You are on page 1of 4

LAPORAN HASIL WAWANCARA TOKOH SUNDA

Disusun ku :
Aurennisa
Dhifaf Althaf
Hana Kaori
Josephine P
Krisna Bayu
Alifian Fadhil

X MIPA 7
2018-2019
PANGANTER

Puji sinareng sukur urang panjatkeun kahadirat Allah swt, anu mana parantos masihkeun
rahmat sareng karuniana, sangkan panyusun tiasa ngabéréskeun ieu pancen wawancara basa
sunda ti ibu guru. Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka
jungjunan alam nyaéta Nabi muhammad saw, teu hilaf ka kuluargina sareng sahabatna sareng
mudah-mudahan dugi kaurang sadayana.
Panyusun sadar réngséna laporan wawancara ieu teh lain ku sorangan, tapi seeur ogé
bantosan ti réréncangan, sangkan kitu panulis ngahaturkeun nuhun kasadaya pihak anu tos
ngabantosan dina ngaréngsékeun laporan ieu.
Kritik sareng saran anu sipatna ngabangun, nyampurnakeun tugas wawancara dina mata
pelajaran bahasa sunda ieu, anu dihareupkeun sangkan leuwih alus, boh dina panulisan boh
dina pamikiran keur nyampurnakeun tugas ieu ka hareupna deui.
Pamungkas, mugia makalah tugas wawancara ieu aya mangpaatna kanggo urang sadayana.
Tangtos wae dina ieu makalah masih seeur keneh kakiranganana.

Bandung, 14 Maret 2019

Panyusun
KASANG TUKANG

Tujuan urang ngalakukeun wawancara ieu sarta ngajadikeunna laporan, yaktos


haturan uninga langkung tebih ngeunaan Aris Kurniawan sarta oge karya-karyana, anu
manawi tiasa dijadikeun motivasi haturan ngahasilkeun karya nyalira dina widang budaya.
Ku kituna urang tiasa ngembangkeun budaya sunda. Serta haturan nyumponan pancen sarta
palajaran nalika sunda.

DIALOG WAWANCARA

1. Naon tujuan didamelna buku ieu?


Disusun kanggo supados ngartos dina sagala rupi anu aya kaitannana sareng kujang
2. Saha waé anu patali dina pembuatan buku ieu?
Anu sareng midamel buku ieu nyaéta narasumber, pamangku adat sunda di
sababaraha wilayah, pelestari sareng pecinta kujang, teras ogé anu ngamumulé budaya
sunda, sarta kolektor tosan aji atanai anu ngumpulkeun pusaka- pusaka sunda.
3. Naon keluh kesah bapa midamel buku ieu?
Anu pang seusahna nyaéta narjamahkeun basa sunda ka basa Indonesia, teras proses
ngadata sareng ngadokumentasikeun.
4. Naon pangalaman anu mawi bapa sukai wanci midamel buku?
Pangalaman anu teu tiasa hilap nyaéta narjamahkeun basa rupa tina kujang janten
basa tulisan, ngadata hasil pamendak mangrupi kujang anu asalna ti sababaraha hiji
wilayah.
5. Nurutkeun bapa, naon mangpaat buku ieu ka balarea?
Menurut abdi, manfaat buku ieu téh mangrupa pangayaan khazanah budaya sunda nu
salami ieu, nu namina budaya téh ngan ukur jadi kanyaho, can jadi élmu.
6. Naha kujang dijadikeun minangka objek panalungtikan di buku ieu?
Salami ieu kujang dianggepna téh paranti alat babantu jeung senjata, teu acan aya
kajian kujang anu dumasar kana akar budaya sunda (sains)
7. Iraha buku ieu didamel?
Buku ieu dirancang ti panilitian ti taun 2005 nepi ka 2012 & 2013
8. Jabi nu nulis buku, abdi dangu bapa ogé minangka dosen. Dosen dibidang naon
sareng ngajar ti mana?
Abdi ngajar di Prodi Desain Komunikasi Visual (DKV) PSRD ITENAS Bandung.
9. Naon anu ngadorong bapa janten dosen téh?
Anu ngadorong abdi janten dosén nyaéta babagi pangalaman jeung pangarti.
10. Naon hobi bapa?
Hobi abdi mangrupi ingon-ingon lauk di balong.
11. Apakan bapa gaduh rencana kanggo midamel buku sanes?
Aya, nyaéta nyusun buku paradaban sunda, sareng buku implémentasi pancasila.
NARASI

Bapa Aris Kurniawan janten narasumber mangrupakeun jalmi anu nulis buku nu judulna
“Kajian Filosofis dan Simbolis KUJANG”. Buku ieu teh dirancang ti panilitian ti taun 2005 nepi ka
2012 sareng 2013. Seueur anu patali dina pembuatan buku ieu, nyaeta narasumber, pamangku adat
sunda di sababaraha wilayah, anu ngamumule kujang sareng budaya sunda, Pecinta kujang, sarta
kolektor tosan aji atanai anu ngumpulkeun pusaka pusaka sunda. Buku ieu oge didamel Kalawan
tujuan kanggo nu maos ieu buku teh ngartos dina sagala rupi anu aya kaitanana sareng kujang.
Dina midamel ieu buku bapa Aris ngagaduhan keluh kesah sareng pangalaman anu teu tiasa
hilap. Keluh kesahna dina midamel buku anu nyaritakeun kujang ieu teh aya di wanci narjamahkeun
basa rupa tina Indonesia ka Basa Sunda, teras proses ngadata sareng ngadokumentasikeun. Nanging,
ieu oge mangrupakeun pangalaman anu teu tiasa hilap kusabab anjeunna meunangkeun elmu sarta
pangalaman nu berharga.
Kujang teh dijadikeun ku anjeunna minangka objek panalungtikan dibuku ieu kusabab kujang
salami ieu dianggepna ngan saukur paranti alat babantu jeung senjata, teu acan aya kajian kujang anu
dumasar kana akar budaya sunda (sains). Margi eta oge anjeunna ngaharepkeun buku ieu jadi
mangpaat ka balarea minangka pangayaan khazanah budaya Sunda nu salami ieu ngan ukur jadi
kanyaho, teu acan jadi elmu.
Jabi nu nulis buku, Bapa Aris oge minangka dosen anu ngajar Prodi Desain Komunikasi
Visual (DKV) PRSD ITENAS Bandung. Perkawis anu ngadorong anjeunna jadi dosen teh supados
tiasa babagi pangalaman. Nanging, anjeunna kagungan hobi anu benten teu aya hubunganana sareng
profesina nyaeta ingon-ingon lauk di balong. Jabi pembahasan hobi, anjeunna gaduh rencana kanggo
midamel buku sanes, nyaeta nyusun buku peradaban sunda, sareng buku implementasi pancasila.

LAMPIRAN

You might also like