawa dipuja, dipuji, dipikasieun sarta dipẻntaan tulung salian ti Allah, manẻhna kaasup jalma anu moal ditarima sakab ẻh amal kahadẻanana. Saperti kebul di luhureun batu anu leueur, bari katebak angin puyuh, tuluy katinggang hujan ngagebrẻt. Kahadẻan jalma nu kitu moal ditarima ku Allah swt. Alias euweuh gunana. Naha urang teu sieun kaasup jalma anu muflis atawa, nya ẻta jalma anu nyieun kahadẻan tapi teu aya nilaina di payuneun Allah swt. Lir ibarat tukang dagang anu bangkrut beak jeung modal-modalna ?, tong boro mak ẻ kudu nyembah ka salian anjeun-Na, dalah karẻk urang nyieun kahadẻan anu niatna karana hayang dipuji ku papada manusa ogẻ, Allah mah geus moal malirẻ ka manẻhna. Komo deui ieu mah apan bukti, nyembah jeung mẻnta gẻ sanẻs ka manten-Na. tangtu bakal moal dipirosẻana. Kusabab kitu, ulah aya saeutik ogẻ kereteg dina hatẻ urang anu bisa ngaleungitkeun pahala atawa balesan anu disadiakeun di akhẻrat, mangrupa kani’matan-kani’matan anu kacida lobana, ku mẻngparna pamadegan atawa kapercayaan kanu lain-lain. Dina agama urang euweuh dasarna lamun percaya y ẻn tanggal jeung poẻ lahir atawa wedal aya sangkut pautna jeung keberuntungan atawa mawa sial. Kabẻh tanggal alus, kabẻh poẻ alus, euweuh poẻ jeung tanggal anu gorẻng. Kabẻh arah angin euweuh hubunganana jeung parizkian sabab rizki lain ditangtukeun ku imah nyanghreup ka kulon atawa ka wetan, tapi rizki mah sumberna ti Allah. Allah nu nurunkeun hujan, Allah anu ngajadikeun tatangkalan Allah anu ngahirupkeun sasatoan, kabẻh pikeun nyukupan pangabutuh manusa. Lain pẻdah imahna nyanghareup ka kidul atawa ka kalẻr. Moal waka maot hiji jalma lamun rizkina can dibikeun kabeh. Jalma iman teu meunang percaya, yẻn benda mati boga kakuatan gaib. Euweuh kakuatan anu dipiboga ku batu ali, kongkorong, keris, tumbak atawa pakarang naon waẻ. Teu meunang percaya yẻn lamun aya kukupu asup ka imah tanda y ẻn bakal aya sẻmah, lamun aya sora manuk siit uncuing ẻta ciciren yẻn bakal aya anu maot, sora tokẻ bisa mawa sial, jeung sajabana, sabab ẻta kapercayaan lain kapercayaan agama Islam tapi kapercayaan animisme jeung dinamisme kapercayaan agama batur, kapercayaan jaman jahiliyah, anu teu meunang dituturkeun. Anu kudu dijauhan ku umat Islam. Lamun boga masalah, sing yakin y ẻn Allah mah tara kulem, tara istirahat, pasti bakal nguping sagala keluhan urang. Jeung pasti bakal ngabulkeun pamẻnta urang. واذا سالك عبادى عنى فإنى قريب أجيب الدعوة الداع إذا دعان فليستجيبوا لي وليؤمنوا بي لعلّهم يرشدون Hartosna: “ Jeung lamun aya nu nanyakeun ka anjeun (Muhammad), hamba Kami ngeunaan Kami, bejakeun yẻn Kami teh deukeut, Kami bakal ngaijabah pamẻnta jalma-jalma nu marẻnta ka Kami, maka aranjeun kudu ngalaksanakeun
Al Furqan, Ahad 1 Syawwal 1441 H/ 24 Mei 2020 M.
sagala aturan Kami jeung kudu ariman aranjeun ka Kami, supaya aranjeun meunang pittuduh.( QS. Al Baqarah: 186). Sing inget dosa nu pang gedẻna tẻh nyaẻta dosa musyrik, nyarẻkat keun Allah atawa nyaruakeun Allah jeung makhluk-Na. inna syirka ladlulmun adhim. Allahu Akbar, Allahu Akbar wa lillahilhamd. Aidin rawuh aidat. Anu kadua, puasa kudu bisa ngarobah sangkan, ibadah urang bisa leuwih hadẻ, luyu jeung conto rosul, sabab Allah moal narima ibadahna jalma anu teu luyu jeung parentahna. من عمل عمال ليس له امرنا فهو رد Hartosna: Sing saha anu beramal tapi lain ti kami maka pasti bakal ditolakna. Lamun ibadah kudu bener, hartina urang kudu nyaho kana ẻlmuna, kudu ngarti kana seuhseuhannana. Kudu diajar, ngalap ẻlmu. Ngarah henteu kabawa ku sakaba-kaba atawa ngalaksanakeun ibadah mahdoh anu teu aya contona ti nabi. Ibadah mahdoh teu bisa ditambahan jeung dikurangan. Sabab agama Islam geus sampurna, ti jaman nabi mula. Teu aya tata cara ibadah anu teu didugikeun ka ummatna. Teu meunang ngarang atawa dipapantes. اليوم اكملت لكم دينكم واتممت عليكم نعمتي ورضيت لكم الاسالم دينا Hartosna: “Dina poẻ ieu, Kami geus nyampurnakeun pikeun aranjeun agama aranjeun, jeung Kami nyukupan pikeun aranjeun ni’mat kami, sarta Kami ridla Islam jadi agama pikeun aranjeun”.(QS. Al Maidah: 3) Teu meunang ibadah hasil krẻasi sorangan, teu meunang ngamodivikasi ibadah mahdoh, shalat, zakat, puasa, haji, jeung ngurusanan janazah, ziarah kubur, geus aya aturanana anu baku, tapi pikeun ibadah goir mahdoh atawa mu’amalah dunyawiyah, rasulullah maparin kalaluasaan pikeun ngembangkeunanana, luyu jeung perkembangan zaman. Malah umat Islam ditangtang pikeun jadi jalma anu kreatif. Supaya loba guna jeung mangfaatna pikeun jalma anu lian. Ibadah fungsina ngaberesihan hamba tina dosa perdosa, getol ibadah hartina getol ngahapus dosa, getol ngahapus dosa bakal deukeut sareng Allah, lamun dekeut ka Allah, maka sagala kahayangna bakal dicukupan ku Allah. Ti shalat ka shalat jadi kafarat dosa ti ramadhan ka ramadhan kafarat dosa, haji kafarat dosa shadaqah kafarat dosa, zikir ge kafarat dosa, jadi lamun urang getol ibadah, hak ẻkatna urang keur ngahapus dosa-dosa urang. Sabab dosa lamun teu dihapus bakal beuki loba. Lir ibarat kaca eunteung anu katutupan ku kekebul. Beuki lila beuki kotor, antukna kacana teu katenjo nu katingali ukur kebulna.
Allahu Akbar, Allahu Akbar wa lillahilhamd.
Aidin rawuh aidat.
Al Furqan, Ahad 1 Syawwal 1441 H/ 24 Mei 2020 M.
Anu katilu, puasa kudu bisa ngajadikeun urang jadi jalma anu ngabogaan akhlak nu pinuji, sakumaha anu dicontoan ku Rasulullah. Sakuat tanaga urang kudu bisa ngawujudkeun prilaku manusa pinilih, anu hayang tampil pang had ẻna di payuneun Allah swt. Lamun Rasul nyariosna pikanineungeun, jauh tina prasangka, tara nyarios anu kotor, tara linyok jeung bohong, tara gedebul gedẻ wadul, atawa nyarios anu bakal ngajaheutkeun hatẻ batur, atawa nyebut-nyebut kahadẻan sorangan, tara nyaritakeun kagorẻngan batur. Urang ogẻ meureun kudu kitu. Mun nyarita kudu nyarita anu kira- kira bakal nyenang keun hatẻ batur, ulah ngomong padu disada teu paduli batur r ẻk ngeunah atawa henteu, nu penting ka teu genah sorangan geus budal. Ngomong teu makẻ tatakrama, nadana tinggi teu makẻ anggah ungguh, ngomong ka kolot jiga nyarita ka sasama. Lamun ngobrol embung ẻlẻh, bila perlu tambahan ku bohong ngarah diandel, jalma kieu lain, jalma anu lulus puasana, sabab jalma nu lulus puasana mah lamun rẻk ngomong pasti bakal dibeuweung diutah keun heula, supaya ulah ngarugikeun batur oge ngarugikeun dirina sorangan. Jajauheun makẻ kudu ngomongkeun batur, cacak-cacak kudu nyaritakeun kahad ẻan sorangan ogẻ ngaraos lingsem, sieun ngaruksak pahalana, komo bari kudu nyar ẻkan atawa ambek-ambekan mah lain akhlak jalma anu lulus tina puasana. Lamun rasul gaduh gelar al Amin, jalmi jujur tara linyok, tara bohong, tara jalir kana jangji, tara khianat. Meureun urang ogẻ teu meunang nipu, teu meunang ngabobodo, teu meunang nyulayaan jangji, teu meunang khianat lamun geus meunang kapercayaan. Lamun rasul ngagaduhan jiwa pemaaf, meureun urang oge kudu jadi jalma anu berjiwa besar, tara memperbesar masalah, tara neuteuli atawa pendendam, balas dendam. Ngabẻbaskeun kasalahan batur hakẻkatna ngabẻbaskeun jiwa urang tina kasumpek jeung panyakit hatẻ. Lamun rasul ngagaduhan jiwa itsar, resep barang b ẻrẻ dugi keun ka anjeunna ampir teu kabagẻan, atuh minimal urang mah bisa barang b ẻrẻ sabagian tina harta urang. Sok sanajan teu loba, nu penting ikhlas jeung teu miharep balesan sarta teu miharep ucapan terima kasih. Lamun rasul qanaah atawa sederhana, meureun urang og ẻ kudu bisa jadi jalma anu henteu ngarasula, bisa ngeker kahayang, henteu boga rasa sagala kurang, teu resep nganteur kahayang beuteung anu teu seubeuh- seubeuh, teu resep pamẻr kakayaan, Sabab urang mah can nepi makẻ kudu nganggo raksukan tatambalan jiga nabi, teu pernah ngaganjel beuteung ku batu gara-gara teu aya tuangeun. Tuangna nabi luyu sareng pituduh Allah, tara tuang memeh lapar, eureun tuangna mẻmẻh wareg, tara tuang anu subhat, komo anu makruh sareng haram mah. Tara nyẻsakeun tuangeun dugi ka mubazir. Malih nu ragrag ogẻ di candak. Meureun urang ge kudu kitu, ulah makmak mekmek, mangpang meungpeung poho di temah wadi, nu penting mah weureu seubeuh, keun waẻ jadi panyakit ogẻ, ari nu kitu mah barayana syẻtan. Urang diajar bener, sabab urang bakal maot, bakal ninggalkeun alam dunya bakal mempertanggung jawabkeun sagala ni’mat nu tos katampi, bakal mayun ka 5
Al Furqan, Ahad 1 Syawwal 1441 H/ 24 Mei 2020 M.
Allah, ku sabab kitu, hayu parẻntah Allah nu ka dada kaduga urang laksanakeun sakuat tanaga, meungpeung aya umur, meungpeung aya waktu, meungpeung sempet, meungpeung sẻhat, meungpeung aya rizkina meungpeng aya tanaga. Lamun r ẻk nyieun kahadẻan tong di engkẻ-engkẻ. Da geuning umur mah taya nu nyaho ngan sakotr ẻt korẻk api, buktina ramadhan kamari mah, bapa urang, indung urang, salaki urang, pamajikan urang, anak urang, dulur urang, tatangga urang, bareng buka, bareng saur, bareng tarawẻh, bareng shalat di lapang ieu, ayeuna mah pan kari waasna, lamun hayang panggih ge ukur bisa ngado’akeun, ukur bisa ziarah ka kuburanana. Lamun nu jadi salaki, meungpeung aya keneh pamajikan, prak sing had ẻ kanu jadi pamajikan, kudu jadi imam anu bisa mawa kana rumah tangga anu ayem tengtrem, sing jadi salaki anu pinuh ku tanggung jawab, lain jadi salaki nu ngan wungkul bisa nyalahkeun, tapi ogẻ bisa menerkeun jeung ngabingbing, sabab had ẻ gorẻngna kulawarga tẻh apan kumaha pamingpinna. Allahu Akbar, Allahu Akbar wa lillahilhamd. Aidin rawuh aidat. Meungpeung jadi pamajikan, prak sing jadi pamajikan anu taat ka salakina, sabab pamajikan anu shalẻh tẻh nyaẻta pamajikan anu ngarti kana kahayang salakina, anu bisa dibawa senang jeung peurih, lain pamajikan anu loba nungtut jeung loba timburu, anu hayang senangna wungkul. Lamun jadi kolot, prak sing jadi kolot anu boga tanggung jawab, jadi kolot anu amanah, jadi kolot anu bijaksana, jadi teladan, didik barudak sina jadi budak soleh jeung solehah, bẻrẻ conto barudak ku prilaku anu had ẻ, ku kajujuran, kasederhanaan, kasabaran, kabijaksanaan, kawibawaan jeung musyawarah bari handap asor. Ulah mẻrẻ conto curaling, korupsi, boros, gurung gusuh, hayang meunang sorangan, egois embung ẻlẻh, pedengung gedẻ hulu, teu paduli ka batur bari medit. Lamun jadi anak, prak geura hormat tilawat ka nu jadi indung bapa. Tuh tingali budak nu geus euweuh indung bapana, batur mah lebaran tẻh silih gabrug nyuuh dina lahunan indung bapa, manẻhna mah ngan ukur bisa rambisak ceurik bari nyawang mangsa katukang nalika indung bapana masih jumeneng, nineung ku wejanganana, nineung ku kanyaahna, nineung ku pang du’ana nineung ku pangusap kana sirahna. Ayeuna mah ngan ukur bisa ngado’akeun robbigh firli wali walidayya war hamhuma kama robbayani shagira. Ulah jadi budak anu doraka, teu nurut kana papatah indung jeung bapa, indung bapa mah teu ngarep-ngarep hayang dibẻrẻ, geus ningali nu jadi anak cageur, bageur, pinter ogẻ geus bungah, poma ulah ngajaheutkeun manahna, lamun dititah tong sok loba kẻla, lamun dipapatahan tong sok nẻmbal, lamun dicarẻk tong sok neugtreug, lamun aya nu teu panuju ulah nembongkeun semu y ẻn urang keur keuheul, ulah ngomong leuwih tarik tibatan sora indung bapa urang, atawa ngahulag kana kahoyong indung jeung bapa urang ku cara anu kasar. Sabab ridla Allah aya dina ridla indung bapa. Lamun jadi tatangga, prak geura jadi tatangga anu hadẻ anu bisa ngamulyakeun tatangga anu sẻjẻn, anu bisa silih ẻlẻdan, silih bantu, silih talingakeun. 6
Al Furqan, Ahad 1 Syawwal 1441 H/ 24 Mei 2020 M.
Lain jadi tatangga anu teu paduli, tatangga egois, tatangga anu hayang meunang sorangan, heuras beuheung, tukang ngagosip teu kaop ningali batur meunang kabungah ngadon sirik. Naudzu billah. Lamun jadi babaturan, prak sing jadi babaturan anu silih b ẻlaan, silih ingetan, silih ẻlingan, silih ajak kana bebeneran sing jadi babaturan anu babarengan kana jalan ka surga. Lain jadi babaturan anu silih ajak kana maksiat, silih b ẻlaan dina jalan salah, silih tutupan, jeung silih pindingan lamun ngalakukeun dosa. Lamun jadi pamingpin, prak geura jadi pamingpin nu adil, anu bisa m ẻrẻ putusan bijaksana henteu cueut ka nu hideung henteu pontẻng kanu konẻng. Resep narima kritik henteu cadu musyawarah, lain diktator anu sewenang-wenang. Lamun jadi bawahan, prak geura jadi bawahan anu satia, anu bisa ngajaga wibawa atasanana. Lain bawahan anu penjilat asal bapa senang. Alus hareupeun tukangeun mah ngajebian. Lamun pareng jadi guru, prak sing jadi guru nu hadẻ, guru nu ikhlas niatna rẻk ngadidik, supaya barudak jadi jalma anu berguna, bernilai, berakhlak. Lain guru anu transaksional, anu ngajarna ngan saukur saongkoseun teu paduli kumaha kondisi budak nu penting ngajar mẻakkeun materi. Ngagugurkeun kawajiban, nu penting mah meunang gajih teu paduli kana akhlak murid-muridna. Lamun pareng jadi murid, prak sing jadi murid anu teladan, anu hormat ka guruna bari bekerja keras diajar neangan pangarti pikeun pibekeleun hirup jaga. Lain jadi murid kurang ajar. Nganggap ka guru jiga ka babaturan euweuh kasopanan,prak geura teangan karidloan guru insyaa Allah ẻlmuna bakal barokah. Ieu hasil puasa, lamun urang geus lulus puasa tuluy dibuktikeun dina akidah, ibadah jeung akhlak anu hadẻ, in syaa Allah bakal ngajangẻlẻk hiji nagri anu pinuh ku barokah. Sakumaha jangji Allah. َو لو ان اهل القرى امنوا واتقوا لفتحنا عليهم بركاة من السماء واألرض Hartosna: “Lamun mah penduduk hiji negeri ariman jeung taraqwa pasti ku Kami bakal dibukakeun pikeun maranẻhna barokah ti langit jeung ti bumi. Salajengna, hayu urang sami-sami namprakeun dua dampal panangan neneda kanu maha kawasa, munajat kalayan khusu dibarung ku pinuh pangharepan. Mugia amal kasaẻan urang sadaya, di bulan ramadlan sareng saatosna sing ngagaduhan nilai pahala sarta di tampi di sisi Allah swt. Sahingga engkẻ dina poẻ qiyamah urang sadaya aya dina kani’matan kalih ridla mantenna.