You are on page 1of 8

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Manusa mangrupa mahluk sosial, hartina teu bisa hirup sorangan, tapi butuh jalma
séjén pikeun kahirupan. Ku kituna, manusa hirup dina hiji kelompok anu disebut masarakat.
Dina hirup kumbuh sapopoe masarakat mibanda media komunikasi anu disebut basa. Sipat
basa anu arbriter tangtuna wae mere kasempetan pikeun manusa ngebrehkeun dina rupaning
wangun kalimah. Basa minangka alat utama dina nyarita teu bisa leupas dina kahirupan
masarakat. Dina enas-enasna basa teh ngalaman parobahan luyu jeung jaman.
Basa di masarakat mibanda pola anu tangtu, dina harti aya bagbagan cara pikeun
ngagunakeunna, kaasup basa Sunda. Basa Sunda di jaman ka jaman ngalaman parobahan. Ti
mimiti diwangun ku lima tingkatan basa, tilu tingkatan basa, nepi ka kiwari jadi dua tingkatan
basa. Tetela gening basa teh milu robah luyu jeung robahna jaman.

1.2 Rumusan Masalah

Masalah nu dipedar perlu ditalungtik dina wangun patalékan. Ku kitunaa ieu masalah
diwincik dina wangun patalékan sapeti dihandap ieu.
1) Naon patalina basa jeung masarakat?
2) Kumaha etika makena basa Sunda?
3) Kumaha basa Sunda di Baduy?
1.3 Tujuan
1) Pikeun mikanyaho patalina basa jeung masarakat
2) Pikeun mikawanoh etika ngagunakeun basa Sunda
3) Pikeun mikanyaho basa Sunda di Baduy
BAB II

EUSI

2.1 Wangenan basa

2.2 Basa jeung Masarakat

Masarakat salaku pamake basa sacara sadar atawa teu sadar ngalakonan proses berbahasa dina
kahirupan sapopoena. Kulantaran kitu, basa bisa jadi media pameungkeut anggota-anggota
masarakatna jadi hiji masarakat anu punjul. Loba istilah umum atawa husus anu muncul dina hiji
pakasaban jeung dina widang elmu pangaweruh nu tangtu nu mibanda fungsina pikeun nyumponan
kabutuhan berbahasa. Basa mangrupa media anu penting dina kahirupan masarakat. Urang kudu
yakin tur tambah kaimanan lantaran basa teh mangrupa bukti kakawasaan Allah Swt., mun tea mah di
dunya teh taya basa bakal pikumahaeun. Kulantaran kitu urang kudu sukur kana kanyaah-Na. Salah
sahiji cara sukur nya eta ku cara ngamumule basana sewang-sewangan.

Jadi bisa disebutkeun yen basa teh teu bisa dipisahkeun ti masarakat. Kaayaan anu hiji
mangaruhan kana kaayaan anu sejenna. Masarakat dina prakna ngagunakeun basa mibanda tetekon
anu tangtu saperti adat kabiasaan, norma, ajen, jeung rupaning aturan sejenna anu disapukan ku
sakumna masarakat/anggota masarakat pikeun dipake tur dilarapkeun dina kahirupan sapopoe.
Masarakat mibanda tetekon berbahasa lantaran jadi hiji titincakan pikeun sosialisasi jeung masarakat
liana. Kaasup dina proses nepakeun ka turunannana. Eta tetekon teh diajakeun ku kolotna ka budak-
budakna saeutik-saeutik sangkan bisa ngalarapkeun dina kahirupan. Unggal aya anu mahiwal, tangtu
bakal digenggeureuhkeun, diingetan, nepi ka dihukum sosial luyu jeung parah-henteuna ngalakukeun
kasalahan berbahasa.

2.3 Etika ngagunakeun basa Sunda

2.3.1 Bagbagan makena basa Sunda

Basa (Sunda/Indonesia) teh mangrupa salah sahiji sitem anu silih patula-patali antara sistem
sora basa, sistem tata basa (tata wangun kecap jeung tata kalimah), tata ma’na, jeung pembendaharaan
kecap. Parigelna jalma ngagunakeun basa dimana eta jalma bisa ngawasa sakumna sistem basa.
Kaparigelan basa teh ngawengku opat kaparigelan basa, nya eta kaparigelan ngaregepkeun atawa
maham basa lisan, kaparigelan nyarita, kaparigelan maca atawa maham basa tulis.

2.3.2 Tujuan Diajar Basa Sunda

Fungsi basa Sunda nu pangpentingna nya eta keur komunikasi. Tegesna nya eta keur nepikeun
eusi pikiran, rasa, kahayang, jeung sarupaning pamaksudan anu sejenna ku sistem lambing sora anu
arbriter. Jadi tujuan pangajaran basa anu kudu kahontal teh sangkan peserta didik atawa masarakat
umum maher, bisa ngagunakeun basa Sunda, kayaning maca, nulis, ngaregepkeun, jeung nyarita. atuh
dina proses pangajaranna oge, pamarekan atawa approach anu dipakena nya pamarekan anu
komunikatif, lain pamarekan anu ngutamakeun pamarekan tata basa atawa pangaweruh ngeunaan
strukur basa anu sifatna tioritik.
Nurutkeun Karna Yudibrata (1990, 34), pangajaran pragmatik nya eta proses diajar jeung
latihan makena basa Sunda sangkan peserta didik atawa masarakat maher tur tapis ngagunakeun
basana. Boh basa lisan atawa basa tulisan anu luyu jeung kontek katut situasina.Unggal basa anu
dipake ku panyatur atawa ku pangarang ( nu nulis) salawasna kapangaruhan ku rupa-rupa factor.
Upamana wae faktor etika atawa tatakrama anu bakal nangtukeun pilihan kalimat anu bakal
dilisankeun atawa dituliskeun ku para panyatur basa Sunda.

2.3.3 Faktor-faktor nu Milu Nangtukeun Pilihan Laku Basa

Unggal-unggal lakubasa (language act atawa speech event) anu dipilih ku para
panyatur/pangarang salawasna kapangaruhan ku rupaning faktor saperti ieu di handap:

a. saha nu nyarita/nu nulis, saha nu dibawa nyarita, jeung saha nu dicaritakeun;


b. keur naon tujuanna;
c. dina situasi nu kumaha (tempatna di mana, waktuna iraha);
d. naon mediana (paadu teuteup, telepon, surat, kawat, buku, koran, jeung rea-rea deui);
e. dina kajadian anu kumaha (paguneman, biantara/caramah, upacara, laporan, lamaran
pagawean, ebrehan kadeudeuh, jsb).

Dey Hymes (1972) dina (Karna Yudibrata, kc. 36) ngagambarkeun ayana dalapan faktor
utamana (components of speech) anu mangaruhan pilihan laku basa anu akronim aksara awalna dina
basa Inggris disusun saperti ieu di handap (SPEAK-ING):

Setting and Scence

Participants

End, purpose and goal

Act sequences

Key, tone or spirit of fact

Instrumentalities

Norms of interaction and interpretation

Genres

Tangtu bae faktor-faktor di luhur bisa diwuwuhan leuwih jembar nepi ka bisa dipasing-pasing
aya laku basa:

a. kahirupan sapopoe;
b. media masa (buku, majalah, surat kabar);
c. kapustakaan;
d. kasenian;
e. adat istiadat;
f. agama;
g. pamarentahan, jrrd.
Pangdeudeul kamaheran milih laku basa anu merenah tangtu bae ngawengku kamampuh
lafal/ejaan, struktur, kandaga kecap, nyarita, nulis, ngaregepkeun, jeung maca. Lian ti eta, aya
sawatara aspek anu kaasup kana pragmatic, nya eta:

a. aspek sosialisai basa;


b. aspek intelektual;
c. aspek emosional;
d. aspek informasi faktual;
e. aspek ngarengsekeun hiji hal;
f. aspek moral.

Tina genep aspek di luhur, bakal katiten kagiatan prakmatik teh mangrupa kagiatan:

a. ngagunakeun basa lisan atawa tulisan keur nyumponan tujuan utama ngayakeun komunikasi
ajeung jalma sejen, upamana bae:
- biantara/nyaritakeun perkara kaayaan sakola di hareupeun guru;
- biantara/nyarita milu bungah dina kalulusan
- biantara/nyarita milu sedih (bela sungkawa ka nu papatenan)
b. nepikeun informasi faktual ka saluhureun, saperti nyarita ka guru ngeunaan babaturan anu
gering parna teu bisa indit ka sakola;
c. ngagambarkeun suasana rasa dina kahirupan sapopoe saperti:
kanyaah, kadeudeuh;
kaendahan;
kasedih, katunggara;
kaadilan;
kahayang, pamadegan;
kareuwas;
kacangcaya;
sukur;
gumbira;
karesep;
kaijid;
kahemeng;
kayakinan, jsb.
d. ngagunakeun kecap-kecap panyambung: atuda/atuh da, geuning, paingan, singhoreng, jsb.

Tétéla pragmatik teh intina mah ngajarkeun kamampuh milih wangun basa boh lisan boh
tulisan anu luyu jeung kaayaan nyata makena basa, katut kamampuh ngahartikeun/ngama’naan
wangun basa jeung situasina.
2.3.4 Ambahan Bagbagan Makena Basa

Pragmatik ngawengku élemén-élemén anu komunikasi omongan anu lega ambahanna (scope-
na) saperti ieu di handap:

a. deixis, deiksis nya eta hal atawa fungsi anu nuduhkeun nanaon diluareun basa; contona kecap
panuduh jeung kecap gaganti miboga fungsi deixis.
Deixis bisa dipasing-pasing jadi: person deixis, time deixis,place deixis, discourse deixis,
jeung sosial deixis.
b. conversational implicature, implikatur konversasi nya eta bagbagan milih kecap atawa
ungkara kalimah, upamana wae metafora bakal ngagunakeun kecap atawa ungkara nu beda
keur kecap atawa objek anu beda, dumasar kana babandingan atawa sasaruaan. Contona:
indung bapa, indung beurang, indung kesang, indung peuting, indung leungeun, indung kolot,
jrrd. Tangtu bae bakal dumasar kana “kias” kecap indung nu hartina awewe pamajikan hiji
salaki anu bisa ngalahirkeun.
c. presupposition, presuposisi mangrupa perkiraan atawa panyangka anu aya patalina jeung
kamustahilan bisa kajadian (defeasibility), masalah proyeksi atawa nonjolkeun hiji hal, jeung
rupa-rupa katerangan nu ngajentrekeun.
d. speech act, salawasna kapangaruhan ku faktor-faktor SPEAKING.
e. conversational structure, struktur paguneman adeganna bakal beda-beda gumantung kana
faktor SPEAKING.

2.3.5 Conto Bahan Bagbagan Makena Basa

- Aspek Sosialisasi

(Menta ijin ka kepala sakola, yen isuk moal bisa sakola lantaran rek indit ka Jakarta
ngalongok nu gering paying)

- Aspek Intelektual

(Netelakeun pasti-henteuna hiji hal ku jalan nataan ciri-cirina)

- Aspek Informasi Faktual

(Netelakeun informasi nu saujratna luyu jeung kanyataan)

- Aspek Ngarengsekeun Hiji Hal

(Netelakeun hal anu kudu direngsekeun)

- Aspek Moral

(Netelakeun sikep nu ngahargaan laku hade)


2.4 Conto basa Sunda di Baduy

2.4.1 Basa Sunda Baduy

Masarakat Désa Kanékés Kecamatan Leuwidamar Kabupatén Lebak-Banten dina sapopoé


ngagunakeun basa Sunda dialék Banten subdialék Banten Kidul. Basa Sunda dialék Bantén rada béda
jeung basa Sunda Priangan, misalna baé dina kecap jaro nu hartina dina basa Sunda Priangan mah
hartina kuwu (lurah). Basa Sunda dialék Banten ditilik tina lentongna ogé béda jeung lentong dialék
Priangan. Sakumaha nu ditétélakeun ku Mangoendikaria (2014 kc. 11) yén basa Sunda sanajan saasal,
tapi miboga ciri jeung lentong nu béda dumasar kana wewengkonna. Éta hal ilaharna sok disebut
dialék, kitu deui basa Sunda nu hirup di Banten.

Conto kalimat dina basa Sunda dialék Banten Kidul:

+ : “Héh, dia manggih éwé aing?” - : “Héh, pan éwé dia di imah RT saminggu” Lamun di kana
basa Sunda Priangan: + : “Manéh manggih pamajikan kuring?” - : “Éh, pamajikan manéh téh di imah
RT saminggu”

Kalimah séjénna:

+ : “Héh, iraha dia lulus sakola?” - : “Sataun deui doangna Ka” + : “Tangéh kénéh jasa horéngan héh”
Lamun di kana basa Sunda Priangan: + : “Iraha manéh lulus sakola téh?” - : “Sataun deui sigana
Kang” + : “Lami kénéh pisan geuning”

Cindekna masarakat Désa Kanékés (Baduy) dina kahirupan sapopoéna ngagunakeun basa
Sunda dialék Banten subdialék Banten Kidul. Basana jeung lentongna rada béda saeutik jeung basa
Sunda dialék Priangan.
BAB III

PANUTUP

3.1 Kacindekan

Masarakat salaku pamake basa sacara sadar atawa teu sadar ngalakonan proses berbahasa dina
kahirupan sapopoena. Kulantaran kitu, basa bisa jadi media pameungkeut anggota-anggota
masarakatna jadi hiji masarakat anu punjul. Jadi bisa disebutkeun yen basa teh teu bisa dipisahkeun ti
masarakat. Kaayaan anu hiji mangaruhan kana kaayaan anu sejenna. Masarakat dina prakna
ngagunakeun basa mibanda tetekon anu tangtu saperti adat kabiasaan, norma, ajen, jeung rupaning
aturan sejenna anu disapukan ku sakumna masarakat/anggota masarakat pikeun dipake tur
dilarapkeun dina kahirupan sapopoe.

Etika dina ngagunakeun basa Sunda dumasar kana sawatara hal diantarana nya eta laku basa
(language act atawa speech event). Laku basa anu dipilih ku para panyatur/pangarang salawasna
kapangaruhan ku rupaning faktor saperti saha nu nyarita/nu nulis, saha nu dibawa nyarita, jeung saha
nu dicaritakeun, keur naon tujuanna, dina situasi nu kumaha (tempatna di mana, waktuna iraha), naon
mediana (paadu teuteup, telepon, surat, kawat, buku, koran, jeung rea-rea deui), dina kajadian anu
kumaha (paguneman, biantara/caramah, upacara, laporan, lamaran pagawean, ebrehan kadeudeuh,
jsb).

Jadi dumasar kana pedaran di luhur bisa dicindekkeun yen etika dina ngagunakeun basa Sunda teh
bisa katiten din acara nepikeunnana. Anapon bedana antara ngagunakeun basa Sunda di daerah
Priangan jeung Banten leuwih kana dialek.
DAFTAR PUSTAKA

Yudibrata, Karna. (1990). Bagbagan Makena Basa Sunda (Cetakan kadua). Bandung: Rahmat
Cijulang.

Rusyana, Yus. (1984). Bahasa dan Sastra dalam Gamitan Pendidikan (Cetakan ka hiji). Bandung:
C.V. Diponogoro.

Kartomiharjo, Soeseno. (1988). Bahasa Cerminan Kehidupan Masyarakat. Jakarta: Departemen


Pendidikan dan Kebudayaan.

Kusaeri, Muhamad. (2017). Kapamalian di Desa Kanekes Kecamatan Leuwidamar Kabupaten Lebak-
Banten (Ulikan Etnopedagogik). Skripsi Sarjana di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah
FPBS UPI. Bandung: teu diterbitkeun.

You might also like